Lembur Kuring Karang Pamidangan

August 27, 2008

CARPON NU ELEH TANDANG

NAAAAA……ARI….NANI…

Poe Senen, di jurusan harita teh, kuring keur jongjon maca buku. Jol Si Nani sobat kuring ti keur jaman SMA keneh, biasa siga nu riweuh.
“ “Cilaka…Cilaka Rani! Cilaka siah urang mah ! “ Datang- datang meni hariweusweus, baku si eta mah ari geus kitu teh, boga sifat teh teu bisa kalem, matak ku barudak reguler mah dilandihna ge si euceu ribut.
“ Cilaka kunaon Nan? “ tembal teh bari anteng maca buku. Buku ku manehna dijewang, “ Dengekeun siah Rani ari urang keur ngomong teh! Dengekeun, tuluy pangmikirankeun!” ngomongna kitu teh bari teu sirikna popolotot, gek diuk gigireun, derekdek ngomong bari pepeta.
Daek geulis, kuring bingung ngabandunganana. Eta tuda ngomongna teh bangun nu rusuh, jadi teu puguh naon dengekeuneunana, jeung siga nu ambek deuih.
“ Nani, cik atuh nu bener ngomong teh, sing beres entep seureuhna, ngarah puguh ngabandunganana!’ cekeng daria.
“ Ih ari Si Astahiam! Na saha nu ngomongkeun tukang seureuh? Sugan teh ente bener-bener ngadengekeun!” kalah ka nyorongot dibejaan teh
“ Ah maneh mah Nan, panyakit saliwang teh dikukut wae!. Lain ngomongkeun tukang seureuh tapi maksud urang , ari ngomong teh kudu merele, susun ti mimiti kalayan imeut. Ngarti teu?” kuring rada nyeuneu.
“ Euuhhh sugan teh, kieu atuh Rin ari hayang jelas mah. Derekdek manehna ngadongeng.” Kamari nilai UAS dibuka. Urang kaget, mata kuliah psikologi jeung filsafat nilaina BL. Rani maneh ngontrak henteu mata kuliah eta?”
“ Ohh eta mah atuh MKDU. Pan enggeus urang mah semester kamari! Tuluy kumaha geus kitu?”
“ Nya ku urang ditanyakeun we ka Pa Alif dosen psikologi jeung Pa Burhan dosen Filsafat. Ceuk Pa Alif heueuh cenah aya tugas nu can asup, rumasa eta mah urang oge. Ngan palebah nanyakeun ka Pa Burhan dosen filsafat, urang kalah ka dicarekan bebeakan. Padahal urang nanyakeun teh, heueuh hayang nyaho we, da rarasaan asa teu boga masalah dina filsafat mah. Tapi naha nilai bet BL. Ari pok teh ceuk Pa Burhan , bongan niron cenah dina ujian! Kapanggihna teh waktu ningali hasil ujian urang, sarua pisan jeung Si Rudi. Malah Si Rudi oge anu pinter sarua dibere BL. Rumasa urang ge lebah dinya mah. Ah Ente ge ngarti meureun Ran!’ Si Nani meni lumengis.

“ Nani…Nani… ari maneh kalakauan teh bet teu euih-euih? Cik atuh jeung Pa Burhan mah ulah loba neangan masalah! Pan geus nyaho Pa Burhan mah beda jeung dosen nu lain! Taliti pisan. Da sigana kabeh pagawean mahasiswa ge ku manehna mah dipariksana nepi ka titik-titikna!”

“ Nyeta atuh Rin, teu sangka bet kieu jadina” manehna tungkul bangun hanjakal.
“ Menta tugas we atuh?” pok teh mere bongbolongan..
“ Enggeus puguh ge, ngan kalahka mere nu kieu patut tah dosen atah adol teh! Sarua we jeung bohong!” Si Nani kukulutus, bari jeung nyebut dosen atah adol sagala puguh manehna nu atah adol mah.

“ Mere naon, cikan sim uing ngilikan!” pok teh hayang nyaho
Kusiwel manehna ngaluarkeun keretas sacewir tina jero kantongna, song dibikeun. Ku kuring tuluy dibaca. Eusina teh nota ti Pa Burhan keur Pa Jaka asistenna nu unina kieu “ Pa Jaka, masalah Bu Nani tolong diurus. Saya serahkan semuanya kepada Pa Jaka saja karena saya akan berangkat ke Jakarta dalam rangka seminar nasional. Terimakasih.”

Kuring seuri leutik sanggeus maca surat eta, kacipta tuda. Menta tugas ka Pa Jaka mah sarua we jeung neangan pipaeheun. Komo mun seug manehna nyahoeun mah kana kasus Nani, wah matak cilaka kurang-kurangna kuat mental mah. Loba mahasiswa kajeun ngalontrak deui tibatan menta tugas ka Pa Jaka. Killer Man disebutna oge ku barudak mah.

“ Kumaha atuh Ran? Sigana kana moal bisa milu ujian sidang ayeuna” omong Nani semu putus asa. Karunya kuring ge ningali kitu mah.
“ Nan, kumaha mun bareng we ka Pa Jaka na jeung Rudi, pan sarua meureun manehna oge kudu beberes nilai! “
“ Nya eta embungeun kamari diajak ge, Kajeun rek ngontrak deui we cenah. Eukeur mah lila keneh manehna mah sidangna ge.
“ Kumaha mun ngilu susulan we minggu hareup?”
“ Hih nyasat atuh ari aya mah, pan mata kuliah eta mah ti baheula oge tara aya susulan, ari lain keur nu gering mah!”
“ Aeh ..heueuh nya.” Cekeng garo-garo teu ateul. Ah bet jadi milu bingung.
“ Kieu we atuh Nan, kumaha mun urang datangan we Pa Jaka ka imahna, enya ka imahna ulah di kampus. Ngarah salse ngomongna”
“ Naon Rani? Ka imahna dedengean teh? Ari nyaneh ngomong teh sok nu lain-lain! Atuh sarua we jeung nganjang ka kandang singa! Ih teu wararani teuing aing mah!” Si Nani bibirigidigan.
“ Ulah kumeok memeh dipacok atuh Nan, sing bisa we diplomasina. Gunakeun kabisa teh. Lain pinter diplomasi di dinya teh? Jeung deuih sagalak-galakna Pa Jaka da moal nepi ka ngerekeb atuh! Nu penting mah dicoba heula, ulah mundur sebelum bertempur!” jawab teh mere sumanget. Si Nani kalah ka ngahuleng dikitukeun teh lain buru-buru mere jawaban. Tapi teu lila pok ngomong
“ Heueuh Nya Ran, na asana teh! Anteur atuh urang nya Ran? Keun we da apal imahna mah di Jalan Saledri. Omat anteur nya Ran? Pageto we nya, bisa henteu?”
“ Ulah pageto, isuk we ngarah salse. Pageto mah aya ngajar.”
“ Ah pageto we, urusan ngajar mah pan sore lin? Isuk mah urangna rek usaha heula, aya obyekan yeuh, rada lumayan sigana mah. Ayeuna urang teang heula, rek milu Ran?”
“ Moal ah, sakeudeung deui aya jangji jeung babaturan. Uang dengerna we nya Nan?”
“ Beres lah! Yu Ran, doakeun sing hasilnya!” ngomongna kitu teh bari celengok nyium pipi, tuluy ngaleos ninggalkeun kuring. Ku kuring diteuteup ti tukang, leumpangna ngagedig bangun rusuh, biasa Si Euceu ribut!

Nani..Nani, muji kuring mah ku sumangetna. Atuda uyuhan si eta mah bisa kuliah oge. Jelema sibuk.Jaba ngurus salon, ngajar , boga pausahaan catering. Matak pantes ari usum ujian teh meni tibabaradug da eta kuliahna belang betong. Ninggang di mata kuliah nu dosenna siga Pa Burhan… matak neunggar cadas.

Ah nya umumna mah kitu we mahasiswa kolot mah, jadwal kuliah teh pakepuk jeung jadwal ngajar. Ari kuliah disaruakeun jeung barudak nu asupna make jalur SPMB, anu disebutna mahasiswa regular tea, atuh puguh we sagalana oge disaruakeun jeung maranehna, euweuh pisan tinimbanganana. Eta we kuring oge ari balik kuliah teh meni asa di udag jurig, da kudu buru-buru nepi ka sakola, didaragoan ku barudak di kelas. Geus puguh ari inditna mah kudu pak pik pek heula di imah nyayagikeun barudak jeung bapana.

Sakapeung kuring sok nanya ka diri sorangan, kunaon atuh kuring teh ngariripuh maneh make jeung kuliah deui sagala. Apan gawe enggeus, salaki boga, imah pageuh, kolot aya budak balatak. Enya mun kuring geus lieur , pertanyaan kitu teh sok jul jol. Komo lamun ahir bulan mah, nempo duit gajih loba potongan. Enya da rumasa kuring mah sakola deui teh lain loba duit, ieu mah bane wae bakat ku hayang sakola luhur jiga batur. Bongan tuda umur 19 taun kuring geus dikawinkeun, kuliah ge kakara sataun, da asupna ka D1. Lian ti kitu, atuh ari ku sakola deui mah sugan jeung sugan hirup teh rada menyat da ilmu nambahan. Matak biayana oge kumaha koprasi bae!

Teuing atuh kuring teh ku hayang pisan nuluykeun sakola, komo barang disatujuan ku salaki sarta hasilna teu nguciwakeun mah, diajar teh asa beuki sumanget. Cape, riweuh ge teu dirasa. Rido kuring mah, najan ampir unggal poe sare tara kurang ti pukul satu peuting oge, alatan nerektek wae ngetik da loba tugas. Atuh barudak katingalina teh saroleh pisan milu ngajurung ka indung.

Enya eta ge kungsi ngadenge , pajar keur guru mah sakola deui teh moal rugi da bakal meunang kredit poin jeung bisa milu sertifikasi, anu cenah engkena teh bakal dibere tunjangan sarua jeung gajih poko, cenah kitu ge. Kateuing bener henteuna mah. Ah teu karana eta kuring mah, da kredit poin mah bisa direkayasa, najan teu sarakola deui oge angger we gening cing terekel nu naraek tingkat mah, bari ngajarna mah asa tara katingali bener da loba ngobrol di kantor. Getolna teh mun usum dibagikeun duit we. Ih palias ari kudu tepi ka kitu mah. Atuh nu lulus sertifikasi apan geus lain beja aya guru kedul ka kelas, lulus. Heuyy deuuhh sok teu ngarti puguh ge ari di nagara urang.

“Ngalamun wae!” Gebeg teh, tak-tak aya nu nepak , dilieuk , horeng sobat-sobat hungkul, heueuh apan jangji ayeuna teh rek diskusi masalah semantik di Parter. Atuh bring wae ka Parter, dariuk handapeun tangkal camara. Dua jam ge geus beres materi teh dibahasna, tinggal nyieun laporanana jeung ngabereskeun makalah keur presentasikeuneun isuk.
“ Ran, pek wae nyieun laporan mah kumaha Rani, Heni, Siti, Oom jeung Lina nya? Urang mah nyaho beres bae. Keun we soal konsumsina mah bagian urang. Pek pilih ayam bakar? Gurame goreng atawa nasi kapau? Omong Ria.
“ Enak aje! Sakalian atuh jeung ngajilid, moto copy na oge nya?” ceuk kuring bari seuri.
“ Beres bos! “ tembal Ria bari ngacungkeun leungeun, tuluy gura-giru indit da didagoan cenah ku salakina.
Aya deui batur model Si Nani teh. Sarua deuih Ria oge kaayaanana geus riweuh. Bedana si eta mah loba duit. Malum salakina pejabat. Urang Cianjur Ria teh, boga salaki ka Kapolda. Ka kampus oge teu weleh unggah turun mobil , matak bungah keur kuring da bisa milu balik. Lumayan ngirit-ngirit ongkos. Bageur deuih si eta mah keur geulis teh. Komo ka kuring mah, basana teh asa ka dulur pet ku hinis cenah.

Isuk-isuk poe Rebo, beres kaprak-keprek di imah, torojol Nani , meunang dangdan pantes naker.
“ Aeh..aeh, rek ka mana Nan meni gaya? “ cekeng bari nyidik-nyidik manehna.
“ Montong loba omong, apan rek ka Pa Jaka tea, hayoh lain rek nganteur? Gening masih keneh di cacalana pondok, lain gera dangdan, buru atuh disalin bisi kaburu beurang! Omongna bari gek diuk dina korsi makan, am kana roti bakar sesa sarapan barudak.
“ Euweuh kuliah pan poe ieu mah Ran? ‘
“ Kosong kuliah mah tapi engke jam 3 sore aya ngajar 2 jam pelajaran” cekeng teh.
“ Kaburu lah jam sakitu mah”
“ Ari masak keur barudak? Cekeng bari kerung
“ Aaahh nu kitu dipikiran, tah aya gepuk jeung pais lauk keur nyampakeun bapana mah, engke beurang urang meuli pais hayam di pengkolan!”
“ Uluuuhh, bener ieu teh? Alaahh meni seungit kieu gepukna, saha nu ngagepuk Nan? ‘
“ Alaahh loba omong pisan nya, hayu buru urang anteur bisi kaburu beurang!’ Dikitukeun teh kuring buru-buru ganti baju, dangdan ge teu sirikna rurusuhan, padu diwedak we, geus geulis ieuh barina ge..he..hehe.. ceuk salaki kitu ge, kateuing ceuk salaki batur mah he..he..he…, teu aleg pisan nya pipikiran teh.
Beres dangdan, papagah bari jeung ngomat-ngomatan ka si cikal, nu kabeneran sakola beurang ,supaya mapagkeun si bungsu balik ti TK. Geus kitu mah leos bae indit jeung Nani.

Jauh gening imah Pa Jaka teh, ti jalan gede teh make kudu kana beca sagala. Ngan edas, hemeng ku kalakuan Si Nani, sapaparat jalan panon teu leupas ningali lalampahanana . Ditempo-tempo teh biwirna ngan kunyam kunyem wae, panon rada dipeureumkeun siga hayam rek paeh ku cekak. Diajak ngobrol teh teu diwaro, kalah hayoh nyarek ulah loba omong cenah. Pajarkeun teh keur mapatkeun ajian. Teuing ajian nanahaon da katingalina teh badis we dukun sebul.

Komo waktu aya di jero beca mah make jeung meuleum menyan sagala, meni mabek. Da eta we tukang beca ge tangka ohek-ohekan, teu kuat dipuput ku menyan meureun..Ari kuring bati olohok bae ningali pamolahna teh.
“ Nani ! Ari maneh nanaonan kalakuan teh kawas jelema teu hideng? “ kuring nanya bakat ku panasaran, ditanya teh manehna kalahka seuri.
“ Rani,..Rani,cicing tong loba omong! Ieu teh resep ti Bah Dira dukun Citepus, ulah salah urang keur mapatkeun jampe pamake supaya bisa ngaleumpeuhkeun hate Pa jaka! Ngarti Rani? “ pokna kalem naker.
“ Astagfirulloh Nani, musrik siah kikituan teh!” kuring morongos bari istigfar, teu sangka atuda Si Nani kitu peta.
“ Tenang…tenang, tanggung jawab Nani”, omongna, angger kalem.
“ Stop….stop, heup bae di dieu Mang! “ reg beca teh eureun hareupeun warung.
“ Na eureun di dieu? Pan itu imahna mah ? “ pok teh teu ngarti.
“ Ah keun we di dieu! Kieu nya Rin, Rina mah teu kudu milu asup ka imah Pa Jaka, dagoan bae di warung ieu nya? Bisi kuring teu bebas ngomong! Eraeun deuih Pa jaka na ningali Rina mah. Tah bari ngadagoan, ieu cekel. Mun engke katingali kuring kaluar ti imah Pa Jaka, buru-buru eusina awurkeun nya?” ngomong kituna teh bari song ngasongkeun bungkusan ka kuring, dibuka teh horeng rampe.
Kuring bingung, cenah menta dianteur tapi kalahka nitah ngadagoan di warung.
“ Embung ah sieun kababawa musrik urang mah! Pek we awurkeun ku sorangan.
“ Moal atuh Rin, pira ge ngawurkeun hungkul!’
“ Heueuh jig atuh buru, omat tong lila nya? Kade deuih poho format nilaina dibawa!”’ kuring eleh deet, barina ge ketang haroream teuing kudu panggih jeung Pa jaka. Mending ngadagoan di warung, bisa-bisa bari jajan.

Teu diengkekeun deui, leos Si Nani indit muru imah Pa Jaka. Imah nu buruanana linduh ku tatangkalan, endah ku kekembangan. Dituturkeun ku paneuteup kuring. Sapuluh menit, satengah jam. Si Nani can tembong kaluar. Antukna geus ampir tilu jam kuring cinekul di warung, manehna can katingali ka luar keneh wae. Bujur asa geus panas balas diuk wae, beuheung ge asa sosonggeteun balas ngalieukan manehna ka luar ti pakarangan. Weleh teu katingali irung-irungna acan.Na tuluy ka mana atuh mangkeluk teh, piraku dileg-leg jurig onaman.
Rek diteang asa-asa, da inget kana talatahna anu omat-omatan pisan ulah neang da kitu cenah papatah ti ki dukun teh. Bingung jadina teh, didagoan kesel jaba melang ka barudak di imah. Tungtungna mah leos bae balik. Belewer we bungkusan rampe teh dialungkeun, kateuing rag-rag di mana.

Pasosore, balik ngajar nyampak Nani aya di tengah imah, diuk nanghunjar lambar, ngarendeng jeung si bungsu nu keur anteng lalajo TV. Ku kuring langsung ditongtak, keuheul tuda, ngulinkeun pisan!
“ Nani! Ari maneh tadi teh nanahaon heula? Di dagoan meni ngampleng, teu ngarasakeun pisan! Dileg-leg jurig puguh deui atuh!” pok teh rada teugeug bakat ku ambek.
“ Hampura urang Rin, kumah atuda ngajak ngobrol wae ituna.’
“ Dilayanan bae atuh, ngomong we saperluna.”
“ Ih ari teun teh, apan urang nu butuhna oge, nya wayahna bae.” Pok na teh bari lumah-lameh ngolo supaya kuring teu ambek.
“ Geus lah tong ngambek, mending ge dengekeun dongengna, tuh pais hayamna jeung soto geus aya dina meja makan’ kuring eleh deet, jeung enyana hayang nyaho dongengna deuih.
“ Pok atuh ngadongeng, kumaha tadi teh hasil henteu?” cekeng bari regot nginum jus alpuket nu aya na meja leutik gigireun TV, jigana bawa manehna.
“ Cumlaude atuh Rin! “ omongna bari ngacungkeun jempol. Puguh kuring reuwas.
“ Nu bener Nan? Cikan nempo format nilaina”
“ Is ulah waka, dengekeun heula mending ge”
“ Heueuh, pok-pok atuh” cekeng panasaran.
“ Waktu urang ngetrok panto imahna, urang mapatkeun ajian heula. Na da eta mah teu sakara-kara, nu muka panto teh manehna pisan. Amis budi bear marahmay. Pok na teh, haturan BuNani aya pikersaeun naon? Kuring sorangan ge asa teu percaya ningali sikep Pa Jaka kitu”
“ Geus kitu tuluy kumaha?” bet jadi milu panasaran. Da enya atuh, heran kuring ge ari ngadenge sikep Pa Jaka kitu mah. Da di kampus mah, ih sigana cadu kudu surungah serengeh ka mahasiswa. Komo ka mahasiswa kolot samodel kuring mah,. kucem bae beungeutna teh. Seug komo mun keur pareng ngawas ujian, matak soak. Padahal mun di sidik-sidik mah, kasep Pa Jaka teh, kitu ge ceuk barudak nu nalaksir da ari ceuk kuring mah, nya…kasep we ketang da normal kuring ge.
“ Urang asup, tuluy diuk pahareup-hareup. Song nota nu ti Pa Burhan ku urang dibikeun, tuluy dibaca ku Pa Jaka, sugan teh rek ambek, eh kalahka serengeh seuri!”
“ Bogoheun meureun Nan!” kuring motong omongan
“ Dengekeun heula Rani. Geus kitu teh tuluy nanya ka urang, kawit ti mana, di mana linggih cenah meni lemes naker. Atuh ti dinya mah der ngobrol ngaler ngidul. Aki, nini. buyut kum ka seke selerna, kabeh kalaluar. Kabeh diobrolkeun, urang ge geus jangar ngabadunganana, tapi rek balik kumaha atuda ari can hasil mah.’
“ Ari Nani ngobrolkeun pribadi Nani deuih?”
“ Nya saperluna wae, naon anu ditanyakeun ku manehna, ku urang dijawab. Tapi Ran, aya untungna oge, urang jadi nyaho pribadi Pa Jaka,horeng bujangan keneh gening Pa Jaka teh. Geus tilu kali cenah diputuskeun ku kabogohna, malah ditingalikeun poto-poto kabogohna teh ka urang. Ayeuna keur bingung cenah sabab kolotna di lembur ngaburu-buru nitah kawin.’
“ Euleuh, paingan atuh barudak meni marijah ari pareng aya Pa Jaka di kelas teh, kumaha tah geus kitu?”
“ Ngadenge manehna bujangan keneh teh, jorojoy kuring boga gagasan. Kuring ngomong boga alo nu keur kuliah di Unisba, geulis jeung kayungyun. Ku kuring dicoba rek diwawuhkeun ka Pa jaka. Na atuh Ran, barang ngadenge kitu, manehna meni bungaheun pisan, komo barang dibejaan alo dijilbab mah, teu sirikna hayang indit harita, hayang gera ditepungkeun. Ngan ceuk urang teh, teu kedah rurusuhan pan kedah diwartosan heula ituna, nya tungtungna mah pageto cenah manehna rek nganjang ka imah nepungan alo. Geus kitu mah teu sakara-kara, kotret bae Pa Jaka nulis dina format nilai nu disodorkeun ku urang, tah ieu hasilna!” omong Nani bari song ngasongkeun format nilai ka kuring. Ku kuring teu sirina direbut tina leungeunna, Masyaalloh! Manehna meunang nilai A. Kuring gogodeg teu percaya.

“ Gening meunang nilai A, soal naon bae nu ditanyakeunana?”
“ Ah, eta bae soal alo urang, kolot urang , pagawean urang.Kasimpulanana mah pageto,manehna rek nganjang ka imah nepungan alo! “ omong Nani semu atoh.
“ Jurig siah nani! Bisaan maneh mah,”
“ Ih, siapa dulu dooong, Nanniii….” omongna bari nagadangah-dangah beungeut, bet asa ningali si cepot keur manggung.

Ah nyaan teu ngarti kuring mah, naha pantar Pa Jaka bet gampang kitu mere nilai ka Si Nani. Biasana boro-boro mere nilai A manehna mah, kuring ge anu ti suk-suk ti dung-dung diajar, ukur dibere B. Komo barudak mah loba anu dibere D jeung E. Pedit pisan atuda Pa Jaka mah kana meunteun teh. Jaba materi kuliahna teh matak jangar deuih, filsafat tea atuh. Ari ieu jaba nilai susulan, jaba teu ditanya materi kuliah, bet dibere A. Ah geus milik Si Nani we meureun, da kitu gening jaman ayeuna mah sagala rupa oge loba nu katarik ku milik batan ku prestasi. Da heueuh atuh lain teu ngabibisani pantar Si Nani meunang nilai A dina filsafat mah, matak guyur kampus. Emh, mun seug barudak di kampus arapaleun, moal teu dalemontrasi tah. Teu kitu kumaha, kuring apal pisan kumaha Nani sapopoena, eukeur mah batur sakola ti SMA keneh, kuliah bareng, tugas ngajar oge sarua deuih ditempatkeunana teh. Matak asa teu percaya bisa meunang peunteun A, jeung buku wae manehna mah musuh.
“ Heueuh sukur we beres mah Nan, bisa atuh ayeuna mah milu sidang ” pok teh milu bungah.
“ Beres ari urusan nilai mah Ran, ngan urusan urang can beres. Aya deui persoalan teh, omat kudu ditulungan deui nya.” Omongna semu bingung.
“Naon deui atuh?” kuring teu ngarti
“ Eta Pa Jaka! Cenah teu kendat nyaritana.
“ Haaarr apan geus beres, lain pageto rek nganjang ka imah?”
“ Puguh eta nu jadi masalah, mun engke jadi nganjang ka imah kumaha?”
“ Naa make jeung kumaha sagala, kari tepungkeun we jeung alo Nani!”
“ Alo-alo tujuh puluh! Alo ti mana horeng, pan Rani nyaho sorangan, Nani mah teu boga dulur. Aya oge Si Oci anak urang, da leutik keneh kakara ge kelas tilu SD.”
“ Jadi Nani teh ngabohong nya ka Pa Jaka?” pok teh rada reuwas.
“ Kapaksa we Ran, da teu kitu mah pasti Pa jaka moal daek mere nilai. Atawa dina merena oge, urang pasti dibere soal-soal heula, anu geus kasawang, moal bisa ngajawabna.’
“ Aduh Nani, kumaha atuh ari geus kieu? Kumaha lamun Pa Jaka nyahoeun Nani ngabohong?” kuring jadi milu manghariwangkeun.
“ Puguh eta nu jadi pikiran teh, sok sieun nilai dibatalkeun deui, tulungan atuh Ran.” omongna lumengis.
‘ Lieur urang mah ah! Kumaha nulunganana barina ge.” Pusing tungtungna mah ku kalakuan Si Nani teh. Etah gera wani kitu ka dosen. Doraka siah Nani.
“ Ran, apan Rani lain boga alo? Widuri budak geulis anu kuliah di Unpad tea? Kumaha tah mun diinjeum ku Nani, api-api we lah rek diakukeun alo Nani. Bae da Pa Jaka mah moal nyahoeun ieuh, sugan we jadi ngajodo. Kumah Ran, satuju henteu?”
“ Teuing ah! Kumaha dinya we.Barina ge Si Duri mah da geus boga papacangan. Lieur urang mah Nan, urus we ku sorangan, teu hayang miluan ah.” Leos we kuring mah ka cai.
Si Nani ngiclik nuturkeun, ngan tuluy mengkol palebah kamar Si Cikal, rek menta dianteur nepungan Widuri jigana mah.
Bingung, kuring bati bingung! Teu kacipta alo kuring kudu jadi korban diplomasi format nilai. Widuri geulis, mun kudu kitu teh hampura bibi.

August 5, 2008

HIRUP TEH TEUING KU ENDAH

Hirup teh ceuk kuring mah teuing ku endah. Coba gera lamun urang imeut nitenan pangeusi dunya, da karasa ayana ayat-ayat kauniah teh. Bruh breh narembongan. Eta gera tina kekembangan we. Apan meni rupa-rupa boh pulasna atawa rupana kitu oge seungitna malah aya nu bau oge. Pareng eta kembang teh laligar di patamanan , katingali pisan endahna, payusna. Sanajan dina marakbakna kekembangan , aya kembang anu bau, ih da teu ieuh kembang nu lain openan, teu ieuh aing-aingan asa aing kembang kidul ..aeh salah maksud teh henteu asa aing uyah kidul. Silih pikaheman we katempona teh.

Kitu deui dina bubuahan. Terong contona, aya terong gandaria, aya terong hejo, aya terong bodas, aya terong buleud, aya terong panjang jeung aya terong ramo nu sok di balado ku urang Padang. Lamun ku urang dititenan, kabeh ge terong eta teh. Tah ku jalma anu jembar panalar mah eta Ki Terong teh dijadikeun ayat kauniah yen Alloh mah nyiptakeun mahluk teh loba nu sarua tapi beda sifat jeung rupana. Eta teh bisa dilarapkeun kana hal anu sarua rupana tapi beda eusina, atawa sarua eusina tapi beda rupana. Alamiah pisan pan? Atuh Ki Terong teu ieuh asa aing panghejona atawa pang gandariana, tuluy nyawad ka terong bodas yen sabenerna terong aslimah terong hejo lain terong bodas.Tuluy ku ayana terong bodas, terong hejo jadi teu katempo sieupna. Apan teu kitu. Terong hejo, terong bodas, terong gandaria katut terong ramo masing-masing boga ciri nu mandiri. Jadi ceuk basa saujratna mah, sasama terong ulah silih beubeutkeun. He..he..he…, kacipta nya aya terong silih beubeutkeun.

Kumaha ari manusa anu jadi pangeusi dunya? Nya sarua ieu oge watekna anu rupa-rupa milu mapaesan endahna kahirupan. Ku ayana eta, urang bisa ngarasakeun kumaha nimatna seuri, kumaha peurihna hate, kumaha mentegegna rasa, kumaha agulna diri ah rupa-rupa we rasa anu diakibatkeun ku polah manusa di dunya, hususna polah manusa anu tumiba langsung ka diri urang. Tah eta teh omat ulah dipake agul atawa nyeri hate, sok komo jadi bangbaluh mah, ulah pisan. Kudu lebar kana diri, lebar kana awak da sakumaha kasep jeung geulis oge ari ngukut berewit hate mah bakal goreng katempona. Komo mun diembohan ku goreng sangka sarta nyawad ka batur, asa aing pangpinterna, pangbenerna mah. Tah nu kitu mah geus pantes dipikarunya sabab geus yakin manehna teu bisa ngarasakeun endahna hirup. Ceuk kuring kitu ge, kateuing ceuk batur mah.

Hirup teh teuing ku endah, seuri jeung ceurik masieup lalakon urang. Hirup teh teuing ku samporet, waktu teu sirikna ngungudag kalangkang urang. Cikeneh sareupna kiwari geus carangcang tihang. Panon poe geus moncorong sajorelat geus poek deui. Beurang kaganti ku peuting, poe kaganti ku minggu, minggu kaganti ku bulan, bulan ganti ku taun. Sadar-sadar urang geus aya di jero kubur. Subhanallah, walhamdulillah, walailahailallah, allohu akbar. Leres pisan sakumaha pidawuh Anjeun ya Rob, demi waktu saestuna manusa teh aya dina karugian. Kajaba anu ariman, anu silih ingetan sarta aya dina kasabaran. Wallahualam Bisawab.

May 28, 2008

DEUDEUH TEUING EMIH

Poe Salasa pukul 11 di ruang Tata Usaha, katingali Si Emih
( Bu Romaya senior kuring ) keur ngahuleng bangun nu bingung.
Panasaran kuring nanya.
” Kunaon Mih, hulang- huleng wae, sok paur abdi mah, kari-kari
BBM naek, der Emih hulang-huleng” cekeng teh ngaheureuyan.

” Cicing siah Neneng, kolot keur lieur teh!” tembalna, bari angger
siga nu bingung, diuk menekung hareupeun Bu Hj. Nunung bari
pameunteuna reueuk lir langit nu pinuh ku pihujaneun. Angger deuih
Si Emih mah nyebut ka kuring teh Neneng. Teu beunang dicarek.
Enya da kuring mah teu rumasa turunan Eneng.

” Muhun, lieur teh lieur ku naon atuh Mih?”

” Ieu tah tempo! Mikiran nu kieu Emih teh!” pokna bari golosor
mikeun map ka kuring, geuwat ditingali, singhoreng teh sertifikat.

Enya sertifikat lulus sertifikasi guru ti Universitas Islam Negri Bandung
da apan Si Emih mah guru agama jadi dibere sertifikatna teh ti UIN.

Atuh puguh kuring milu bungah, Si Emih ku kuring dirangkul.
” Bagja..Mih, atuh tereh dieusian rekeningna” enya apan ceuk beja
guru anu lulus sertifikasi teh bakal nambahan gajihna jadi dua kali
lipet. Etah gera saha guruna nu teu ka bongroy.

” Rekening..rekening tujuh puluh, sidik lieur!”
Ceuk Si Emih deui, keukeuh ngan lieur jeung lieur wae.

” Lieur kumaha kitu Mih?” kuring kalahka beuki panasaran

” Neng, poe ieu Emih teh geus ngalalakon! Geus aprak-aprakan! Heueuh
tadi isuk-isuk Emih ka UIN nyokot sertifikat bari nanyakeun kudu kumaha
prosesna geus kieu, ari jawaban ti UIN teh ” Kami hanya sebatas mener-
bitkan sertifikat, urusan selanjutnya coba konfirmasi ke Depag. Atuh kencling
cape-cape oge Emih teh ka Depag, pok deui tatanya. Ari pek jawabanna teh
kieu ” Kami sedang sibuk mengurus NUPTK. Ibu kan tugasnya di Diknas,
apa sudah ditanyakan ke Dinas? Kapalang cape gidig ka dinas,ti dinas teh
jawabanana kieu” Urusan guru agama mah bagian Depag” Coba kumaha
Emih teu jangar tah! Cing ceuk Neneng kumaha?” Si Emih kalahka
jadi malik nanya ka kuring.

” Taahh, manawi atuh Bu Reni mah terang ” Bu Haji Nunung anu ti tatadi
anteng ngabandungan milu mairan.

Kuring ngahuleng sakeudeung, enya boro-boro kuring atuh, apan eta nanya
keun ka sungapanana langsung oge jawabanana kitu. Tapi lain oge kuring
ari teu bisa ngajawab mah.

” Nu kitu wae make jeung lieur Si Emih mah. Kieu we ayeuna mah. Eta serti-
fikat ku Emih laminating sing sae, teras talian, kongkoyangkeun kana dada.
Tah tos kitu teras angkat ka BRI. Pan BRI sanes anu ditunjuk mayarna teh?
Tah tos kitu mah langsung we tepangan kasirna, teras nyarios sing tarik bari
nulak cangkeng, kieu pok-pokanana ” Urang geus lulus yeuh, buru bayar!”
kade ulah hilap nepak dada” pok teh bari pepeta.

Na atuh, nu aya kabeh ting barakatak. Komo Bu Haji Nunung mah bendahara
sakola, bari seuseurian teh make jeung kurah- koreh sagala kana lacina, sugan
teh neangan naon, ari pek teh tali cenah. Da ari gorehel, song we si tali teh di
asongkeun ka Emih.

” Tah ieu talina sae’” pok na teh atuh ger sareuri beuki ayeuh-ayeuhan, da loba
jelema di ruang TU teh.

‘ Nurustunjung siah Neneng ka kolot teh, ngan ngaheureuyan wae!’ Si Emih
kukulutus tapi bari babarakatakan tangka cipanonan.

” Emih…Emih, barina oge atuh diemutan teuing. Na iraha pamarentah
tiasa dicepeng jangjina ka guru.”

” Lain kitu Neng, atuda meni teungteuingeun pisan, tilu poe tilu peuting Emih
teu sare alatan nyusun forto folio, dituluykeun sapuluh poe milu diklat, meni
ripuh. ari geus lulus kieu jadina!” ceuk Emih bari ceuceuleukeuteukan.

” Sing sabar we Mih, tos waktosna oge moal burung turun rekeningna” omong
kuring bari sakalian amitan rek ka ruang guru. Hate reug-reug ninggalkeun
Emih geus cenghar deui.

Enya bari jeung nasib sertifikasi kuring ge teuing kumaha, da kakara bulan
kamari kuring mah miluanana oge, eta oge bane wae dihayoh-hayoh ku
babaturan, malah ditelepon sagala ku Kasubag keukeuh kudu milu.
Asalna mah haroream, teuing teu nafsu ka nu karitu teh. Mending oge
suka seuri gogonjakan jeung barudak di kelas, puguh karasa bagjana. Cag ah!

May 12, 2008

MA TO,AH

Filed under: Uncategorized

Ma To,ah neneh na mah, ari ngaran lengkapna mah kuring oge teu nyaho.
Da kitu disarebutna ku batur oge. Nya kuring mah nikukur we. Can lila
wawuh jeung Ma Toah teh, ti harita we ti saprak kuring sok ulin ka
Pameungpeuk dibawa ku ki sobat. Malah lampar nepi ka Sancang, tah di
Sancang lembur Ma Toah teh. Di ditu na teh purah ngurus imah ki sobat.
Anu ayeuna eta imah teh dibeuli ku kuring, paranti kitu we ari pareng
pere sakola aya jugjugeun, keur niis da deukeut ka laut tempatna teh.
Anehna sanajan deukeut ka laut teu ieuh panas, seger we hawana teh.
Matak betah. Atuh masarakat urang dinya saromeah deuih.

Naon atuh anu narik dina diri Ma Toah? Ceuk kuring mah loba pisan.
Kaayaanana anu basajan, pangawakan sedeng, pakulitan hideung balas
ka poe wae da eta sok ngaseuk di kebon atawa tunggu huma mun pa-
reng keur gede pare. Ari teuteupna estu seukeut jiga heulang, biwir teu
weleh imut, someah hade ka semah. Umurna sigana mah pakokolot supa
jeung kuring . Ngan ceuk ki sobat mah, kuring leuwih pantes jadi anakna.
Enya pedah jiga leuwih kolot Ma Toah meureun. Malum atuh unggal poe
nguyek di kebon, kalan-kalan buburuh nutu, boro- boro inget kana di wedak
atawa dilipen, kitu we sailaharna urang lembur. Matak pantes rek jiga
kolot oge. Jaba geus boga incu deuih Ma Toah mah.

Ma Toah teh boga salaki ngaranna Mang Ajun, boga budak tilu. Budak anu
kahiji ngaranna Tatang digawekeun ku kuring purah ngurus sapi, ari Mang
Ajun mah purah ngurus kebon, Ma Toah mah nya kitu we nungguan saung.
Eta kulawarga teh kulawarga di pilemburan anu hirupna koreh-koreh cok.
Lucuna, sanajan kitu eta Mang Ajun kolu ka nyandung sagala. Tah sakanyaho
kuring oge Ma Toah teh geus dicandung ku mang Ajun. Da eta we budak Mang
Ajun ti nu ngora teh umurna sasama jeung Si Ato budak bungsu Ma Toah
anu ayeuna keur disakolakeun di SMA ku ki sobat, ayeuna geus kelas 2.

Kuring sok pareng ngobrol jeung Ma Toah, kumaha rasana dicandung
pokna teh ” Aduuh eneng, ulah kaalaman ku eneng mah, nyeri pisan
hate teh. Kurang-kurangna narima kana takdir mah matak aral. Ngan
kedah dikumahakeun deui atuh da geus jadi nasib ema”. kituna teh
bari ngalimba. Ditembalan ku Tatang, ” Nya eta tina sok loba reureujeungan
ari pareng ngala ager Bu, si bapa teh kapincut ku asisten Ma Toah”.

Horeng teu di kantoran wae nya direktur kapincut ku sekretaris teh, kuring
seuri. Kungsi dina hiji waktu mah waktu kuring ka ditu , kaparengan keur
parasea. Enya Ma Toah jeung maruna. Kitu gening pasea di lembur mah
lain silih carekan dina SMS tapi silih cokot suluh di hawu. Ma Toah katingali
bungah pisan bisa nyokot suluh ti maruna anu imahna tonggoheun saung
kuring. Eta suluh teh pastina ge beunang ngala Mang Ajun ti leuweung. atuh
Mang Ajun bati hanjelu da kudu ngala suluh deui ka leuweung

Aya beja deuih, maruna amuk-amukan, da cenah tara dibere duit ku kuring,
mun pareng kuring ka ditu, enya ari ku kitu tea mah kuring ge rumasa, tapi
da bongan atuh tara nyampeurkeun ari keur kuring aya di ditu teh.
Jadi ngeupeulan teh ka nu aya we, kabeh dibagi. Tara gede kitu we keur
meuli sambeleun, paling ge 20 rebuan. Sakitu teh keur urang lembur mah
katarimakeun pisan.

Minggu kamari mah kaditu teh ngalongok Mang Ajun nu kabejakeun gering.
cenah mah rada ripuh, enya we barang kaditu teh katingali meni haropak,
awakna rangkebong. Katarajang asma ceuk Tatang mah, eta da cenah loba
pikiran. Rek teu kitu kumaha atuh jaman keur werit kieu boga rumah tangga
dua, bet nu hiji oge sakitu ripuhna. Ku kuring diomat-omatan ulah loba teuing
pikiran da geus kudu dikumahakeun deui atuh, eta mah tamaha sorangan
ayeuna mah kari sanggakeun wae ka Nu Agung anu langkung uninga.

Eta Ma Toah, ningali salaki kitu mah katingali semu hariwang, kitu deui si bibi
maruna. Duanana saroleh ngurus Mang Ajun. Mang Ajun diperenahkeun di
Si Bibi wae da di saung kuring mah basana teh gandeng ku lalar liwat mobil
enya da boga saung teh sisi jalan pisan. Atuh palebah ngala suluh ka leuweung
eta oge dibagi-bagi deuih. Kayungyun, ayeuna mah duanana oge jadi alakur.

