Lembur Kuring Karang Pamidangan

March 4, 2009

SURAT KEUR KI SOBAT DI ALAS PEUNTAS

Filed under: BEJA TI LEMBUR

Hei nuju naon ayeuna? Kumaha sehat sadayana?

Alhamdulillah, abdi sehat nembe teh tos upacara, langsung muka email
eh aya email ti Fz nya meungpeung rineh dibales we da ari diengkekeun mah
bisi kaburu amuk-amukan he..he..he….

Kumaha ayeuna kahuruan di Victoria teh tos beres?
Laahhh mun bari meuleum sate jigana mah resep nya.
He..he..he.. lain milu sedih nya ka nu kahuruan teh …
.Bongan tuda, kahuruan jaman ayeuna mah da ku kalakuan sorangan.
Jelema teh tara sadar kana lingkungan.

Fz insyaallah para pejabat di Indonesia ayeuna mah, jigana maju ka eucreug
da eta we KPK oge kuat kariweuh mariksa anu karorupsi.
Nya mudah-mudahan we atuh SBY kapilih deui ngarah nagara teh bener.
Da geus meujeuhna Indonesia jadi nagara maju ulah ngan riweuh jeung riweuh wae.

Apan geus kakoncara nagara Indonesia mah gemah ripah loh jinawi
ngan rayatna barodo. Kakayaan nagara teh hayoh dipaokan ku batur
nepi ka batur mah ayeuna teh medah meduh da kakayanana
meunang maokan ti Indonesia. Nya tong jauh-jauh contona wae Jepang,
Amerika Belanda jeung loba deui lah, pan baleungharna teh ku maokan
kakayaan Indonesia salila 350 taun. Komo apan Jepang mah
kataleus-taleus diringkid ka nagarana.

Jadi lamun inget kadinya mah urang teh sok ngarasa lebar nya,
matak ulah heran mun ayeuna loba nagara deungeun nu balageur ka Indonesia.
Ah ulah ngarasa asa disugemakeun da meujeuhna rek kitu ge
itung-itung mulang tarima we ka urang da baheula geus maokan pakaya.

Ayeuna mah hayu urang silih duakeun
muga-muga urang sarerea aya dina karaharjaan.
Fz masing aya dina sehat sarta kengeng kanimatan ibadah
kitu deui sapalaputra. Atuh teu hilap salam ka Teh Titim anu bageur tur soleh.
Iraha bade ka Indonesia deui? Mun tiasa mah Fz ngiring nya?
Apan urang jalan-jalan tea ka Leuweung Sancang
bari mekel timbel pulen laahhh matak waas nya?

Sakieu we heula nya serat ti abdi

Nu salawasna misobat

Nden Putri Mantili

May 28, 2008

DEUDEUH TEUING EMIH

Poe Salasa pukul 11 di ruang Tata Usaha, katingali Si Emih
( Bu Romaya senior kuring ) keur ngahuleng bangun nu bingung.
Panasaran kuring nanya.
” Kunaon Mih, hulang- huleng wae, sok paur abdi mah, kari-kari
BBM naek, der Emih hulang-huleng” cekeng teh ngaheureuyan.

” Cicing siah Neneng, kolot keur lieur teh!” tembalna, bari angger
siga nu bingung, diuk menekung hareupeun Bu Hj. Nunung bari
pameunteuna reueuk lir langit nu pinuh ku pihujaneun. Angger deuih
Si Emih mah nyebut ka kuring teh Neneng. Teu beunang dicarek.
Enya da kuring mah teu rumasa turunan Eneng.

” Muhun, lieur teh lieur ku naon atuh Mih?”

” Ieu tah tempo! Mikiran nu kieu Emih teh!” pokna bari golosor
mikeun map ka kuring, geuwat ditingali, singhoreng teh sertifikat.

Enya sertifikat lulus sertifikasi guru ti Universitas Islam Negri Bandung
da apan Si Emih mah guru agama jadi dibere sertifikatna teh ti UIN.

Atuh puguh kuring milu bungah, Si Emih ku kuring dirangkul.
” Bagja..Mih, atuh tereh dieusian rekeningna” enya apan ceuk beja
guru anu lulus sertifikasi teh bakal nambahan gajihna jadi dua kali
lipet. Etah gera saha guruna nu teu ka bongroy.

” Rekening..rekening tujuh puluh, sidik lieur!”
Ceuk Si Emih deui, keukeuh ngan lieur jeung lieur wae.

” Lieur kumaha kitu Mih?” kuring kalahka beuki panasaran

” Neng, poe ieu Emih teh geus ngalalakon! Geus aprak-aprakan! Heueuh
tadi isuk-isuk Emih ka UIN nyokot sertifikat bari nanyakeun kudu kumaha
prosesna geus kieu, ari jawaban ti UIN teh ” Kami hanya sebatas mener-
bitkan sertifikat, urusan selanjutnya coba konfirmasi ke Depag. Atuh kencling
cape-cape oge Emih teh ka Depag, pok deui tatanya. Ari pek jawabanna teh
kieu ” Kami sedang sibuk mengurus NUPTK. Ibu kan tugasnya di Diknas,
apa sudah ditanyakan ke Dinas? Kapalang cape gidig ka dinas,ti dinas teh
jawabanana kieu” Urusan guru agama mah bagian Depag” Coba kumaha
Emih teu jangar tah! Cing ceuk Neneng kumaha?” Si Emih kalahka
jadi malik nanya ka kuring.

” Taahh, manawi atuh Bu Reni mah terang ” Bu Haji Nunung anu ti tatadi
anteng ngabandungan milu mairan.

Kuring ngahuleng sakeudeung, enya boro-boro kuring atuh, apan eta nanya
keun ka sungapanana langsung oge jawabanana kitu. Tapi lain oge kuring
ari teu bisa ngajawab mah.

” Nu kitu wae make jeung lieur Si Emih mah. Kieu we ayeuna mah. Eta serti-
fikat ku Emih laminating sing sae, teras talian, kongkoyangkeun kana dada.
Tah tos kitu teras angkat ka BRI. Pan BRI sanes anu ditunjuk mayarna teh?
Tah tos kitu mah langsung we tepangan kasirna, teras nyarios sing tarik bari
nulak cangkeng, kieu pok-pokanana ” Urang geus lulus yeuh, buru bayar!”
kade ulah hilap nepak dada” pok teh bari pepeta.

Na atuh, nu aya kabeh ting barakatak. Komo Bu Haji Nunung mah bendahara
sakola, bari seuseurian teh make jeung kurah- koreh sagala kana lacina, sugan
teh neangan naon, ari pek teh tali cenah. Da ari gorehel, song we si tali teh di
asongkeun ka Emih.

” Tah ieu talina sae’” pok na teh atuh ger sareuri beuki ayeuh-ayeuhan, da loba
jelema di ruang TU teh.

‘ Nurustunjung siah Neneng ka kolot teh, ngan ngaheureuyan wae!’ Si Emih
kukulutus tapi bari babarakatakan tangka cipanonan.

” Emih…Emih, barina oge atuh diemutan teuing. Na iraha pamarentah
tiasa dicepeng jangjina ka guru.”

” Lain kitu Neng, atuda meni teungteuingeun pisan, tilu poe tilu peuting Emih
teu sare alatan nyusun forto folio, dituluykeun sapuluh poe milu diklat, meni
ripuh. ari geus lulus kieu jadina!” ceuk Emih bari ceuceuleukeuteukan.

” Sing sabar we Mih, tos waktosna oge moal burung turun rekeningna” omong
kuring bari sakalian amitan rek ka ruang guru. Hate reug-reug ninggalkeun
Emih geus cenghar deui.

Enya bari jeung nasib sertifikasi kuring ge teuing kumaha, da kakara bulan
kamari kuring mah miluanana oge, eta oge bane wae dihayoh-hayoh ku
babaturan, malah ditelepon sagala ku Kasubag keukeuh kudu milu.
Asalna mah haroream, teuing teu nafsu ka nu karitu teh. Mending oge
suka seuri gogonjakan jeung barudak di kelas, puguh karasa bagjana. Cag ah!






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer