NU HAYANG DIPAPAGAHAN KU ALLOH
Teuing geus sabaraha lilana kuring wawuh jeung manehna, saha atuh manehna teh? Manehna nya manehna Ki Sobat nu aneh adatna
sompral basana, togmol sikepna tapi beresih hatena. Hanjakal mun pareng deukeut ngobrol teh tara kuat lila da kadituna pabentar
paham. Ngabasakeun oge tara ba..bi..bu atawa pa..pi ..pu.. tapi urang we jeung ente. Nya mun teu kitu nyebut ngaran atawa ‘ didinya’
Nyebut akang atawa Pa teh lamun hareupeun murid we, sarua manehna oge ka kuring kitu.
Anehna mun sapoe teu panggih, asa aya nu leungit. Eta da tuman idek liher di ruang guru, ngoprek komputer. Gera we, isuk-isuk
memeh ka kelas manehna geus campego hareupeun komputer muka FB. Badis we nu keur siduru di hawu.
Hiji waktu lamun teu salah mah bulan puasa harita teh ( bulan puasa nu geus kaliwat ) kuring keur anteng macaan puisi dina blog.
Gek manehna diuk gigireun. ” Keur naon? Awas siah ulah bobogohan bisi dibejakeun ka Pa Asep”
” Piraku kolot-kolot bobogohan, nyiar-nyiar pidorakaeun! Urang mah puguh keur maca puisi. Alus tah puisi teh jieunan Taufik Ismail!
Sok gera baca sugan we aya hikmahna!”
” Naon judulna?’
” Tuhan Sembilan Senti, ieu puisi ditujukeun keur nu sok ngaroko jiga Ente!” ceuk kuring
” Kumaha urang we, biwir- biwir urang!”
“Ah ilaing mah dipapatahan teh”
” Teu hayang dipapatahan ku jelema urang mah, komo ku Taufik Ismail wawuh ge henteu!”
” Ari geus hayang dipapatahan kusaha atuh? Sakitu geus jiga lokomotif butut teh!”
” Hayang dipapatahan ku Alloh” pok na teu euleum-euleum..
Isukna, pasosore babaturan hariweusweus pajar manehna utah uger di ruang IT. Sarerea tagiwur
bring maruru manehna. Cuh cih nareangan obat malah guru olah raga mah buru-buru nyiapkeun
mobil keur ngateurkeun manehna ka rumah sakit. Kuring mah anteng we hareupeun komputer
teu pipilueun riweuh, teu hayang nempo deuih. Guru-guru pating corowok ge ka kuring” Bu..itu
soulmate ngagoler moal dilongok? kuring ukur seuri leutik, tuluy we gura-giru balik…
Peutingna, panasaran nelepon manehna..Na ana gantawang teh nyarekan
” Nurustunjung gableg sobat teh, batur rek paeh teu nempo-nempo acan!’ manehna ngagarawak tina HP
” Lain teu hayang nempo, ngan sieun ngaganggu” ceuk kuring kalem
” Ngaganggu? Naon maksudna?”
” Apan Ente keur dipapatahan ku Alloh! Matak ayeuna nelepon teh kumaha geus kaharti acan?”
Manehna teu ngajawab ukur nyakakak.
Hampura…kuring hampura, teu pisan-pisan niat deleka… nu aya mah melang jeung nyaah ka
Ki Sobat nu satia nu ngarti kana jati diri kuring….