” Isin Ku Cep Guru, Mang Ajun teh Neng. ” ceuk Ma Toah waktu ngabantuan
kuring ngalulur awak ku parud bangkuang.
” Haaarr naha make isin ku salaki abdi Ma? ”
” Muhun cenah, Cep Guru mah keur kasep teh meni nyaah pisan ka eneng”
” Ih ari taeun teh, na ari Mang Ajun teu nyaah kitu ka Ma Toah? ”
” Laahh, eneng, mun nyaah mah moal meureun Ema dicandung”
” Ih ari ema, mana Mang Ajun teu damang oge jigana bakat ku nyaah ka Ema
enya meureun aya rasa hanjakal ngan tos telat, keun we ulah jadi nyeri hate”
” Eneng, mun awak ema sampulur jiga eneng mah, jigana ema moal dicandung
jigana Mang Ajun oge bakal jiga Cep Guru nyaah ka Ema” ceuk Ma Toah ngalimba
‘ Ma, ulah gaduh emutan kitu. Kedah sabar, apan ceuk Ema ge kitu. Malah aya
nu nyebatkeun, jaga di aherat seueur istri anu haranjakal kumargi nuju di dunya
alim dicandung ku carogena. Da gening ari ihlas mah sawarga bagianana,
atuh sugan we ema oge manjing surga, matak ulah ngarasula. Lebar!” ceuk
kuring siga nu heueuh.
Dikitukeun teh Ma Toah bangun nu atoh, asa diubaran hatena. Ah Ma Toah, gening
angger we disabar-sabar oge da hate awewe.

April 24, 2008

KAULINAN KEUR BUDAK

Filed under: PANINEUNGAN

Lamun urang leukeun nitenan kaulinan barudak jaman kiwari,
hate teh sok asa hariwang. malah sakapeung mah make jorojoy
aya rasa karunya. Enya atuda teu kitu kumaha barudak ayeuna mah
teu bisa ulin di alam bebas jiga jaman kuring baheula keur budak
Lahan pangulinanana oge geus jarang aya da dipake bangunan.
Atuh imah-imah meni hareurin pisan ayeuna mah teu baroga buruan.
Tatangkalan geus ditaluaran, susukan geus kalotor da caina pacampur
jeung limbah pabrik. Leuwi geus loba nu di urug,
Deudeuh teuing anaking, dunya hidep kiwari geus ditalikung ku polusi.

Jaman kuring keur budak, mun pere sakola teh sok cicing di imah nini.
Da eta resep rea batur ulin jeung rea kaulinanana. Bangsaning : galah jidar,
gobak sodor, sorodot gaplok, gatrik, congklak, huhuian, perang gobang,
maen kaleci, maen karet, ngadu jangkrik, slep dur, waahh ditataan hiji-hiji-
mah loba pisan. Ari kuring mah keur budak teh karesepna kana anjang-anjangan.
Pagawean teh nyieunan oorokan tina sesebitan. Leungeunna ku nyere,
keur bubuukanana sok ngahaja neangan bola kusut atawa rambut nini
nu marurag. Da nini mah sok leukeun mun meresan teh rambutna sok
dikumpulkeun, keur sobrah pajar teh. Geus kitu tuluy nyieun babajuanana
alus di reka-reka, komo mun pareng aya renda mah. Eta kabeh dijieun
ku sorangan, dirancang ku sorangan. Teu bisa meuli jiga ayeuna, da jeung
euweuh deuih keur meulina. Mun teu anjang-anjangan, nya dadagangan.
Karesep teh dagang lotek. Suukna teh tina taneuh Ih da asa enya we
jadi tukang lotek. Dibeulianana teh ku daun kembang sapatu minangka
duduitanana.

Geus dadagangan biasana mah dituluykeun kan hahajatan.
Tempatna teh di pos ronda. Hajatna biasa kakawinan. Kuring mah
tara daek jadi panganten, kitu we sok jadi sutradara anehna teh deuih
diturut we sagala omongan kuring ku babaturan, eta meureun pedah ti kota.
Nu jadi panganten biasana mah Nyi Wiwi incuna Ma Iti dikawinkeun
ka Jang Wahli anak Wa Endon.

Nyi Wiwi didangdanan make makuta nu dijieun tina daun sawo,
minangka sigerna, tuluy dipasieup ku kembang sawo beunang ngaronce.
Pipina diwedakan ku siki kembang tarompet, biwirna dibeureuman
ku babasaran. Puguh we pipi meni camohok ari biwir burahay beureum
badis we kedok bali. Tapi teu kitu keur Nyi Wiwi mah, asa geulis we
da panganten. Ari Jang Wahli mah teu loba direka, cukup dibeubeuran
jeung dikopeahan we, anu sarua dijieunna tina daun sawo.
Juru riasna Si Ilat anak Bu Haji Halimah.

Geus didangdanan duanana direndengkeun rek dirapalan.
Nu jadi lebena Si Agus. Beres dirapalan tuluy disawer, sindenna teh
Nyi Imas kapi lanceuk kuring. Beres nyawer tuluy tatanggapan.
Aya serimpi, aya wayang. Tah palebah nyerimpi mah bagean kuring.
Da urang lembur mah arang langka nu bisaeun tari serimpi.
Ari ngawayang dalangna teh Si Uus, wayangna dijieun tina daun sampeu
atawa jarami. Matak dedengeun mun Si Uus keur ngadalang, komo lebah
ngabojegkeun Si Cepot mah, nu lalajo tangka cacalakatakan.

Wanci asar biasana barudak dibuburak Ku Wa Tayubi.
Dititah buru-buru baralik ka imah tuluy marandi ka pancuran
ngarah buru-buru indit ka tajug ngaderes quran. Kuring mah
tara milu ka tajug da sieun ku Wa Tayubi nu dedegenana perenges hideung
matak sawan budak. Kuring mah sok ngaji we jeung nini di pangkeng.
Ngaji nepi ka bedug magrib. Bada magrib mun pareng caang bulan,
barudak teh sok arulin deui diburuan arucing sumput.
Palebah ucing sumput mah tara milu da dicarek ku nini, basana teh
” Cicing nyai mah di dieu ulah milu liar ti peuting bisi dirawu kelong”

Aya nu teu ngarti ku polah nini. Lamun pareng caang bulan,
kuring sok dimandian dina golodog. Dimandian ku cai kembang tujuh
rupa meunang mipit nini ti buruan. Teuing naon maksud nini kitu peta
Teh da kadenge nini sok gegerenyeman sorangan. Nu kainget kieu nu
digerenyemkeunana the: “ Sing mulus ra ,rahayu berkah salamet.
Jadi budak soleh, luhur darajatna, deukeut jodona, parek rejekina,
luhur elmuna, luhur ahlakna, jeung jauh balaina.”. Kitu cenah ceuk nini teh.
Ari kuring, dimandian the atoh we nu aya.Malah sokCecengiran sagala
bari sidengdang jeung ucang-ucangan.

Kumaha maunatna tah gerenyem nini teh? Nya palebah deukeut jodona mah
memang enya, da barang lulus ti SPG oge kuring mah geus aya nu ngalamar.
Atuh urusan parek rejeki, nya alhamdulilah sanajan kuring jeung jeung salaki
hirup ngan saukur jadi guru, tapi teu ripuh-ripuh teuing. Ngan palebah jadi
budak soleh, tah duka teuing lebah dinya mah. Enya da apan ari soleh mah
lain ceuk sorangan tapi kudu ceuk batur.

Balik deui kana kaulinan. Lamun teu dadagangan, barudak teh sok ngabring ka susukan atawa ka leuwi ngadon mandi. Jalanna mapay pasawahan. Anu sawareh mah eta sawah teh aya nu dipelakan hui, bonteng, bangkuang jeung kacang panjang. Ngarana budak, teu sugema mun leumpang bari teu ruwal rawel teh. Tah bari leumpang kuring sabatur-batur sok bari metik bonteng atawa kacang panjang. Kalan-kalan ngala hui boled atawa bangkuang. Kitu ge mun pareng nu bogana keur bongoh, da ari aya mah teu wararani teuing.

Ari nu boga kebon jeung sawah, ngaranna Mang Sukadis. Galak alah batan maung keur anakan.
Awakna perenges, pakulitan hideung lestreng, sieun kuring mah kunu model kitu teh. Kungsi hiji waktu mah kuring sabatur-batur kaperego keur ngala bangkuang. Teuing ti mana jolna da ujug-ujug belewer aya batu, untungna teh teu keuna. Singhoreng Mang Sukadis keur ngabedega we deukeut imahna. Untungna teh, antara kebon hui jeung imahna rada anggang. Imah Mang Sukadis mah ayana di tengah sawah. Atuh waktu Mang Sukadis gagarawakan , barudak mah teu ieuh sieun. Kalah hayoh marorosotkeun calana tuluy ting parorete naronggengan ka Mang Sukadis ( Alhamdulillah, lebah dieu mah sim uing teu kabawa sakaba-kaba he..he..he.. ) Atuh puguh Mang Sukadis beuki napsu. Manehna ngudag bari ngamang-ngamang bedog. Barudak birat lalumpatan muru leuwi bari areak-eakan.

Tepi ka leuwi, der nyarieun rakit tina gebog cau. Barudak awewe mah tuluy we rarakitan, ari barudak lalaki di baluligir,jleng laluncatan ka leuwi karokojayan bari ting karoceak. Mun teu di leuwi ngarojay teh sok disusukan. Resep teuteuleuman bari silanglang. Kuring oge sok resep papalidan di susukan anu caina canembrang herang. Malah hiji waktu mah kungsi kabawa palid sagala ku caah deng-deng. Sugan teh rek maot harita, laahh mun teu ditulungan ku Mang Uli tukang ngala lauk mah, jigana matak hanteu. Orokaya, ti harita kuring dicarek ku nini teu meunang ulin deui ka leuwi.

Kiwari sagalana kari waasna. Jaman keur budak geus lawas kaliwat. Deudeuh teuing barudak ayeuna mah, jigana hese rek boga pangalaman jiga kuring baheula. Da eta alamna oge apan geus beda. Alhamdulillah Gusti, abdi tos dipasihan lalakon hirup anu sakitu endahna.

March 29, 2008

KEUR ANJEUN

Filed under: HARIRING KURING

Asa aya nu leungit basa urang ngobrol poe rebo kamari.
Komo basa anjeun wakca rek muka carita anyar jeung batur pakumaha,
nu tepung di dunya nyata. Naha cipanonbet nyalangkrung na kongkolak panon?
Padahal teu singna diondang. Tuluy nguat-nguat maneh ulah nepi ka rag-rag
tapi ih..ku teu bisa, pipi angger baseuh. Aneh bet ngadak-ngadak epes meer,
padahal paralun teuing kacepet oge kuring mah tara ceurik.

Cipanon naon atuh eta teh? Cipanon sedih atawa bungah?
Ah jigana duanana nu awor ngahiji jeung rasa. Bungah mireng anjeun geus boga
batur pakumaha. Bungah pedah kuring moal nyaring tengah peuting mikiran anjeun,
mun anjeun pareng hareeng. Enya da sok diwawaas, di imah anjeun sorangan.
Rumanggieung leumpang ka dapur. uyup ayap neangan gelas.
Ah saha atuh nu ngawulaan? Jorojoy rasa kamelang tapi kuring teu bisa nulungan
da boro-boro bisa datang, apan saha jeung di mana anjeun ayana oge kuring teu apal,
atuh kuringna oge teu nyorangan deuih. Nya tungtungna mah ngaran anjeun
sok dipuntangkeun we dina sujud kuring tengah peuting ka nu Kawasa.
( Lain ka nu di luhur sakumaha ceuk anjeun, da ceuk kuring mah nu di luhur teh
paling ge cak-cak atawa toke. Piraku menta tulung ka cak-cak.)

Sedihna, waktu anjeun menta kaputusan kasaluyuan kuring.
Duuhh ieu hate meni hayang jejeritan.Mun anjeun aya hareupeun,
jigana geus digabrug digalentoran. Kudeudeuh pisan atuh anjeun teh
ka kuring. Da mun seug kuring awak nyorangan, ku hayang ber hiber
ka lembur anjeun di nagara kangguru. Moal anjeun moal dibikeun ka
sasaha oge.Anjeun nu kuring ngan keur kuring. Panon tipepereket
dipeureumkeun Sugan dina implengan aya anjeun nembongan.
Gelenyu anjeun siga nu imut, bray panon beunta deui. Kuring istigfar
sababaraha kali kunaon hate bet sarakah? Naha kuring bet jahat boga
pikiran teu uni? Duh hampura bageur! Hampura abdi Gusti, lamun
hal eta janten dosa, palias ulah dugi ka kitu. Insyaalloh kuring ikhlas,
hate wakca, biwir kunyem. Tret nulis dina screen
” Alhamdulillah kuringsatuju pisan” Bagea keur anjeun duaan.
Bral gera papag dunya anyar. Ulah keueung, kudu teuneung.
Anjeun teh lalanang jagat.

PUISI HATURAN TI KANG GIBSON

Image Hosted by ImageShack.us

SINANGLING KAKALAKAYAN

bulan moncorong beh wetan
cahayana ngempur na dada…

nu dianti datang ti luhur….
rongheap ti jero dada
digupay dibageakeun…
tos datang disaha-saha….

samagaha ngungudag rasa
bulan dicindung mega warna kulawu
sinangling kakalakayan….

Februari 29, 2008

March 19, 2008

DONGENG KEUR URANG AUSI

Filed under: Uncategorized

Asa bungah ngadenge ki sobat jadi guru ngaji. leuh kayungyun pisan
keur bageur teh soleh bisa ngaji deuih! Eta teh langka keur jaman kiwari mah!
Enya jaman kiwari mah jaman edun tea, bet boro-boro ngawurukan batur,
ngahaja ngaji ge hese. Komo ieu bari jeung aya di nagara deungeun.
Mudah-mudahan aya rahmat ti Alloh keur ki sobat!

Hey Ki sobat! Kuring boga dongeng yeuh! Omat ulah diseungseurikeun nya?
Kieu cenah dongengna teh. Aya hiji jelema jahat rek ngadon maok ka imah
haji. Jalanna teh ka para da ambeh rikip. Barang geus aya di para, kabeneran
haji teh keur ngobrol jeung anakna parawan geulis anu geus meujeuhna di
kawinkeun. Eta si parawan teh aya ku nurut sagala kumaha bapa. Tah ceuk
haji teh kieu, ” Nyai anaking, bapa mah hayang boga minantu teh ka nu bisa
ngaji, ngarah aya tuturkeuneun nyai jaga!” ari ceuk si nyai teh, sadaya-daya
abdi mah ngiringan kumaha bapa wae.

Tah barang ngadangu kitu teh si jelema anu rek niat jahat tea, jadi teu jadi.
Manehna mikir, dari pada jadi maling mending jadi minantu pa haji, ngan
kumaha carana nya? Enya da rumasa manehna teh teu bisa ngaji!

Tah isukna si jelema teh datang deui ka imah Pa Haji, gaya naker pakeanana
teh, malah make sorban sagala. Tuluy unjuk salam, atuh reuwas Pa haji teh
aya semah anyar panggih, tapi barang nu datang ngabejakeun pamaksudanana
mah nya atoh we nu aya Pa haji teh. Geus kitu mah teu loba carita, der wae
di tes ngaji. Ana tereleng teh quro meni ngeunaheun pisan sorana teh. Ngan asa
beda kadengena. Kieu cenah ngajina teh

” Ayya sallam, serreh bumbu hayyamm kabirro. Tirillling ka pacilingan manggih
kaddaall maaoott, ayya pa hajji tumpakk kudda nna hulluunna” karek oge sakitu
gorowok teh pa haji ngagorowok, naha eta ngaji teh bet kitu? Ti pasantren mana
ari anjeun? Ditanya kitu teh si bangsat kalah ka ngahuleng, bingung pijawabeun.
Karunya nya ari nu teu bisa ngaji! Teu kacaritakeun ditarima henteuna mah tah
si bangsat teh, ngan ieu mah pieunteungeun keur urang yen hirup teh teu cukup
ngan ukur nyeuseup hawa, tapi sakumaha pidawuh Alloh yen urang diciptakeun
teh teu aya sanes iwal keur ibadah!

Tah Ki Sobat, sakitu dongeng ti kuring! Matak kacida bagjana anjeun mah, bisa
ngaji sanajan ngan saukur apal alip bingkeng ceuk paribasana, tapi eta elmu teh
diamalkeun deui ka batur, eta teh bakal jadi obor jaga keur urang. Cag ah!

OLEH-OLEH TI JAKARTA

Kamari poe Kemis tanggal 22 Juni, kuring sabatur-batur indit ka Jakarta. Lain rek
Ulin teu puguh tapi ngaping barudak. Hoream tadina mah, ngan kumaha atuh da kawengku ku tugas, piraku barudak indit ari kuring teu milu, meni euweuh tanggung jawab pisan. Nya tungtutungna milu we, padahal pagawean satambru. Poe eta teh kuring kudu milu rapat panitia di pemkot, kudu latihan kabaret, nyiapkeun tempat di pendopo keur acara poe Jumaah ngabagikeun piala kejuaraan, kudu nepungan kepala dinas keur matotoskeun acara jeung nyieun laporan presentasi keur bahan sidang pleno nyieun bahruteng sakola. Laaahhh ditataan hiji-hiji mah kalah ka lieur, mending milu ulin jeung barudak, lieur-lieur ge bisa-bisa seuri.

Indit ti sakola teh pukul 6.30 isuk-isuk, ari nu dijugjug nyaeta Dunia Fantasi tea, anu kakoncara jadi tempat kaulinan barudak. Tepi ka nu dijugjug kira-kira pukul 9.30. Leuh teu wudu rame pisan eta tempat teh. Malum jalma ti suklakna ti siklukna daratang ka tempat eta, da kabeneran bareng jeung poe tepung taun kota Jakarta.

Barang nepi oge, langsung mere wawaran ka barudak. Nya utamana mah perkara barudak kudu ati-ati diditu, malum atuh di lembur batur. Geus kitu bring we sarerea arindit ka tempat – tempat anu rek dianjangan sakarepna, sapangaresepna teu ieuh di atur-atur, pur we di abur sakahayangna.

Ari kuring, jeung Bu Cicin mah indit heula ka Mangga Dua da eta Ibu Kepsek hoyong dianteur heula balanja. Duuhhh meni rame geuning Mangga Dua teh, kuring mah kakara engeuh, da iraha teuing ngalanto kadinya, rumasa teu resep balanja, jadi teu nyaraho nu karitu, unggal ka Jakarta oge tara pareng lunta-lanto ka pusat perbelanjaan, rek naon ceuk pikiran teh da di Bandung oge loba, jeung enyana da sarua bae gening kitu-kitu keneh, malah asa alus pasar baru ayeuna ceuk kuring mah. Ngan teu kitu ari ceuk babaturan nu sok biasa balanja mah di Mangga Dua mah barangna aralus jeung marurah cenah. Aneh puguh oge padahal urang Jakarta sok ka barandung ari usum libur teh, cenah ngadon balanja da di Bandung mah marurah tur aralus. Lieur puguh ge mana nu bener!

Lah eta mah teu kudu dicaritakeun nya. Anu rek dicaritakeun mah pangalaman kuring sabatur-batur naek kora-kora. Kuring, Bu Dini, Bu Nia, Bu Popy, Pa Sutarmas tarumpak kora-kora, eta parahu anu di ayun tea gening. Nya eta atuh kalakuan teh kawas bolon make hayang tumpak nu kitu sagala, da et age barang naek geus ting cirihil, kadituna jejerewetan beuki lila gogoakan da meni asa paur pisan.Hate meni lelenyapan, tapi seuri babarakatakan nepi ka cipanonan jeung nyeri kulit beuteung! Eta atuda ningali Bu Nia jeung Bu Dini kalah ka peureum bari nyarande ka kuring, atuh puguh awak teh kapencet, jaba begang kuring teh. Alhamdulillah akhirna mah saralamet, barang geus turun teh kabeh reang ngaromong kieu “ Emh.. nuhun Gusti, abdi sadaya teu cios paraeh ngelel!”

DUH KI SUNDA, Dimuat dina Majalah Mangle n0.2003 feb.2005

asa aya ondangan silaturahmi jeung para mahasiswa ti Korea,
dina raraga program kerja sama teknologi informasi antara sakola kuring jeung SMK,
ngahaja Indit teh kana angkot, da hoream mawa mobil sorangan mah,
rumasa teu bisa nyetir. komo kana motor mah bangbaungeun,
da kungsi tikusruk ka susukan.

Dina angkot, pinuh ku barudak SMA keur mareujeuhna marangkat beger,
sajajalan teu eureun-eureun gogonjakan, diuk marotah bari tarepak toel.
Didenge-denge teh basa nudipakena basa Sunda anu garihal tea, anu direumbeuy
ku anjing, goblog,sia aing, meni murudul, matak panas kana ceuli.

Watir mah eta nini-nini nu diuk hareupeun budak lalaki nu pangjangkungna,
geus jegoh deui, jegoh deui batuk, teu kuat ku haseup roko nu diserebung-
serebungkeun ku si Jangkung. Ari barudak awewena, lain nyarek
kalah ting karelet garumeulis, tuluy calecengiran nyeungseurikeun
si nini anu pakupis nyingraykeun haseup roko. Ret si nini ka kuring,
kuring imut ka si nini, bari pok ngomong,
cekeng teh, “ Aneh nya Ni, di Bandung mah anjing teh bareuki udud!”
Na, da eta mah ari jep teh barudak jarempe, teuing era teuing reuwas, da tuluyna mah
tarurun. Si nini seuri ka kuring, atoh tayohna mah asa ditulungan.

Nepi ka SMK, gok jeung para mahasiswa ti Korea marake pakean Sunda
karasep jeung saromeah pisan, tuluy bae wawanohan. Ari kuring bet legeg nanya teh ku
Basa Inggris. Ana pok teh dijawab ku basa Sunda, puguh atuh kuring era sorangan, tapi
tungtungna mah maranehna jadi miconggah.

Acara dimimitian, der pidato pangbagea, utamana ti para mahasiswa tea,
tapi salila ngadenge para mahasiswa biantara, pikiran mah ngacacang ka barudak SMA
anu dina angkot tea. Tuluy bet inget ka si John urang Ustrali.
Sobat kuring basa keur jaman kuliah, resep mun ngobrol jeung manehna teh,
keur kasep teh basa sundana lemes pisan, malah aya embohna si eta mah,
salian ti bisa basa Sunda teh bias nari sunda deuih.
Komo kabogohna mah Si Clara bisa tembang cianjuran sagala.
Maranehna mah sok mindeng ngomong ka kuring
pokna teh, “ Bagja anjeun mah jadi urang Sunda”.

Pikiran teh terus bae ngacacang. Inget deuih basa kuring kungsi ngobrol
Jeung Prof.DR. Yus Rusyana, dosen kuring di Fakultas Sastra Indonesia, kapan kanggo
gelar doktorna teh, anjeunna kantos angkat ka Leiden, da referensi kanggo desertasina
ngeunaan basa Sunda ayana di Leiden. Ngalayang deui pikiran teh ka barudak SMA,
naha ari maranehna arapaleun kitu kana budaya Sunda? Kana budaya Sunda? Duh…
Boa-boa teu apaleun, deudeuh teuing anaking, hampura ibu nya, lain salah hidep mun
teu wawuh ka Ki Sunda, lain salah hidep mun teu apal kana tatakrama Sunda.

Salah saha atuh lamun urang Sunda teu apal kana budayana? Malah
kuring sorangan oge sok hayang seuri, anak kuring Si bungsu, ti saprak ka SMA
geus arang nyarita ku basa Sunda. Digeunggeureuhkeun mah meh unggal usik, atuh
di imah tara ieuh diajak ngobrol mamalayuan. Tapi hih! Da mawa karep sorangan.
Hese dibenerkeunana, alesanana teh, “ Da sadaya rerencangan di sakola oge tara
Ngobrol ku basa Sunda”. Tungtungna mah bet jadi keuheul ka diri sorangan,
asa gagal jadi Indung, bet eleh ku pangaruh babaturanana. Enya sanajan manehna
bisa basa Indonesia Jeung basa Inggris, malah sok resep tutulisan sagala,
kirimkeuneun kana koran jeung majalah, tapi hate teh..asa leuwih bagja
lamun manehna ge resep nulis dina basa Sunda.
ngan jigana bakal nurut mun nu nitahna guruna, malum budak mah sok leuwih nurut
ka guru batan ka kolot.
Deudeuh Ki Sunda, ku batur mah diugung-ugung, ari ku urang sundana
sorangan diapilainkeun. Malah rek jiga jati kasilih ku junti. Ieu deuih Pikiran Rakyat,
koran nu geus lila aya di Jawa Barat, apan PR teh nu urang Sunda. Naha tara aya rohangan
husus basa Sunda wanohkeuneun ka para rumajana? Kapan balatak nonoman
panggeuing keur urang Sunda, keur si bungsu anaking, keur murid-murid kuring,
utamana pisan mah keur para inohong Sunda anu aya di laluhur, hayu urang sabilulungan
nyalametkeun rumaja Sunda, ulah nepi ka poho kana budayana, kana jati dirina. Malah
mun bisa mah wajibkeun bae pangajaran basa jeung kasenian Sunda Di SMA/SMK
sa Jawa Barat. Piraku suga ari hayoh dikekeprak ku guruna mah,
barudak teh teu maraksakeun diajar basa Sunda, malaur loba barudak
lulusan Sastra Sunda nu can kaarangkat jadi guru. Kumaha satuju? Cag ah!






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer