TEUNGTEUINGEUN
Kusmin jeung Aman keur diuk paduduaan di pos ronda
Kusmin : Teungteuingeun aing mah euy!
Aman : Baku maneh mah ari geus humandeuar teh, teungteuingeun kunaon?
Kusmin : Heueuh ku nasib diri, boga rupa teh urang mah teu galib jeung batur. Irung nambru,
panon bolotot. Pantes Si Tuti rek teu bogoheun ge ka urang
Aman : Gagabah ngomong teh! Ceuk saha Si Tuti teu bogoheun ka Ente?
Kusmin : ( curinghak bungah ) Nu bener euy? Naon buktina Si Tuti bogoh ka urang?
Aman : Eta we Si Tuti sok kadenge hahariringan lagu Darso. Kieu cenah
” Boga kabogoh jauh, keur jauh teh goreng patut ………” ( teu dituluykeun da
kaburu ditenggor ku Si Kusmin )
Karunya ku Ahcong urang Taiwan nu hayang jadi warga nagara Indonesia
manehna hayang pisan nganjrek di tanah Sunda. Nya ku Pa RW teh di tes
Teu pira ukur di tes sila ka hiji pancasila.
Pa RW : Cikan Cong naon ari sila kahiji
Ahcong : Tuhan Solangan Bae…..
Pa RW : Haarrr……na bet kitu?
Dijawab ku sekretaris RW : Eta panginten Pa, maksadna mah Ketuhanan Yang Mahaesa:
Pa RW : Kitu jigana mah, ah mending ngapalkeun heula we nu bener Cong!
Ke di tes deui. Ceuk Pa RW bari ngaleon, Ahcong tiba olohok! Deudeuh!



hahaha, bisaan lah si ibu ngabodorna.
Comment by hevi.fauzan — November 3, 2008 @ 6:15 am
Ah heureuy we Yi, tambi ngalamun. Atuda eta ngantosan pengumuman sertifikasi teu acan jol keneh wae. He..he..he..
Comment by weninggalih — November 4, 2008 @ 7:43 am
wah katingaleun, eta sih poho tara muka blog iyeu. da nu sok di bukaan wae mah blog renik. Hampuranya……atuda meni sarakah hayang loba blog….enya meni lucu eta lulucon, Kumaha tos kenging setifikasina….(pura2 ngarti naon sertikasi teh…he he he….)
Comment by fz — November 12, 2008 @ 9:18 pm
hehe seuri ah
Comment by LieZMaya — November 29, 2008 @ 1:01 am
jadi uninga ka rerencangan abdi nu kapungkur nuju latihan upacara bendera di sakola,….anjeun na teh orng jawa asli mun nyarios teh medok logat jawana teh teu ical.kaleresan anjeun na teh bagean pembaca pancasila,pas prak na anjeuna ngabaca…………………
pancasila
satu…gusti allah ora nana bature….
dua….konco - konco ne wis adil kabeh
tah nu katilu sadaya peserta latihan ger saleuri nyakakak…….sing horeng teh nyebat sila ka tilu kieu……………
tiga…………..INDONESIA WIS KOMPAK………………..
eta si kehed teh cuek we bari culang-cileung……………..???
Comment by yohan — December 25, 2008 @ 7:32 am
wakakakakakakak…..seuri gede euy!!
Comment by Oejoen — May 30, 2009 @ 1:27 am