Lembur Kuring Karang Pamidangan

November 18, 2008

KABAYAN DINA CARITA

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

Carita 1

WARTA HA…HA…HA…

Si kabayan kakara datang ti Jepang. Di Jepangna teh manehna
tas ngayakeun panalungtikan ngeunaan pertanian. Datang ka lemburna
tuluy ngayakeun ceramah di hareupeun para patani. Ari ceramahna teh
ku basa Jepang anu ditarjamahkeun ku Si Ibro.

Kabayan : Toshiba to kawasaki, watakushi, wa nipondenso no mitsubishi
fuso desu neh……

Si Ibro : Bapa-bapa jeung aki-aki. Kuring kakara datang ti Jepang, ayeuna
didieu rek ngayakeun ceramah ngeunaan hama fuso…..”

Kabayan : Chotto mitte Tohatsu to Komatu, Are wa Teijin Tetoron Colt mini.

Si Ibro : Kudu diconto Si Toha jeung Si Komar. Tadina rajin melak pare
ayeuna ganti melak engkol”

Kabayan : Sanyo Fuji Color National Gobel…!

Si Ibro : Lamun halodo, nyebor kudu make Sanyo, ulah poho dikolor ambeh
henteu gubal- gabel….!

Hadirin surak ayeuh-ayeuhan…………

CARITA 2

Si Kabayan nelepon redaksi mangle, maksudna rek ngirim naskah

Kabayan : Sareng redaksi Mangle?

Redaksi : Leres

Kabayan : Tiasa kitu ngintunkeun carita nyambung
tina telepon?

Redaksi : Maksadna?

Kabayan : Sumuhun abdi macakeun carios nyambung
tina telepon, saderek anu ngetikna ti dinya.

Redaksi tangka buncelik bakat ku ambek!

CARITA 3

NGAPALKEUN

Iteung : Teu rido siah aing mah! Ayeuna keneh gancang
anteurkeun ka abah reujeung ka ambu!

Kabayan ( reuwas ) : Kunaon sia teh Iteung teu pupuguh?

Iteung ( ngabelehem ) : Keur ngapalkeun piomongeun, bisi kajadian
abdi dicandung ku akang”

CARITA 3

NYANDU

Nyi Iteung : Cik atuh Kang, carek tukang ngarang teh
ulah ngaromongkeun urang wae kituh!

Kabayan : Moal bisa, Teung…. maranehna geus nyandu
kana ngomongkeun urang.

Diropea tina Mangle

7 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2008/11/18/kabayan-dina-carita/trackback/

  1. Ha….ha……ha…si kabayan mah pasti lucu wae, eta teh bener henteu sih aya si kabayan jaman baheula?, atawa saha nya nu create nama kabayan? timana ide na nya? nama kata kabayan…..

    Comment by uwa ozi — November 21, 2008 @ 10:41 am

  2. sae pisan ibu bobodoran teh,ibu teh kapungkur na nyandak sastra jepang kitu…………
    sip lah buat my ibu…………….
    rerencangan oge dugi ka akey-akeyan………….???

    Comment by yohandi permana — December 23, 2008 @ 2:44 pm

  3. mun tiasa pupuh - pupuh di di pajang bu di Blognya.
    yohan mah hilap deui aya sabaraha macem pupuh teh….
    mun sabaraha hiji nu masih di uninga……

    Comment by yohandi permana — December 23, 2008 @ 2:48 pm

  4. Hatur nuhun, yohan….insyaalloh ke pami ibu salse urang serat pupuhna nya

    Comment by reni wening — January 16, 2009 @ 6:16 am

  5. Ibu mah sanes jurusan sastra jepang yo, apan eta mah kabayan nu nyarios dina bahasa jepang… he..he..he… malum kabayan tea atuh

    Comment by reni wening — January 16, 2009 @ 6:20 am

  6. Ah si Uwa mah kawas nu teu apal wae, abdi mah pan tukang huereuy…he..he..he… nuhun wa

    Comment by reni wening — January 16, 2009 @ 6:24 am

  7. Fz, Si Kabayan mah apan ciri Ki Sunda. Nya aya we meureun urang Sunda jiga Si Kabayan.

    Comment by Administrator — March 4, 2009 @ 9:14 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer