AYA WARTA TI KI ADI
Peuting harita teh rarasaan mah keur maca buku Andrea Hirata anu judulna Endensor. Keur kitu torotot HP disada da ayana gigireun pisan. Barang diangkat , aya sora lalaki meni ngoncrang tapi agem pinuh wibawa. Ditempo nomerna teu apal.
“ Nuju naon….” Ceuk sora ti ditu
“ Ah, biasa we nuju maca, punten sareng saha ieu teh?” ceuk kuring.
“ Abdi Gibson”
“ Ooohhhh si Akang ieu teh?” ngomong kitu , sirah mah lung-leng, panon rucang riceung. Ret ka gigireun bapana ngageubra bari leungeuna nyampay dina dada kuring. Biasa salaki teh ari sare kudu we bari ngeukeupan. Astagfirullahaladzim, gening kuring teh lain keur maca tapi keur sare.
Enya inget ayeuna mah, beres solat magrib, bapana ngajak dahar di luar. Balik teh pukul 19.30. Tah harita kuring langsung ningali HP anu tinggaleun handapeun anggel. Katempo aya panggilan tak terjawab nepi ka dua kali bari nomerna teu wawuh. Tuluy we ku kuring dikirim SMS, nanyakeun saha-sahana da bisi penting, hanjakal teu aya jawaban. Nya geus kitu mah goledag we kana tempat tidur ngadon gogoleran, ari bapana mah langsung solat isa. Jigana mah tuluy kasarean kuring teh da eta hudang-hudang teh kagareuwahkeun ku sora HP. Sarta ngaran Kang Gibson sapada harita langsung nyadarkeun kuring yen sora HP teh lain dina impian tapi aya di alam nyata. Tetela Ki Adi, Kang Gibson ( Alaaahhh baringung nya, ongkoh Adi tapi nyebut Akang, tong boro nu maca, kuring sorangan ge teu ngarti naha bet nyebut akang) nu nelepon teh, ngabejaan perkara pendaftaran PNS anu beurangna diobrolkeun ka kuring dina chat. Jigana teuing kahartieun teuing henteu tah ku si akang jajawaban kuring , da atuh ngomongna ge bari lulungu, padahal kakara pukul 21.30 harita teh.
Enya apan beurangna kuring jeung Si Akang teh ngobrol dina PM ngeunaan penerimaan PNS anu ayana di tempat Si Akang pisan. Tuluy diimplik-implikan yen Ki Adi Kang Gibson rek nelepon ka kuring mun geus jelas informasina. Atuh kuring kacida nganuhunkeunana ka Ki Adi, kitu deui waktu dibejakeun ka salaki. Da nya eta kuring teh boga anak nu cikal anyar pisan lulus ti Unpad can boga gawe nu bener, sugan jeung sugan aya milikna bisa jadi pagawe negri.
Teu sangka bakal nelepon peuting eta keneh Ki Adi teh. Singhoreng nu nelepon teu kaangkat oge Ki Adi gening. Duh kubageur atuh boga adi teh, cacak can kungsi panggih enya da malum atuh adi panggih geus gede, duduluran di dunya maya. Da sorana oge daek salamet kakara apal peuting harita we. He..he..he…
Nuhun Kang kana informasina. Hapunten teteh ngawaler bari lulungu. Deuh mun seug Akang teu nelepon, jigana mah kana moal salat isa da pastina ge pules nepi ka subuh. Adatna kuring mah ari geus ngambeu anggel teh. Alhamdulillah ku ayana telepon ti si akang, salian ti meunang informasi pendaftaran PNS , kuring bisa nganggeuskeun tugas nu kudu beres poe ieu keur presentasikeuneun dina rapat para wakasek. Sakali deui hatur nuhun. Hatur salam deuih ti pun lanceuk. Da sanajan teu acan kantos tepang oge, pun lanceuk tos kenaleun ka Akang, pan ku abdi sok diobrolkeun. Pap, urang teh boga adi hiji deui lalaki namina Gibson. He..he..he…



mudah2an nya tuang putra digampilkeun sareng di lancarkeun ngengingkeun sagala cita2na anu mangpaat dunya aherat. terutamina mendapatkan pekerjaan yg sesuai dan yg disenangi….mugi2 kenging PNS…….didoakeun ku uwa…
Comment by fz — November 24, 2008 @ 3:16 am
hebat uy ieu indung kuring………………mugi di berbudidayakeun
kasenian2 urang nu toz bade tilelep ku modernna jaman.
Comment by yohandi permana — December 23, 2008 @ 3:00 pm