PUISI-PUISI KEUR NU DI AUSI
Filed under: Curahan Kalbu
CARITA DINA SAJAK
Aya hariring na hate kuring
Galindengna parat mapay peuting
Mepende hate nu simpe
Duh jungjunan
Naha anjeun, mentangkeun jamparing asih lain wanci
Ulah kitu, urang ulah nyieun carita dina sajak
Bisi aya cak-cak bodas,nguar-nguar jadi sasakala
Malum sifatna jalma
Padahal urang mah maya
CEUK ANJEUN
Kuring kungsi tumanya
Kunaon kecap cinta jeung deudeuh
Sok murudul di dunya maya?
Ih, atuda naon hesena, tiba nulis!
Kitu ceuk anjeun harita
Eta jawaban, natrat pageuh dina hate
Nepi ka ayeuna, keun keur sampeureun jaga
Bisi hiji waktu aya jamparing asih
Nu nyasar nembus ka kuring
Tah eta teh, tiba carita
Sakumaha ceuk anjeun tea
SAJAK KURING
Sajak kuring sajak keur anjeun
Nu kaluar tina galura rasa
Pek ku anjeun gera titenan
Sajak kuring sajak keur anjeun
Nu didangding na jemplingna peuting
Na gelikna sora suling jeung jentrengna kacapi asih
Sajak kuring sajak keur anjeun
Haturan tilam katineung
Keur maturan nu teuneung ludeung
Ngumbara di nagara deungeun
Sajak kuring sajak keur anjeun
Teundeun dina handeuleum, tunda dina hanjuang
Bisi anjeun pareng ninggalkeun


