KEUR ANJEUN

Asa aya nu leungit basa urang ngobrol poe rebo kamari.
Komo basa anjeun wakca rek muka carita anyar jeung batur pakumaha,
nu tepung di dunya nyata. Naha cipanonbet nyalangkrung na kongkolak panon?
Padahal teu singna diondang. Tuluy nguat-nguat maneh ulah nepi ka rag-rag
tapi ih..ku teu bisa, pipi angger baseuh. Aneh bet ngadak-ngadak epes meer,
padahal paralun teuing kacepet oge kuring mah tara ceurik.
Cipanon naon atuh eta teh? Cipanon sedih atawa bungah?
Ah jigana duanana nu awor ngahiji jeung rasa. Bungah mireng anjeun geus boga
batur pakumaha. Bungah pedah kuring moal nyaring tengah peuting mikiran anjeun,
mun anjeun pareng hareeng. Enya da sok diwawaas, di imah anjeun sorangan.
Rumanggieung leumpang ka dapur. uyup ayap neangan gelas.
Ah saha atuh nu ngawulaan? Jorojoy rasa kamelang tapi kuring teu bisa nulungan
da boro-boro bisa datang, apan saha jeung di mana anjeun ayana oge kuring teu apal,
atuh kuringna oge teu nyorangan deuih. Nya tungtungna mah ngaran anjeun
sok dipuntangkeun we dina sujud kuring tengah peuting ka nu Kawasa.
( Lain ka nu di luhur sakumaha ceuk anjeun, da ceuk kuring mah nu di luhur teh
paling ge cak-cak atawa toke. Piraku menta tulung ka cak-cak.)
Sedihna, waktu anjeun menta kaputusan kasaluyuan kuring.
Duuhh ieu hate meni hayang jejeritan.Mun anjeun aya hareupeun,
jigana geus digabrug digalentoran. Kudeudeuh pisan atuh anjeun teh
ka kuring. Da mun seug kuring awak nyorangan, ku hayang ber hiber
ka lembur anjeun di nagara kangguru. Moal anjeun moal dibikeun ka
sasaha oge.Anjeun nu kuring ngan keur kuring. Panon tipepereket
dipeureumkeun Sugan dina implengan aya anjeun nembongan.
Gelenyu anjeun siga nu imut, bray panon beunta deui. Kuring istigfar
sababaraha kali kunaon hate bet sarakah? Naha kuring bet jahat boga
pikiran teu uni? Duh hampura bageur! Hampura abdi Gusti, lamun
hal eta janten dosa, palias ulah dugi ka kitu. Insyaalloh kuring ikhlas,
hate wakca, biwir kunyem. Tret nulis dina screen
” Alhamdulillah kuringsatuju pisan” Bagea keur anjeun duaan.
Bral gera papag dunya anyar. Ulah keueung, kudu teuneung.
Anjeun teh lalanang jagat.



ehm karunya teuing,,,,,,,meni tepi ka kitu etah….ka nyaah ka sasama manusa….. kayungyun teuinggggg…….da enya atuh uwa ngadenge…yen silih pikanyaah pikaasih jeung sasama manusa karana Allah geuning eta teh sarua jeung ibadah….teu sangka anjeun mah boga hate anu soleh,,,,mudah2an tong robah ku ka ayaan jaman..ayeuna …sing terus kitu tepi ka umur ninggalkeun alam maya jeung alam nyata…..muga Allah mere kahirupan ka anjeun nu bagja dunya aherat……
Comment by si uwa Ozi — April 9, 2008 @ 8:51 pm
Muga Allah masihan kakiatan ka salira. Keun wios da geuningan jalmi mah tos ditangtoskeun pasanganna sewang-sewangan.
Comment by gajah_kurus — April 25, 2008 @ 1:40 am
Muhun, ah eta mah mung intuisi rehna kantos ngalanglang alam maya he..he..he… pangalaman para mitra.
Comment by ren-ren — April 25, 2008 @ 4:26 am
Ari di jagat maya teh asa ku darareukeut cle kaditu cle kadieu ari gok teh pajonghok geuning, keun urang sewang-sewangan ayeunamah da bongana teu wani wakca, salira anu nandangan ka sedih, asa lalakon kuring ari tos kitu teh, sok waas ayeunamah kantun nineungna, gerentes hate mah sok hayang pajonghok deui. cag ah
Comment by borohol — August 24, 2008 @ 12:20 pm
Ke…ke…ke…, sareng saha tea ieu teh nya? Naha urang kantos tepang kitu? Pami leres teh saha tea atuh, ah wilujeng simpung we nya di blog sim kuring.
Comment by weninggalih — September 3, 2008 @ 4:07 am
assalamualaikum..
nepangkeun teh..eh ibu…wualah naon we nya.lah….hehehe..
abdi penggemar blog teteh/ibu…punten teu wawartoz heula..sieun kaburu ilap
da nuju muka google teh aya blog basa sunda geuning asa ku jarang….truz we ku abdi di add kana blog abdi….teu sawios-wios saanes teteh ibu??
balaz komentarna ka e-mail nya teteh ibu…
wassalam…
Comment by yukez — March 5, 2009 @ 2:09 pm
Wilujeng sumping ka Ayi Yukez, hatur nuhun parantos keresa rururmpaheun sumping ka blog ibu teteh he..he..he…, mangga teu langkung Ayi, bade nyebat ibu atanapi teteh. Ngiringan we abdi mah kulan.
Comment by weninggalih — March 6, 2009 @ 6:37 am
teteh ibu..kumaha damang?
teteh ibu teh bandung na dmana?? da abdi geu keluarga mah di Bandung…di cicaheum….
bilih we aya jodo tiasa tepang silaturahim sareng ibu teteh ..heheheh…
Comment by yukez — March 13, 2009 @ 11:58 am
Alhamdlilah, sawalerna…
Euleuh gening caket atuh di Cicaheum mah, Tteh mah di Rajawali..
Comment by weninggalih — March 17, 2009 @ 8:15 am
waas maca tulisan di liuhur, naha wanoja atawa jajaka nu nulis na, salam tepang.
Comment by maman wahyu — October 9, 2009 @ 3:38 am
haturan wilujeng sumping…, hatur nuhun parantos kataji ku seratan sim kuring nepanglkeun atuh abdi pun reni saratus persen istri…he..he..he…
Comment by ren - ren — October 20, 2009 @ 10:10 am