Lembur Kuring Karang Pamidangan

May 28, 2008

DEUDEUH TEUING EMIH

Poe Salasa pukul 11 di ruang Tata Usaha, katingali Si Emih
( Bu Romaya senior kuring ) keur ngahuleng bangun nu bingung.
Panasaran kuring nanya.
” Kunaon Mih, hulang- huleng wae, sok paur abdi mah, kari-kari
BBM naek, der Emih hulang-huleng” cekeng teh ngaheureuyan.

” Cicing siah Neneng, kolot keur lieur teh!” tembalna, bari angger
siga nu bingung, diuk menekung hareupeun Bu Hj. Nunung bari
pameunteuna reueuk lir langit nu pinuh ku pihujaneun. Angger deuih
Si Emih mah nyebut ka kuring teh Neneng. Teu beunang dicarek.
Enya da kuring mah teu rumasa turunan Eneng.

” Muhun, lieur teh lieur ku naon atuh Mih?”

” Ieu tah tempo! Mikiran nu kieu Emih teh!” pokna bari golosor
mikeun map ka kuring, geuwat ditingali, singhoreng teh sertifikat.

Enya sertifikat lulus sertifikasi guru ti Universitas Islam Negri Bandung
da apan Si Emih mah guru agama jadi dibere sertifikatna teh ti UIN.

Atuh puguh kuring milu bungah, Si Emih ku kuring dirangkul.
” Bagja..Mih, atuh tereh dieusian rekeningna” enya apan ceuk beja
guru anu lulus sertifikasi teh bakal nambahan gajihna jadi dua kali
lipet. Etah gera saha guruna nu teu ka bongroy.

” Rekening..rekening tujuh puluh, sidik lieur!”
Ceuk Si Emih deui, keukeuh ngan lieur jeung lieur wae.

” Lieur kumaha kitu Mih?” kuring kalahka beuki panasaran

” Neng, poe ieu Emih teh geus ngalalakon! Geus aprak-aprakan! Heueuh
tadi isuk-isuk Emih ka UIN nyokot sertifikat bari nanyakeun kudu kumaha
prosesna geus kieu, ari jawaban ti UIN teh ” Kami hanya sebatas mener-
bitkan sertifikat, urusan selanjutnya coba konfirmasi ke Depag. Atuh kencling
cape-cape oge Emih teh ka Depag, pok deui tatanya. Ari pek jawabanna teh
kieu ” Kami sedang sibuk mengurus NUPTK. Ibu kan tugasnya di Diknas,
apa sudah ditanyakan ke Dinas? Kapalang cape gidig ka dinas,ti dinas teh
jawabanana kieu” Urusan guru agama mah bagian Depag” Coba kumaha
Emih teu jangar tah! Cing ceuk Neneng kumaha?” Si Emih kalahka
jadi malik nanya ka kuring.

” Taahh, manawi atuh Bu Reni mah terang ” Bu Haji Nunung anu ti tatadi
anteng ngabandungan milu mairan.

Kuring ngahuleng sakeudeung, enya boro-boro kuring atuh, apan eta nanya
keun ka sungapanana langsung oge jawabanana kitu. Tapi lain oge kuring
ari teu bisa ngajawab mah.

” Nu kitu wae make jeung lieur Si Emih mah. Kieu we ayeuna mah. Eta serti-
fikat ku Emih laminating sing sae, teras talian, kongkoyangkeun kana dada.
Tah tos kitu teras angkat ka BRI. Pan BRI sanes anu ditunjuk mayarna teh?
Tah tos kitu mah langsung we tepangan kasirna, teras nyarios sing tarik bari
nulak cangkeng, kieu pok-pokanana ” Urang geus lulus yeuh, buru bayar!”
kade ulah hilap nepak dada” pok teh bari pepeta.

Na atuh, nu aya kabeh ting barakatak. Komo Bu Haji Nunung mah bendahara
sakola, bari seuseurian teh make jeung kurah- koreh sagala kana lacina, sugan
teh neangan naon, ari pek teh tali cenah. Da ari gorehel, song we si tali teh di
asongkeun ka Emih.

” Tah ieu talina sae’” pok na teh atuh ger sareuri beuki ayeuh-ayeuhan, da loba
jelema di ruang TU teh.

‘ Nurustunjung siah Neneng ka kolot teh, ngan ngaheureuyan wae!’ Si Emih
kukulutus tapi bari babarakatakan tangka cipanonan.

” Emih…Emih, barina oge atuh diemutan teuing. Na iraha pamarentah
tiasa dicepeng jangjina ka guru.”

” Lain kitu Neng, atuda meni teungteuingeun pisan, tilu poe tilu peuting Emih
teu sare alatan nyusun forto folio, dituluykeun sapuluh poe milu diklat, meni
ripuh. ari geus lulus kieu jadina!” ceuk Emih bari ceuceuleukeuteukan.

” Sing sabar we Mih, tos waktosna oge moal burung turun rekeningna” omong
kuring bari sakalian amitan rek ka ruang guru. Hate reug-reug ninggalkeun
Emih geus cenghar deui.

Enya bari jeung nasib sertifikasi kuring ge teuing kumaha, da kakara bulan
kamari kuring mah miluanana oge, eta oge bane wae dihayoh-hayoh ku
babaturan, malah ditelepon sagala ku Kasubag keukeuh kudu milu.
Asalna mah haroream, teuing teu nafsu ka nu karitu teh. Mending oge
suka seuri gogonjakan jeung barudak di kelas, puguh karasa bagjana. Cag ah!

6 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2008/05/28/deudeuh-teuing-emih/trackback/

  1. Ha …ha ….ha…. dasar bu reni teu di maya teu dinyata beuki heureuyna teh. tapi sae jadi ngabungahkeun batur………apan ngabungahkeun sasama manusa teh sarua jeung ibadah….sok lah ameh awet muda

    Comment by urang ozi — May 28, 2008 @ 10:04 am

  2. Ah jadi kaingetan ka kolot abdi baheula. Kumaha sesahna tah ngurus-ngurus serat teh….
    tapi bagja na teu katulungan pas nampi gajih ka tilu belas hehehehe

    Sok atuh diantosan di http://airimbang.wordpress.com

    Comment by M. hadian — June 9, 2008 @ 7:06 am

  3. Haturan ka Kang Ozi kumaha damang? he..he..he… muhunnnya kumaha atuh Kang panyawat resep heureuy teh sesah damangna.

    Comment by reni — June 10, 2008 @ 3:06 am

  4. Allaaahh ieung, gening blog abdi teh kasumpingan wargi enggal. Duh bagja pisan haturan wilujeng sumping, insyaalloh engke abdi nganjang ka blog salira.Hatur nuhun ah.

    Comment by reni — June 10, 2008 @ 3:09 am

  5. Teteh.. aduh meni dugi ka cirambay ieu seuri.. kabayang eta si emih nyanyandak laminating sertifikat dina dadana .. teras cocorowokan di BRI .. payuneun kasir..sigana satpam ge moal tiasa nyarek malah sieuneun nya ..hahahaha… alhamdulillah meni raos ieu seuri….nuhun ah

    Comment by tika — August 27, 2008 @ 8:48 am

  6. Alhamdulillah atuh pami ieu seratan tiasa janten pangbeberah manah mah, ah dasar tea we atuh yi, kitu gening nya di dunya atikan teh seueur pisan pikalucueun, pikasediheun sareng pikayungyuneun. Hatur nuhun ah tos nganjang ka rorompok.

    Comment by weninggalih — August 28, 2008 @ 6:21 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer