KABAYAN DINA CARITA
Carita 1
WARTA HA…HA…HA…
Si kabayan kakara datang ti Jepang. Di Jepangna teh manehna
tas ngayakeun panalungtikan ngeunaan pertanian. Datang ka lemburna
tuluy ngayakeun ceramah di hareupeun para patani. Ari ceramahna teh
ku basa Jepang anu ditarjamahkeun ku Si Ibro.
Kabayan : Toshiba to kawasaki, watakushi, wa nipondenso no mitsubishi
fuso desu neh……
Si Ibro : Bapa-bapa jeung aki-aki. Kuring kakara datang ti Jepang, ayeuna
didieu rek ngayakeun ceramah ngeunaan hama fuso…..”
Kabayan : Chotto mitte Tohatsu to Komatu, Are wa Teijin Tetoron Colt mini.
Si Ibro : Kudu diconto Si Toha jeung Si Komar. Tadina rajin melak pare
ayeuna ganti melak engkol”
Kabayan : Sanyo Fuji Color National Gobel…!
Si Ibro : Lamun halodo, nyebor kudu make Sanyo, ulah poho dikolor ambeh
henteu gubal- gabel….!
Hadirin surak ayeuh-ayeuhan…………
CARITA 2
Si Kabayan nelepon redaksi mangle, maksudna rek ngirim naskah
Kabayan : Sareng redaksi Mangle?
Redaksi : Leres
Kabayan : Tiasa kitu ngintunkeun carita nyambung
tina telepon?
Redaksi : Maksadna?
Kabayan : Sumuhun abdi macakeun carios nyambung
tina telepon, saderek anu ngetikna ti dinya.
Redaksi tangka buncelik bakat ku ambek!
CARITA 3
NGAPALKEUN
Iteung : Teu rido siah aing mah! Ayeuna keneh gancang
anteurkeun ka abah reujeung ka ambu!
Kabayan ( reuwas ) : Kunaon sia teh Iteung teu pupuguh?
Iteung ( ngabelehem ) : Keur ngapalkeun piomongeun, bisi kajadian
abdi dicandung ku akang”
CARITA 3
NYANDU
Nyi Iteung : Cik atuh Kang, carek tukang ngarang teh
ulah ngaromongkeun urang wae kituh!
Kabayan : Moal bisa, Teung…. maranehna geus nyandu
kana ngomongkeun urang.
Diropea tina Mangle


