Lembur Kuring Karang Pamidangan

March 4, 2009

SURAT KEUR KI SOBAT DI ALAS PEUNTAS

Filed under: BEJA TI LEMBUR

Hei nuju naon ayeuna? Kumaha sehat sadayana?

Alhamdulillah, abdi sehat nembe teh tos upacara, langsung muka email
eh aya email ti Fz nya meungpeung rineh dibales we da ari diengkekeun mah
bisi kaburu amuk-amukan he..he..he….

Kumaha ayeuna kahuruan di Victoria teh tos beres?
Laahhh mun bari meuleum sate jigana mah resep nya.
He..he..he.. lain milu sedih nya ka nu kahuruan teh …
.Bongan tuda, kahuruan jaman ayeuna mah da ku kalakuan sorangan.
Jelema teh tara sadar kana lingkungan.

Fz insyaallah para pejabat di Indonesia ayeuna mah, jigana maju ka eucreug
da eta we KPK oge kuat kariweuh mariksa anu karorupsi.
Nya mudah-mudahan we atuh SBY kapilih deui ngarah nagara teh bener.
Da geus meujeuhna Indonesia jadi nagara maju ulah ngan riweuh jeung riweuh wae.

Apan geus kakoncara nagara Indonesia mah gemah ripah loh jinawi
ngan rayatna barodo. Kakayaan nagara teh hayoh dipaokan ku batur
nepi ka batur mah ayeuna teh medah meduh da kakayanana
meunang maokan ti Indonesia. Nya tong jauh-jauh contona wae Jepang,
Amerika Belanda jeung loba deui lah, pan baleungharna teh ku maokan
kakayaan Indonesia salila 350 taun. Komo apan Jepang mah
kataleus-taleus diringkid ka nagarana.

Jadi lamun inget kadinya mah urang teh sok ngarasa lebar nya,
matak ulah heran mun ayeuna loba nagara deungeun nu balageur ka Indonesia.
Ah ulah ngarasa asa disugemakeun da meujeuhna rek kitu ge
itung-itung mulang tarima we ka urang da baheula geus maokan pakaya.

Ayeuna mah hayu urang silih duakeun
muga-muga urang sarerea aya dina karaharjaan.
Fz masing aya dina sehat sarta kengeng kanimatan ibadah
kitu deui sapalaputra. Atuh teu hilap salam ka Teh Titim anu bageur tur soleh.
Iraha bade ka Indonesia deui? Mun tiasa mah Fz ngiring nya?
Apan urang jalan-jalan tea ka Leuweung Sancang
bari mekel timbel pulen laahhh matak waas nya?

Sakieu we heula nya serat ti abdi

Nu salawasna misobat

Nden Putri Mantili

9 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2009/03/04/surat-keur-ki-sobat-di-alas-peuntas/trackback/

  1. BALESAN SURAT TI SOBAT

    Kahatur Nden Putri Mantili nu ngageugeuh Leuweung Sancang

    Sim kuring Alhamdulillah sanajan aya masalah nu pikahariwangeun oge, eta apan nden Putri terang yen sim kuring teh boga panyakit diabet, tah ayeuna kulantaran sim kuring mah bandel embung ngatur kadaharan, Kadar gulana teh naik terus. Padahal geus dibere obat keur nurunkeun. Ah atuda di pikir2 ngatur kadaharan mah teu bisa menikmati kadaharan nu dipikahayang. Jeung deui asa sarua diatur jeung teu diatur sarua wae rek maot. Nya mendingan teu diatur apan bisa menikmati dulu sebelum pergi……he he he…..
    Tah kitu ari soal kasehatan kuring mah, matakna ayeuna palaur mun mamangkatan jauh teh, bisi kuma onam dijalan. Da diditu mah keur waragad dokter jeung rumah sakit keur nu leutik pangasilan nana atawa nu teu gawe sagala gratis. Cuma obat wae kudu meuli tapi da obat oge hargana murah keur nu teu gawe mah.
    Soal kahuruan atuda mun musim panas tatangkalan garundul gararing jujukutan oge gararing, jeung angin gede, jadi sanajan ngan saukur ngalungkeun puntung rokok bisa kahuruan, tapi kahuruan nu ayeuna sigana aya nu ngahaja. Da geus katangkep jelemena nu nyieun karusuhannana oge.
    Tah kitu Nden Putri…. carita soal kahuruan jeung carita kaayan sim kuring teh.
    Nya syukur wae atuh ari nagara anjeun maju kana kaalusan mah da eta nu dipiharep ku rakyat. Muga2 wae jadi nagara nu gemah ripah loh jinawi teh bener2 nu bisa karasa ku rakyat leutik ngan ulah karasana ngan ku rakyat gede hungkul. Amiinnn.
    .
    Sakiyeu wae balesan surat ti kuring

    Ti
    Si kunyang

    Comment by si kunyang — March 5, 2009 @ 10:32 pm

  2. Nden Putri Mantili jeung Si Kunyang..kacaritakeun.. keur silih udag di leuweung Sancang.. keur kitu aya meong belang ngintip .. sugan teh rek ngerekeb ..eh singoreng teh .. kadon lalajo nu keur silih udag..hahahaha

    Comment by tika — March 11, 2009 @ 1:56 am

  3. Rada kerung tarang teh waktu maca beja dina carita perkara gula darah anu terus ngaronjat. Ih kade atuh ulah murugul. Kudu nurut ka dokter lamun ceuk dokter diuk nya diuk lamun ceuk dokter nangtung nya kudu nurut.

    Sok keueung puguh ge lamun maca beja ki sobat hareeng teh, eta teu kacipta kumaha tiiseunana dunya maya mun Si Kunyang tilem. Matak didoakeun sing panjang umur, parek rejeki jeung berkah salamet salalawasna.

    Alhamdulilah ku pidoana, enya sugan we nagara teh beres roes .Da enya geus karasa pisan ku rayat leutik samodel kuring ge ( enya apan kuring mah leutik, awak ge beuratna ukur 43 ) kamajuan nagara teh. Sugan we atuh keur saterusna. Sakieu we heula nya, cag ah.

    Baktosna

    Putri Mantili

    Comment by Putri Mantili — March 12, 2009 @ 2:33 am

  4. Halaaahhhhh, manawi teh teu aya Juragan Aung, kumaha damang? Parantos lami sumping ka Leuweung Sancang? Ih sanes enggal gera munjungan ka Sanghiang Kunyang kalah hayoh ngadon ngintip batur keur ucing-ucingan. Pamali kitu eta teh. Ceuk kolot mah bakal turuwisen cenah. Apal Juragan Aung naon turuwisen? He…he..he.. eta anu sok jundal jendil dina soca.

    Comment by Putri Mantili — March 12, 2009 @ 2:38 am

  5. Eta ge palay mah munjungan ka si Kunyang teh..tp sigana keur anteng ah..sieun ngaganggu.. turuwisen teh sigana nu baruleud hejo.. dikalapaan di gegel sok ngagecrot kaluar nya… :) ) . Da kitu si Kunyang mah Nden Putri.. sok gumasep.. sok gera sidik2 ti gigir .. siga Pa Sidik..ti tukang ..siga Mang Ujang .. ari ti payun siga Pa Yuyun.. ari tiluhur ana gubrag teh..ragrag..meni ngagudugrak..bruaaaak….hahaha (keur ngaco yeuh)

    Comment by tika — March 17, 2009 @ 6:04 am

  6. Teu dimana teu di mendi, etah ari geus ngomongkeun batur teh….he he he…..teu sieun doraka?……..apan cenah aya paribasa ….dosa nu teu karasa ngupat sasama manusa…….hag tah…….mana nu diomongkeun nana oge duka teuing saha teu wawuh2 acan……….ha ha ha ha….Ari maca carita iyeu dua putri…putri mantili jeung putri aung…..sok seuseurian sorangan …siga pi calon penghuni RSJ….he he he….

    Comment by si uwa — March 17, 2009 @ 9:31 pm

  7. Pan nu di upat na ge redho atuh… nya teh.. sok ngaku lah…malah cenah resep di upat ku 2 putri ieu mah.. asa di gerean.. terus tunduh ..leup be ngimpi ..diudag udag 2 putri tea.. diajak mandi ka walungan talaga warna.. keur kokojayan kitu kuniang hudang..ana bray teh keur ngeueum dina bath tube …hahahahaha…

    Comment by Juragan Aung — March 19, 2009 @ 2:04 am

  8. Euleuh…euleuh…enya gening pinter, Juragan Aung teh nya. Eta ku apal kana turuwisen. heu..heu..heu….Sumuhun da leres pisan Si Kunyang mah sok gegejeburan sorangan. Teu ieuh sieun dikerekeb ku buaya da eta cenah baladna. Bedana teh si kunyang mah resepna di darat…he..he..he….( hapunten kunyang… omat ulah bendu nya..)

    Comment by Administrator — March 19, 2009 @ 5:04 am

  9. Ih ulah dibiasakeun suseurian sorangan teh, bisi jadi matak!

    Comment by Administrator — March 19, 2009 @ 5:06 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer