Lembur Kuring Karang Pamidangan

June 1, 2009

BABALAGONJANGAN

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

SINETRON

Adul : Lain euy dideuleu-deuleu ku urang, sinetron dina televisi teh asa ngacapruk teu puguh
Amin : Ngacapruk kumaha?
Adul : Heueuh eta gera tina jeujeur carita rumah tangga tuluy kana percintaan bet los kana jurig
Amin : Ari maneh, apan eta teh hiji ciri yen jelema jaman ayeuna mah , komo sabangsaning sutradara
produser, jeung artis,geus barosen jadi jelema. maranehna harayang jadi jurig.
Adul : Baruk kutan kitu nya? ari nu lalajona jiga uing?
Amin : Haarrr, pan maneh mah geus ti baheula jiga jurigna.
Adul : Si Sedul, dipepeg siah ku urang!

KAPAL UDARA , ANGKOT JEUNG KARETA API

Ucin : Ari kapal udara jeung kareta api gancangan mana?
Ado : Nya kareta api atuh
Ucin : Har naha?
Ado : Kareta api mah diganda lumpat bari ngorondang sakitu gancangna
komo mun bari nangtung.
Ucin : bener oge nya
Ado : Lamun aya angkot tabrakan jeung kareta api, saha tah nu salah
Ucin : Nya angkot atuh, da kareta api mah geus boga jalan sorangan
Ado : Ih nya nu nyaritana atuh nu salah mah. Geus puguh kareta api mah boga jalan sorangan
der dicaritakeun tabrakan jeung angkot.
Ucin : Ari maneh eling henteu? bet asa pabaliut kieu ngomong jeung maneh mah!

SI KABAYAN JEUNG BANG TOGAR

Hiji poe Si Kabayan pareng jalan-jalan ka Pasar baru kana beus kota. Naekna ti Cibeureum.
Ku kabeneran atuh dina jero beus teh diuk ngarendeng jeung Bang Togar anu sarua rek ka Pasar baru.
Barang beus mimiti maju, pok Si Kabayan ngagerenyem ‘ Bismillah…..’ cenah
Na ana pok teh Bang Togar gigireun nembalan ‘ Bukan bismillah ini mah bis kota!’
Si Kabayan ukur muncereng tapi teu ngajawab.

Palebah Gardujati, ger teh hujan gede naker jiga nu dicicikeun ti langit dibarung ku gelap dor-dar
atuh garawak Bang Togar ngagarawak ‘ Haleluyaaa..’ cenah. Na ana pok teh Si Kabayan teu eleh
ngagorowok. Lain haleluya nu kitu mah tapi Halilintar!
Hag siah bet teu nyarambung nya carita teh!

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://weninggalih.blogsome.com/2009/06/01/babalagonjangan-2/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>



Anti-spam measure: please retype the above text into the box provided.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer