Lembur Kuring Karang Pamidangan

September 9, 2008

CARTIBAG HA…HI…HU…HEU..HEU…..

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

Bagian 1

Nyaba Ka Jakarta

Akang hayang jalan-jalan, nya nyaba ka Jakarta ka Mang Jaja baraya akang.
Ka Jakartana kana kandaraan panjang. Sajajalan akang nyawang pamandangan alam.
Pasawahan marakbak matak waas, matak kagagas. Na..ana baranyay aya kalangkang
randa anyar na bayangan akang. Bayangan kawas kalakay kakalayakan.
Akang kabandang, akang kasmaran , dayagdag akang ngadayagdag na papan panjang.

Bada Asar akang datang ka Jakarta. Nyampak aya Mang Jaja dadapangan na palang dada.
Asa-asa akang nanya. ” Mang Jaja damang?” tanya akang
” Jag-jag Jang!” jawab Mang Jaja.
Akang ngawas-ngawas Mang Jaja. Rarasaan akang, Mang Jaja asa hayang katangar
dadapangan na palang dada sagala.

Mang Jaja baraya akang, anak Bah Atma. Bah Atma nyaah ka akang,
matak ka Bah Atma mah akang asa ka bapa. Hanjakal Mang Jaja can apal
saha-sahana akang. Walah jam salapan nya,akang asa lapar.
Ah calawak saja ka Mang Jaja yah…
” Mang, akang hayang dahar” lah-lahan akang ka Mang Jaja.
” Tah, hayang dahar mah aya nangka atah” jawab Mang Jaja.
” Haar. na dahar nangka atah?” tanya akang
” Apan hayang dahar, nya da ayana nangka atah, nya saaya-aya alakadarna,
wayahna hakan” Mang Jaja rada nyangangang.
Akang panasaran, asa can ngajran dahar nangka atah. Ah da lapar am akang
dahar nangka atah. Barang am, asa aya kadaharan malang na padaharan.
Akang calangap. Karasa nagka atah ngagalak sak nyasar awak. Ah…ah.
..akang payah.
” Haram jadah Mang Jaja, dasar Mang Jaja bangkawarah. Apan bahaya
dahar nangka atah mah. Akang ngadapang na ranjang, padaharan asa karancang,
tarang panas, awak asa ngalayang.

Ah…hayang bagja jalan-jalan ka Jakarta kalah nalangsa.Asa kakara aya baraya
kawas Mang Jaja , anak nganjang kalah maraban nangka atah.

Panyangka akang mah Mang Jaja nyaah ka akang kawas Bah Atma.
Akang nyalahan. Mang Jaja kawasna can sawawa, can apal saha baraya,
can apal saha akang. Matak akang sabar da kapan ka baraya.
Da akang mah nyaah ka Mang Jaja sanajan Mang Jaja harak ka akang.
Cag aha, jangar!

BAGIAN 2

NYI ITI

Ih Nyi Iti kiih di pipir Nini Icih, nyirilik wiss…wiss…..wisss. Nini Ici bijil ti pipir
Ti mimiti Nyi Iti kiih di pipir, Nini Ici nyidik-nyidik, nilik-nilik Nyi iti. Ti gigir
Bi Wiwi nyikikik. Hi.hi..hi…Nyi Iti kiih di pipir…hi..hi..hi
Nyi Iti isin,ih Bi Wiwi….Iti isin.

BAGIAN 3

NUNU

Uluh..uluh Nunu nuju mubuy suung. Bujur Nunu budug. Nunu bubulucun
muru guru-guru nu ngudud surutu. Guru-guru murukusunu tuluy muru
Nunu nu nguluwut.

Nurustunjung Nunu! Guru-guru kukulutus. Nunu murungkut, bru rubuh
burudul ulu-ulu nulung Nunu. Tulung…tulung Nunu lulungu, Nunu lulungu!
Ulu-ulu ngurus Nunu nu ngudupruk.

Brul guru-guru nyusul Nunu nu ngudupruk. Bu Ucu, Bu Yuyun, Bu Lulu
tug Bu Juju muru Nunu nu ngudupung. ” Uluh-uluh Nunu lulungu?”
” Nunu nu budug bujur rubuh ku lulungu? Nurustunjung!” Bu Ucu kukulutus
Nunu nyuuh tuluy murungkut, ” Pundut umur, pundut umur!’ Nunu mundut pupus.
Subuh-subuh, Nunu pupus, guru-guru nu nurustunjung wungkul nu ngubur Nunu.
Muhun Nunu, Nunu culun nu budug bujur pupus. Sumuhuuuunnnnn Nuunnn.

6 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2008/09/09/cartibag-hahihuheuheu/trackback/

  1. ha ha ha…..lucu lucuna mah tapi teu ngarti hartina. ah da abdi mah resep oge cartibag teh siga novel aya caritana komo love story and happy ending bisa membuat saya ikut happy juga….he he he…..

    Comment by fz — September 9, 2008 @ 11:23 am

  2. ih, apan ieu mah carita haha hihi, he..he..he…

    Comment by Weninggalih — September 11, 2008 @ 2:15 am

  3. wah, sayah dapat kabagjaan yah…
    aya carangka anyar na paragrap…
    jangan asa-asa yah, sayah bangga …
    ada baraya yang anyar datang ka alam maya…
    ngan can karandapan sadaya
    wayahnya , mapag yang anyar…
    rada langka datang…
    bagja ka sadaya yang anyar datang…
    Cag!
    rampa awak…
    he33x!
    …ciao tea…

    Comment by ciao1707 — September 19, 2008 @ 4:53 pm

  4. Uluh- uluh…
    mani asa nmbe ningal sajak kitu…
    sawios teu ngartos ge abimah tapi asa aneh ngaos sajak na…

    Comment by hari — September 20, 2008 @ 4:49 pm

  5. Lakadalaahhhh, bagja..bagja aya baraya anyar nyapa sayah, ha..ha…ha…

    Comment by wening galih — September 26, 2008 @ 3:51 am

  6. sumuhun, puguh nuju rusuh nyunyuhun suluh, hu..hu..hu…. eh naha teu nyambung nya, haturan wilujeng sumping di blog pribados. Hapunten pami teu kahartos eta mah da mung ukur coretan tamba ngalamun, he..he..he…

    Comment by wening galih — September 26, 2008 @ 3:55 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer