KAULINAN KEUR BUDAK
Lamun urang leukeun nitenan kaulinan barudak jaman kiwari,
hate teh sok asa hariwang. malah sakapeung mah make jorojoy
aya rasa karunya. Enya atuda teu kitu kumaha barudak ayeuna mah
teu bisa ulin di alam bebas jiga jaman kuring baheula keur budak
Lahan pangulinanana oge geus jarang aya da dipake bangunan.
Atuh imah-imah meni hareurin pisan ayeuna mah teu baroga buruan.
Tatangkalan geus ditaluaran, susukan geus kalotor da caina pacampur
jeung limbah pabrik. Leuwi geus loba nu di urug,
Deudeuh teuing anaking, dunya hidep kiwari geus ditalikung ku polusi.
Jaman kuring keur budak, mun pere sakola teh sok cicing di imah nini.
Da eta resep rea batur ulin jeung rea kaulinanana. Bangsaning : galah jidar,
gobak sodor, sorodot gaplok, gatrik, congklak, huhuian, perang gobang,
maen kaleci, maen karet, ngadu jangkrik, slep dur, waahh ditataan hiji-hiji-
mah loba pisan. Ari kuring mah keur budak teh karesepna kana anjang-anjangan.
Pagawean teh nyieunan oorokan tina sesebitan. Leungeunna ku nyere,
keur bubuukanana sok ngahaja neangan bola kusut atawa rambut nini
nu marurag. Da nini mah sok leukeun mun meresan teh rambutna sok
dikumpulkeun, keur sobrah pajar teh. Geus kitu tuluy nyieun babajuanana
alus di reka-reka, komo mun pareng aya renda mah. Eta kabeh dijieun
ku sorangan, dirancang ku sorangan. Teu bisa meuli jiga ayeuna, da jeung
euweuh deuih keur meulina. Mun teu anjang-anjangan, nya dadagangan.
Karesep teh dagang lotek. Suukna teh tina taneuh Ih da asa enya we
jadi tukang lotek. Dibeulianana teh ku daun kembang sapatu minangka
duduitanana.
Geus dadagangan biasana mah dituluykeun kan hahajatan.
Tempatna teh di pos ronda. Hajatna biasa kakawinan. Kuring mah
tara daek jadi panganten, kitu we sok jadi sutradara anehna teh deuih
diturut we sagala omongan kuring ku babaturan, eta meureun pedah ti kota.
Nu jadi panganten biasana mah Nyi Wiwi incuna Ma Iti dikawinkeun
ka Jang Wahli anak Wa Endon.
Nyi Wiwi didangdanan make makuta nu dijieun tina daun sawo,
minangka sigerna, tuluy dipasieup ku kembang sawo beunang ngaronce.
Pipina diwedakan ku siki kembang tarompet, biwirna dibeureuman
ku babasaran. Puguh we pipi meni camohok ari biwir burahay beureum
badis we kedok bali. Tapi teu kitu keur Nyi Wiwi mah, asa geulis we
da panganten. Ari Jang Wahli mah teu loba direka, cukup dibeubeuran
jeung dikopeahan we, anu sarua dijieunna tina daun sawo.
Juru riasna Si Ilat anak Bu Haji Halimah.
Geus didangdanan duanana direndengkeun rek dirapalan.
Nu jadi lebena Si Agus. Beres dirapalan tuluy disawer, sindenna teh
Nyi Imas kapi lanceuk kuring. Beres nyawer tuluy tatanggapan.
Aya serimpi, aya wayang. Tah palebah nyerimpi mah bagean kuring.
Da urang lembur mah arang langka nu bisaeun tari serimpi.
Ari ngawayang dalangna teh Si Uus, wayangna dijieun tina daun sampeu
atawa jarami. Matak dedengeun mun Si Uus keur ngadalang, komo lebah
ngabojegkeun Si Cepot mah, nu lalajo tangka cacalakatakan.
Wanci asar biasana barudak dibuburak Ku Wa Tayubi.
Dititah buru-buru baralik ka imah tuluy marandi ka pancuran
ngarah buru-buru indit ka tajug ngaderes quran. Kuring mah
tara milu ka tajug da sieun ku Wa Tayubi nu dedegenana perenges hideung
matak sawan budak. Kuring mah sok ngaji we jeung nini di pangkeng.
Ngaji nepi ka bedug magrib. Bada magrib mun pareng caang bulan,
barudak teh sok arulin deui diburuan arucing sumput.
Palebah ucing sumput mah tara milu da dicarek ku nini, basana teh
” Cicing nyai mah di dieu ulah milu liar ti peuting bisi dirawu kelong”
Aya nu teu ngarti ku polah nini. Lamun pareng caang bulan,
kuring sok dimandian dina golodog. Dimandian ku cai kembang tujuh
rupa meunang mipit nini ti buruan. Teuing naon maksud nini kitu peta
Teh da kadenge nini sok gegerenyeman sorangan. Nu kainget kieu nu
digerenyemkeunana the: “ Sing mulus ra ,rahayu berkah salamet.
Jadi budak soleh, luhur darajatna, deukeut jodona, parek rejekina,
luhur elmuna, luhur ahlakna, jeung jauh balaina.”. Kitu cenah ceuk nini teh.
Ari kuring, dimandian the atoh we nu aya.Malah sokCecengiran sagala
bari sidengdang jeung ucang-ucangan.
Kumaha maunatna tah gerenyem nini teh? Nya palebah deukeut jodona mah
memang enya, da barang lulus ti SPG oge kuring mah geus aya nu ngalamar.
Atuh urusan parek rejeki, nya alhamdulilah sanajan kuring jeung jeung salaki
hirup ngan saukur jadi guru, tapi teu ripuh-ripuh teuing. Ngan palebah jadi
budak soleh, tah duka teuing lebah dinya mah. Enya da apan ari soleh mah
lain ceuk sorangan tapi kudu ceuk batur.
Balik deui kana kaulinan. Lamun teu dadagangan, barudak teh sok ngabring ka susukan atawa ka leuwi ngadon mandi. Jalanna mapay pasawahan. Anu sawareh mah eta sawah teh aya nu dipelakan hui, bonteng, bangkuang jeung kacang panjang. Ngarana budak, teu sugema mun leumpang bari teu ruwal rawel teh. Tah bari leumpang kuring sabatur-batur sok bari metik bonteng atawa kacang panjang. Kalan-kalan ngala hui boled atawa bangkuang. Kitu ge mun pareng nu bogana keur bongoh, da ari aya mah teu wararani teuing.
Ari nu boga kebon jeung sawah, ngaranna Mang Sukadis. Galak alah batan maung keur anakan.
Awakna perenges, pakulitan hideung lestreng, sieun kuring mah kunu model kitu teh. Kungsi hiji waktu mah kuring sabatur-batur kaperego keur ngala bangkuang. Teuing ti mana jolna da ujug-ujug belewer aya batu, untungna teh teu keuna. Singhoreng Mang Sukadis keur ngabedega we deukeut imahna. Untungna teh, antara kebon hui jeung imahna rada anggang. Imah Mang Sukadis mah ayana di tengah sawah. Atuh waktu Mang Sukadis gagarawakan , barudak mah teu ieuh sieun. Kalah hayoh marorosotkeun calana tuluy ting parorete naronggengan ka Mang Sukadis ( Alhamdulillah, lebah dieu mah sim uing teu kabawa sakaba-kaba he..he..he.. ) Atuh puguh Mang Sukadis beuki napsu. Manehna ngudag bari ngamang-ngamang bedog. Barudak birat lalumpatan muru leuwi bari areak-eakan.
Tepi ka leuwi, der nyarieun rakit tina gebog cau. Barudak awewe mah tuluy we rarakitan, ari barudak lalaki di baluligir,jleng laluncatan ka leuwi karokojayan bari ting karoceak. Mun teu di leuwi ngarojay teh sok disusukan. Resep teuteuleuman bari silanglang. Kuring oge sok resep papalidan di susukan anu caina canembrang herang. Malah hiji waktu mah kungsi kabawa palid sagala ku caah deng-deng. Sugan teh rek maot harita, laahh mun teu ditulungan ku Mang Uli tukang ngala lauk mah, jigana matak hanteu. Orokaya, ti harita kuring dicarek ku nini teu meunang ulin deui ka leuwi.
Kiwari sagalana kari waasna. Jaman keur budak geus lawas kaliwat. Deudeuh teuing barudak ayeuna mah, jigana hese rek boga pangalaman jiga kuring baheula. Da eta alamna oge apan geus beda. Alhamdulillah Gusti, abdi tos dipasihan lalakon hirup anu sakitu endahna.



Duh meni asa wararaas…ku galah jidar, gobak sodor, sorodot gaplok, gatrik, congklak, huhuian, perang gobang, maen kaleci, maen karet, ngadu jangkrik, slep dur.
Ayeuna mah kanggo barudak cekap ku PS, WII, TV, HP, Laptop nya…:-D
Eta pangalaman teh meni mirip sareng pangalaman sim kuring kapugkur he he he.
Salam kenal we, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka blog sim kuring.
Comment by gajah_kurus — April 24, 2008 @ 9:09 am
Haturan wilujeng sumping, hatur nuhun kana komenna. Muhunnya meni waraas. Salam kenal deui ah. Diantos komentar nu sanesna
Comment by Administrator — April 24, 2008 @ 9:34 am
Sanes tuturut munding daek samedin,ari aranna zaman baheula mah sigana sarua bae moal beda jauh da eta weh ngieun momobilan cukup ku jeruk Bali, aya jajangkungan, aya deui batok kalapa dibere tali tengahna terus dijepit kuindung suku jadi weh sesendalan lamun lobaanmah sok ngajadikeun irama, ari balik ngaji sok mawa obor sakalian neangan buah anu murag ku asak atawa sesa kalong. Sok waraas teh, malah sok didongengkeun kabarudak ge bangun anu raresepeun pisan, cing atuh sing sering ngadamel carpona, kuring bakal satia macana, hatur nuhun
Comment by morosono — August 30, 2008 @ 2:58 pm
Heu…heu…muhun nya, tenan pami usum sasih saum jiga ayeuna mah. Mung jigana salira mah kalebet budak soleh da eta kana bubuahan oge meni ngantosan nu muragna. Benten sareng sim kuring mun teu di ajul teh asa kirang afdol he..he..he.. matak asa seueur dosa keur budak teh, ngadoresakeun wae kolot. Hatur nuhun ah tos nganjang ka blog sim abdi.
Comment by weninggalih — September 3, 2008 @ 4:01 am