DUH KI SUNDA, Dimuat dina Majalah Mangle n0.2003 feb.2005
asa aya ondangan silaturahmi jeung para mahasiswa ti Korea,
dina raraga program kerja sama teknologi informasi antara sakola kuring jeung SMK,
ngahaja Indit teh kana angkot, da hoream mawa mobil sorangan mah,
rumasa teu bisa nyetir. komo kana motor mah bangbaungeun,
da kungsi tikusruk ka susukan.
Dina angkot, pinuh ku barudak SMA keur mareujeuhna marangkat beger,
sajajalan teu eureun-eureun gogonjakan, diuk marotah bari tarepak toel.
Didenge-denge teh basa nudipakena basa Sunda anu garihal tea, anu direumbeuy
ku anjing, goblog,sia aing, meni murudul, matak panas kana ceuli.
Watir mah eta nini-nini nu diuk hareupeun budak lalaki nu pangjangkungna,
geus jegoh deui, jegoh deui batuk, teu kuat ku haseup roko nu diserebung-
serebungkeun ku si Jangkung. Ari barudak awewena, lain nyarek
kalah ting karelet garumeulis, tuluy calecengiran nyeungseurikeun
si nini anu pakupis nyingraykeun haseup roko. Ret si nini ka kuring,
kuring imut ka si nini, bari pok ngomong,
cekeng teh, “ Aneh nya Ni, di Bandung mah anjing teh bareuki udud!”
Na, da eta mah ari jep teh barudak jarempe, teuing era teuing reuwas, da tuluyna mah
tarurun. Si nini seuri ka kuring, atoh tayohna mah asa ditulungan.
Nepi ka SMK, gok jeung para mahasiswa ti Korea marake pakean Sunda
karasep jeung saromeah pisan, tuluy bae wawanohan. Ari kuring bet legeg nanya teh ku
Basa Inggris. Ana pok teh dijawab ku basa Sunda, puguh atuh kuring era sorangan, tapi
tungtungna mah maranehna jadi miconggah.
Acara dimimitian, der pidato pangbagea, utamana ti para mahasiswa tea,
tapi salila ngadenge para mahasiswa biantara, pikiran mah ngacacang ka barudak SMA
anu dina angkot tea. Tuluy bet inget ka si John urang Ustrali.
Sobat kuring basa keur jaman kuliah, resep mun ngobrol jeung manehna teh,
keur kasep teh basa sundana lemes pisan, malah aya embohna si eta mah,
salian ti bisa basa Sunda teh bias nari sunda deuih.
Komo kabogohna mah Si Clara bisa tembang cianjuran sagala.
Maranehna mah sok mindeng ngomong ka kuring
pokna teh, “ Bagja anjeun mah jadi urang Sunda”.
Pikiran teh terus bae ngacacang. Inget deuih basa kuring kungsi ngobrol
Jeung Prof.DR. Yus Rusyana, dosen kuring di Fakultas Sastra Indonesia, kapan kanggo
gelar doktorna teh, anjeunna kantos angkat ka Leiden, da referensi kanggo desertasina
ngeunaan basa Sunda ayana di Leiden. Ngalayang deui pikiran teh ka barudak SMA,
naha ari maranehna arapaleun kitu kana budaya Sunda? Kana budaya Sunda? Duh…
Boa-boa teu apaleun, deudeuh teuing anaking, hampura ibu nya, lain salah hidep mun
teu wawuh ka Ki Sunda, lain salah hidep mun teu apal kana tatakrama Sunda.
Salah saha atuh lamun urang Sunda teu apal kana budayana? Malah
kuring sorangan oge sok hayang seuri, anak kuring Si bungsu, ti saprak ka SMA
geus arang nyarita ku basa Sunda. Digeunggeureuhkeun mah meh unggal usik, atuh
di imah tara ieuh diajak ngobrol mamalayuan. Tapi hih! Da mawa karep sorangan.
Hese dibenerkeunana, alesanana teh, “ Da sadaya rerencangan di sakola oge tara
Ngobrol ku basa Sunda”. Tungtungna mah bet jadi keuheul ka diri sorangan,
asa gagal jadi Indung, bet eleh ku pangaruh babaturanana. Enya sanajan manehna
bisa basa Indonesia Jeung basa Inggris, malah sok resep tutulisan sagala,
kirimkeuneun kana koran jeung majalah, tapi hate teh..asa leuwih bagja
lamun manehna ge resep nulis dina basa Sunda.
ngan jigana bakal nurut mun nu nitahna guruna, malum budak mah sok leuwih nurut
ka guru batan ka kolot.
Deudeuh Ki Sunda, ku batur mah diugung-ugung, ari ku urang sundana
sorangan diapilainkeun. Malah rek jiga jati kasilih ku junti. Ieu deuih Pikiran Rakyat,
koran nu geus lila aya di Jawa Barat, apan PR teh nu urang Sunda. Naha tara aya rohangan
husus basa Sunda wanohkeuneun ka para rumajana? Kapan balatak nonoman
panggeuing keur urang Sunda, keur si bungsu anaking, keur murid-murid kuring,
utamana pisan mah keur para inohong Sunda anu aya di laluhur, hayu urang sabilulungan
nyalametkeun rumaja Sunda, ulah nepi ka poho kana budayana, kana jati dirina. Malah
mun bisa mah wajibkeun bae pangajaran basa jeung kasenian Sunda Di SMA/SMK
sa Jawa Barat. Piraku suga ari hayoh dikekeprak ku guruna mah,
barudak teh teu maraksakeun diajar basa Sunda, malaur loba barudak
lulusan Sastra Sunda nu can kaarangkat jadi guru. Kumaha satuju? Cag ah!



sim kuring asli sunda asal majalaya, tos ampir 27 tahun ngumbara disabrang (pontianak, kalbar), hirup di lingkungan multi etnis jeung ragam budaya. rada carang gaul jeung sasama urang sunda, da pun bojo ge urang pribumi (malayu), mani pangling ka lembur teh, kadang-kadang naros diri pribadi masih diaku jadi urang sunda da karaosna mung tinggal sunda biologisna, ari budayana mah geus campur aduk
Comment by dickie hendarsah — September 7, 2008 @ 6:59 am
Haturan wilujeng tepang. Bagja pisan tiasa silaturahmi sareng urang Sunda nu aya di pangumbaraan, sanaos mung ukur dina seratan.
Ulah salempang, getih Sunda, jati diri Sunda moal laas ku teu aya di lemah cai Sunda. Justru urang kedah ngaraos bagja salaku urang Sunda tiasa lampar malah apan aya anu dugi ka mancanagara sagala.Abdi percanten saderek mikanyaah ka Ki Sunda. Hatur nuhun ah, wilujeng kenal.
Comment by Weninggalih — September 11, 2008 @ 1:56 am
Bujeng-bujeng di Bandung, dalah di Tasik ge (padumukan simkuring) nu sering kakuping teh obrolan dina Basa Indonesia alias Mamalayuan. Anggot barudak ngora, apan kolot ge sigana gengsi mun kedah nyarios Sunda (kecuali di pilemburan panginten).
Nu matak kagugu mah ari di Supermarket atawa dina angkot, sok aya ibu-ibu keukeuh nyarios Malayu ka budakna teh, ari budakna keukeuh deuih ngawalerna teh ku Basa Sunda.
Comment by Ambu si Kaka — October 8, 2008 @ 2:19 am
ku ayana ieu blog asa jadi ubar ponyo,asa aya di lembur bae,abdi ngumbara di nengri tatangga
Comment by satriowijaya — November 18, 2008 @ 11:01 am
Uluh, kitu nya….atuh haturan wilujeng sumping ka blog pribados. Hatur nuhun upami blog ieu tiasa janten palipur manah nyacapkeun ka sono ka lembur….
Comment by wening — November 20, 2008 @ 12:46 am
Alhamdulillah urang sadaya tiasa petepang dina ieu panglawungan. Perkawis basa nu garihal mah geuning marurangkalih SD, SMP ge ayeuna mah sami bae rupina tos janten kabiasaan. Mugia we atuh kapayunna langkung sae ku ayana conto atanapi atikan tinu langkung sepuh. Hatur nuhun. Salamna we ka sadayana.
Comment by yudi — February 20, 2009 @ 4:21 am
Sumuhun , manawi urang sadayana dipasihan kakiatan tiasa ngamumule basa Sunda. hatur nuhun ah parantos nganjang kana blog pribados.
Comment by wening — February 26, 2009 @ 5:40 am
punten teh, aku ninis dari depok, lg pusing mikirin tugas bahasa sunda, disuruh nyari carpon tp ngga ktemu2. mngkin teteh pnya, aku minta dong! yg buat ank smp teh, makasih.
Comment by ninis swan-cullen — April 3, 2009 @ 6:34 am
assalmu’alaikum…wr…wbr..
sampura sun ki dulur, kula geus 15 taun di Banten,padahal kokocoran getih mah Asgar..sedih mun inget basa sunda geus musnah di sakolaan di sabagian gede sakola di banten.remen kaula merjuangkan supaya basa sunda jadi palajaran di sakola, nya minimal jadi Mulok. tapi nya kitu tea tug tepi ka kiwari can tinekanan..tapi kaula moal rek putus pangharepan…
Comment by Oejoen — May 30, 2009 @ 1:23 am