PUISI HATURAN TI KANG GIBSON
SINANGLING KAKALAKAYAN
bulan moncorong beh wetan
cahayana ngempur na dada…
nu dianti datang ti luhur….
rongheap ti jero dada
digupay dibageakeun…
tos datang disaha-saha….
samagaha ngungudag rasa
bulan dicindung mega warna kulawu
sinangling kakalakayan….
Februari 29, 2008




Duh, upami tos dipaksa kedah maos basa tingkat tinggi samodel kieu, ngahuleng heula, ngaragameneng…
Neuleuman heula, naon nu dimaksad eta puisi…masih poek hehe.
Hatur nuhun
Comment by gajah_kurus — April 29, 2008 @ 8:03 am