Lembur Kuring Karang Pamidangan

April 28, 2009

PANINEUNGAN 2

Filed under: Uncategorized

Pasososnten urang ngadaweung di buruan bari ngantosan Bi Ayum tukang dendeng ragi ngalangkung. Jol teh apa sumping mani rebo ku cacandakan. Sumpingna disarengan ku istri alit geulis camperenik tapi ginding. Ema sirikna dag-dag deg-deg mapagkeun apa. Kantenan waktos ngalinggihkeun mah meni sagala dikaluarkeun. Aya wajit, ranginang, bugis naon ku hanteu kaolahan Ema sadaya disuguhkeun ka istri candak apa tea. Tos kitu abdi dipiwarang munjungan bari kedah nyebat ibu. Asa araneh asa naringnang naha kedah nyebat ibu tapi abdi tumut we sakumaha kapalay ema. Bada magrib eta istri teh amitan.

Wengina kadangu Ema guntreng gunem catur sareng apa di tengah bumi. Naon anu dicarioskeun eces pisan kadangu ku abdi da teu acan sare. Morongkol harita teh dina korsi payuneun apa. Saur ema teh kieu ka apa
” Tong dibawa Si Nyai mah Jang!Keun bae jeung ema di dieu!”
” Ih ari Ema apan sakitu lamina abdi milarian piindungeun keur Si Nyai ari ayeuna geus kengeng kalah dihulag ulah dicandak. Apan bade disakolakun Si Nyai teh Ma” saur apa semu nyureng.
” Di dieu oge loba sakola mah, ema oge sanggup jujup jajapna”
” Ah…ngariripuh Ema bae, apan abdi oge bapana hayang milu nyaah”
” Kumaha lamun aya indungna kadieu nanyakeun Si Nyai? saur ema deui.
” Wah…Tong ngimpi Ma! Indungna jeung dulur-dulur ti indungna mah moal ingeteun! Budak geus teu diaku incu da bapana jalma kokoro, abong maranehna turunan menak!”
” Ih Ujang ulah kitu! Jeung urang teu hir teu walahir soteh da jeung Si Nyai mah sasat getihna keneh”
” Ih da abdi oge moal megatkeun hubungan indung jeung anak. Ngan engke wae mun Si Nyai geus sawawa rek didongengkeun”
” Tapi ema melang Ujang, mihapekeun Si Nyai ka indungna nu anyar. Jaba digawe deuih jeung apan sarua nu ieu oge turunan menak, naha atuh milih teh nu karitu bae lain nu sakupu jeung urang?”
” Ih ari ema, namina oge jodo tapi omat ema ulah cangcaya sanaos manehna menak palias abdi moal pisan nyalindung ka gelung. Manehna tos nyanggupan daek dibawa hirup sangsara.”
” Enya..tapi ema angger melang ka Si Nyai! Malum aya paribasa saherang-herangna cibeas”
” Insyaalloh Ma,manehna pasti nyaah ka Si Nyai. Genep taun abdi lalagasan piraku rek lepat milih. Sanes kubogoh- bogoh teuing abdi ka manehna teh tapi ku percaya kana pribadina yen manehna teh bakal nyaah ka Si Nyai, bakal bisa dijadikeun piindungeun Si Nyai”

Ema teu kadangu ngawaler deui ngan kakuping siga nu nangis. Jep we simpe. Duka pedah abdina kapulesan jigana da make jeung ngimpi ngala lauk di balong Mang Saman sagala harita teh.

Enjingna, rebun keneh ema tos popolah. Wanci haneut moyan abdi dicandak ku apa ka Bandung. Dijajap ku gupay ema. Dasar bolon atoh we nu aya da sugan teh bade pelesiran. Singhoreng ti harita urang paturay. Ah da mun seug apal mah jigana kajeun ceurik lolongseran tibatan pisan sareng ema.

Ema kacarioskeun di Bandungna apa teh gening ngontrak di bumina Wa Soma. Duka wargi ti saha Wa Soma teh. Istrina Wa Soma namina Wa Tiah. Apa sareng ibu mah nyebatna Kang Soma sareng Ceu Tiah bae. Aranjeunna gaduh putra hiji-hijina namina Kang Wardi. Sadayana nyaraaheun pisan ka abdi. Komo Kang Wardi mah nyaahna teh sami we sareng emang di bumi.

Hanjakal abdi teu betah cicing di Bandung da eta emut bae ka ema. Apan kungsi abdi kabur Ma. atuh salembur gujrud milarian. Kapendak-kapendak Ku Kang Wardi di pasar. Harita apa kacida benduna. Abdi disintreuk, nyeri teh Ma. Untung wae aya ibu. Ku ibu abdi dipangku teras diwurukan ulah deui-deui kabur bisi aya nu nyulik cenah. Ibu oge ngawartosan abdi bade disakolakeun. Tah pami liburan sakola, nembe abdi kengeng ka ema. Nya ti harita unggal abdi pere sakola abdi merenyeng hayang ka ema. Laahh kacipta keneh kumaha ema bagjana mun pareng abdi pere sakola.

Opat taun ti harita, enya asana mah da abdi ge kakara kelas opat harita teh, sataun ti saatosna apa syukuran ngadamel bumi di batas kota Cibeureum. Abdi nguping wartos ti apa, ema ngantunkeun. Abdi tangka ngorejat bakat ku teu percaya saatos sadar teras ceurik lolongseran teu tiasa dibebenjokeun. Dasar budak can boga pipikiran yen kitu peta teh salah, da kedahna mah abdi teh ulah ceurik kitu tapi kedah ngadoa malum atuh Ma namina ge bolon. Atuda hate teh meni asa didudut, komo barang katingal goloyorna layon ema anu bade dikurebkeun…Duh… bet tega ema ngantunkeun.

Saminggu abdi gering ngalanglayung asa leungiteun indung geusan pamuntangan. Kembang tanjung diburuan ngadadak janten muguran. Kitu deui malati katut ermawar nu pasalia jeung kacapiring katingal bet ngarangrangan daunna rabeng rag-ragan. Golodog tempat urang ngadaweung duaan mung kantun waasna.

Duh ema, ku seueur atuh panineungan sareng ema teh. hanjakal ayeuna ema tos teu aya dikieuna. Ema teu nyaksian kumaha abdi sareng apa ayeuna. Doa Ema hoyong gaduh anak incu waluya teh diijabah ku Mantenna.

Ema, asa hoyong panjang keneh nyacapkeun kasono dina implengan teh. Ngan ieu panon abdi tos teu kiat ku murubutna cisoca. Asa aya wae Ema nalingakeun ti kalanggengan. Imut pinuh ku kabagjaan. Ah mugia wae Ema ditampi iman islamna ditempatkeun di tempat anu pangsae-saena. Amiinn.

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2009/04/28/panineungan-2/trackback/

  1. Hiks….hiks…..ehm meni sedih maca carita diluhur. inget ka indung bapak nu tos naringgalkeun……Komo anjeun keur leutik keneh geus ditinggalkeun ku indung jeung ku nini….mana nini eta nu geus nguruskeun anjeun nya sarua wae jeung indung. Nya ngan doa nu tiasa di sanggakeun ka aranjeunna.

    Comment by fz — April 28, 2009 @ 11:29 pm

  2. Muhun nya ayeuna mah kantun waasna….

    Comment by Administrator — April 30, 2009 @ 2:02 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer