DONGENG KEUR URANG AUSI
Asa bungah ngadenge ki sobat jadi guru ngaji. leuh kayungyun pisan
keur bageur teh soleh bisa ngaji deuih! Eta teh langka keur jaman kiwari mah!
Enya jaman kiwari mah jaman edun tea, bet boro-boro ngawurukan batur,
ngahaja ngaji ge hese. Komo ieu bari jeung aya di nagara deungeun.
Mudah-mudahan aya rahmat ti Alloh keur ki sobat!
Hey Ki sobat! Kuring boga dongeng yeuh! Omat ulah diseungseurikeun nya?
Kieu cenah dongengna teh. Aya hiji jelema jahat rek ngadon maok ka imah
haji. Jalanna teh ka para da ambeh rikip. Barang geus aya di para, kabeneran
haji teh keur ngobrol jeung anakna parawan geulis anu geus meujeuhna di
kawinkeun. Eta si parawan teh aya ku nurut sagala kumaha bapa. Tah ceuk
haji teh kieu, ” Nyai anaking, bapa mah hayang boga minantu teh ka nu bisa
ngaji, ngarah aya tuturkeuneun nyai jaga!” ari ceuk si nyai teh, sadaya-daya
abdi mah ngiringan kumaha bapa wae.
Tah barang ngadangu kitu teh si jelema anu rek niat jahat tea, jadi teu jadi.
Manehna mikir, dari pada jadi maling mending jadi minantu pa haji, ngan
kumaha carana nya? Enya da rumasa manehna teh teu bisa ngaji!
Tah isukna si jelema teh datang deui ka imah Pa Haji, gaya naker pakeanana
teh, malah make sorban sagala. Tuluy unjuk salam, atuh reuwas Pa haji teh
aya semah anyar panggih, tapi barang nu datang ngabejakeun pamaksudanana
mah nya atoh we nu aya Pa haji teh. Geus kitu mah teu loba carita, der wae
di tes ngaji. Ana tereleng teh quro meni ngeunaheun pisan sorana teh. Ngan asa
beda kadengena. Kieu cenah ngajina teh
” Ayya sallam, serreh bumbu hayyamm kabirro. Tirillling ka pacilingan manggih
kaddaall maaoott, ayya pa hajji tumpakk kudda nna hulluunna” karek oge sakitu
gorowok teh pa haji ngagorowok, naha eta ngaji teh bet kitu? Ti pasantren mana
ari anjeun? Ditanya kitu teh si bangsat kalah ka ngahuleng, bingung pijawabeun.
Karunya nya ari nu teu bisa ngaji! Teu kacaritakeun ditarima henteuna mah tah
si bangsat teh, ngan ieu mah pieunteungeun keur urang yen hirup teh teu cukup
ngan ukur nyeuseup hawa, tapi sakumaha pidawuh Alloh yen urang diciptakeun
teh teu aya sanes iwal keur ibadah!
Tah Ki Sobat, sakitu dongeng ti kuring! Matak kacida bagjana anjeun mah, bisa
ngaji sanajan ngan saukur apal alip bingkeng ceuk paribasana, tapi eta elmu teh
diamalkeun deui ka batur, eta teh bakal jadi obor jaga keur urang. Cag ah!



Ha …..ha …ha…ah ajeun mah aya2 wae…bisaan etah neangan caritana…alus pembaca pasti sareuri…tah ngabungahkeun jalma teh sarua jeung ibadah…..good luck….keep writing.
Comment by fz — April 9, 2008 @ 9:23 pm
he he he, duh eta mah sim kuring pisan nu teu tiasa ngaji…teu apal alip bingkeng-alip bingkeng acan
Kantenan ngaji diri mah hemm…seueur geuning laku lampah nu teu saluyu sareng bag-bagan agama.
Hatur Nuhun
Comment by gajah_kurus — April 29, 2008 @ 8:08 am
Ah akang mah, apan Alloh mah maha welas asih, atuh hayu urang sami-sami diajar da abdi oge sami leresan eta mah. Mudah-mudahan urang sadayana aya dina magfiroh Anjeunna.
Comment by ren-ren — April 30, 2008 @ 9:11 am