Lembur Kuring Karang Pamidangan

August 27, 2008

CARPON NU ELEH TANDANG

NAAAAA……ARI….NANI…

Poe Senen, di jurusan harita teh, kuring keur jongjon maca buku. Jol Si Nani sobat kuring ti keur jaman SMA keneh, biasa siga nu riweuh.
“ “Cilaka…Cilaka Rani! Cilaka siah urang mah ! “ Datang- datang meni hariweusweus, baku si eta mah ari geus kitu teh, boga sifat teh teu bisa kalem, matak ku barudak reguler mah dilandihna ge si euceu ribut.
“ Cilaka kunaon Nan? “ tembal teh bari anteng maca buku. Buku ku manehna dijewang, “ Dengekeun siah Rani ari urang keur ngomong teh! Dengekeun, tuluy pangmikirankeun!” ngomongna kitu teh bari teu sirikna popolotot, gek diuk gigireun, derekdek ngomong bari pepeta.
Daek geulis, kuring bingung ngabandunganana. Eta tuda ngomongna teh bangun nu rusuh, jadi teu puguh naon dengekeuneunana, jeung siga nu ambek deuih.
“ Nani, cik atuh nu bener ngomong teh, sing beres entep seureuhna, ngarah puguh ngabandunganana!’ cekeng daria.
“ Ih ari Si Astahiam! Na saha nu ngomongkeun tukang seureuh? Sugan teh ente bener-bener ngadengekeun!” kalah ka nyorongot dibejaan teh
“ Ah maneh mah Nan, panyakit saliwang teh dikukut wae!. Lain ngomongkeun tukang seureuh tapi maksud urang , ari ngomong teh kudu merele, susun ti mimiti kalayan imeut. Ngarti teu?” kuring rada nyeuneu.
“ Euuhhh sugan teh, kieu atuh Rin ari hayang jelas mah. Derekdek manehna ngadongeng.” Kamari nilai UAS dibuka. Urang kaget, mata kuliah psikologi jeung filsafat nilaina BL. Rani maneh ngontrak henteu mata kuliah eta?”
“ Ohh eta mah atuh MKDU. Pan enggeus urang mah semester kamari! Tuluy kumaha geus kitu?”
“ Nya ku urang ditanyakeun we ka Pa Alif dosen psikologi jeung Pa Burhan dosen Filsafat. Ceuk Pa Alif heueuh cenah aya tugas nu can asup, rumasa eta mah urang oge. Ngan palebah nanyakeun ka Pa Burhan dosen filsafat, urang kalah ka dicarekan bebeakan. Padahal urang nanyakeun teh, heueuh hayang nyaho we, da rarasaan asa teu boga masalah dina filsafat mah. Tapi naha nilai bet BL. Ari pok teh ceuk Pa Burhan , bongan niron cenah dina ujian! Kapanggihna teh waktu ningali hasil ujian urang, sarua pisan jeung Si Rudi. Malah Si Rudi oge anu pinter sarua dibere BL. Rumasa urang ge lebah dinya mah. Ah Ente ge ngarti meureun Ran!’ Si Nani meni lumengis.

“ Nani…Nani… ari maneh kalakauan teh bet teu euih-euih? Cik atuh jeung Pa Burhan mah ulah loba neangan masalah! Pan geus nyaho Pa Burhan mah beda jeung dosen nu lain! Taliti pisan. Da sigana kabeh pagawean mahasiswa ge ku manehna mah dipariksana nepi ka titik-titikna!”

“ Nyeta atuh Rin, teu sangka bet kieu jadina” manehna tungkul bangun hanjakal.
“ Menta tugas we atuh?” pok teh mere bongbolongan..
“ Enggeus puguh ge, ngan kalahka mere nu kieu patut tah dosen atah adol teh! Sarua we jeung bohong!” Si Nani kukulutus, bari jeung nyebut dosen atah adol sagala puguh manehna nu atah adol mah.

“ Mere naon, cikan sim uing ngilikan!” pok teh hayang nyaho
Kusiwel manehna ngaluarkeun keretas sacewir tina jero kantongna, song dibikeun. Ku kuring tuluy dibaca. Eusina teh nota ti Pa Burhan keur Pa Jaka asistenna nu unina kieu “ Pa Jaka, masalah Bu Nani tolong diurus. Saya serahkan semuanya kepada Pa Jaka saja karena saya akan berangkat ke Jakarta dalam rangka seminar nasional. Terimakasih.”

Kuring seuri leutik sanggeus maca surat eta, kacipta tuda. Menta tugas ka Pa Jaka mah sarua we jeung neangan pipaeheun. Komo mun seug manehna nyahoeun mah kana kasus Nani, wah matak cilaka kurang-kurangna kuat mental mah. Loba mahasiswa kajeun ngalontrak deui tibatan menta tugas ka Pa Jaka. Killer Man disebutna oge ku barudak mah.

“ Kumaha atuh Ran? Sigana kana moal bisa milu ujian sidang ayeuna” omong Nani semu putus asa. Karunya kuring ge ningali kitu mah.
“ Nan, kumaha mun bareng we ka Pa Jaka na jeung Rudi, pan sarua meureun manehna oge kudu beberes nilai! “
“ Nya eta embungeun kamari diajak ge, Kajeun rek ngontrak deui we cenah. Eukeur mah lila keneh manehna mah sidangna ge.
“ Kumaha mun ngilu susulan we minggu hareup?”
“ Hih nyasat atuh ari aya mah, pan mata kuliah eta mah ti baheula oge tara aya susulan, ari lain keur nu gering mah!”
“ Aeh ..heueuh nya.” Cekeng garo-garo teu ateul. Ah bet jadi milu bingung.
“ Kieu we atuh Nan, kumaha mun urang datangan we Pa Jaka ka imahna, enya ka imahna ulah di kampus. Ngarah salse ngomongna”
“ Naon Rani? Ka imahna dedengean teh? Ari nyaneh ngomong teh sok nu lain-lain! Atuh sarua we jeung nganjang ka kandang singa! Ih teu wararani teuing aing mah!” Si Nani bibirigidigan.
“ Ulah kumeok memeh dipacok atuh Nan, sing bisa we diplomasina. Gunakeun kabisa teh. Lain pinter diplomasi di dinya teh? Jeung deuih sagalak-galakna Pa Jaka da moal nepi ka ngerekeb atuh! Nu penting mah dicoba heula, ulah mundur sebelum bertempur!” jawab teh mere sumanget. Si Nani kalah ka ngahuleng dikitukeun teh lain buru-buru mere jawaban. Tapi teu lila pok ngomong
“ Heueuh Nya Ran, na asana teh! Anteur atuh urang nya Ran? Keun we da apal imahna mah di Jalan Saledri. Omat anteur nya Ran? Pageto we nya, bisa henteu?”
“ Ulah pageto, isuk we ngarah salse. Pageto mah aya ngajar.”
“ Ah pageto we, urusan ngajar mah pan sore lin? Isuk mah urangna rek usaha heula, aya obyekan yeuh, rada lumayan sigana mah. Ayeuna urang teang heula, rek milu Ran?”
“ Moal ah, sakeudeung deui aya jangji jeung babaturan. Uang dengerna we nya Nan?”
“ Beres lah! Yu Ran, doakeun sing hasilnya!” ngomongna kitu teh bari celengok nyium pipi, tuluy ngaleos ninggalkeun kuring. Ku kuring diteuteup ti tukang, leumpangna ngagedig bangun rusuh, biasa Si Euceu ribut!

Nani..Nani, muji kuring mah ku sumangetna. Atuda uyuhan si eta mah bisa kuliah oge. Jelema sibuk.Jaba ngurus salon, ngajar , boga pausahaan catering. Matak pantes ari usum ujian teh meni tibabaradug da eta kuliahna belang betong. Ninggang di mata kuliah nu dosenna siga Pa Burhan… matak neunggar cadas.

Ah nya umumna mah kitu we mahasiswa kolot mah, jadwal kuliah teh pakepuk jeung jadwal ngajar. Ari kuliah disaruakeun jeung barudak nu asupna make jalur SPMB, anu disebutna mahasiswa regular tea, atuh puguh we sagalana oge disaruakeun jeung maranehna, euweuh pisan tinimbanganana. Eta we kuring oge ari balik kuliah teh meni asa di udag jurig, da kudu buru-buru nepi ka sakola, didaragoan ku barudak di kelas. Geus puguh ari inditna mah kudu pak pik pek heula di imah nyayagikeun barudak jeung bapana.

Sakapeung kuring sok nanya ka diri sorangan, kunaon atuh kuring teh ngariripuh maneh make jeung kuliah deui sagala. Apan gawe enggeus, salaki boga, imah pageuh, kolot aya budak balatak. Enya mun kuring geus lieur , pertanyaan kitu teh sok jul jol. Komo lamun ahir bulan mah, nempo duit gajih loba potongan. Enya da rumasa kuring mah sakola deui teh lain loba duit, ieu mah bane wae bakat ku hayang sakola luhur jiga batur. Bongan tuda umur 19 taun kuring geus dikawinkeun, kuliah ge kakara sataun, da asupna ka D1. Lian ti kitu, atuh ari ku sakola deui mah sugan jeung sugan hirup teh rada menyat da ilmu nambahan. Matak biayana oge kumaha koprasi bae!

Teuing atuh kuring teh ku hayang pisan nuluykeun sakola, komo barang disatujuan ku salaki sarta hasilna teu nguciwakeun mah, diajar teh asa beuki sumanget. Cape, riweuh ge teu dirasa. Rido kuring mah, najan ampir unggal poe sare tara kurang ti pukul satu peuting oge, alatan nerektek wae ngetik da loba tugas. Atuh barudak katingalina teh saroleh pisan milu ngajurung ka indung.

Enya eta ge kungsi ngadenge , pajar keur guru mah sakola deui teh moal rugi da bakal meunang kredit poin jeung bisa milu sertifikasi, anu cenah engkena teh bakal dibere tunjangan sarua jeung gajih poko, cenah kitu ge. Kateuing bener henteuna mah. Ah teu karana eta kuring mah, da kredit poin mah bisa direkayasa, najan teu sarakola deui oge angger we gening cing terekel nu naraek tingkat mah, bari ngajarna mah asa tara katingali bener da loba ngobrol di kantor. Getolna teh mun usum dibagikeun duit we. Ih palias ari kudu tepi ka kitu mah. Atuh nu lulus sertifikasi apan geus lain beja aya guru kedul ka kelas, lulus. Heuyy deuuhh sok teu ngarti puguh ge ari di nagara urang.

“Ngalamun wae!” Gebeg teh, tak-tak aya nu nepak , dilieuk , horeng sobat-sobat hungkul, heueuh apan jangji ayeuna teh rek diskusi masalah semantik di Parter. Atuh bring wae ka Parter, dariuk handapeun tangkal camara. Dua jam ge geus beres materi teh dibahasna, tinggal nyieun laporanana jeung ngabereskeun makalah keur presentasikeuneun isuk.
“ Ran, pek wae nyieun laporan mah kumaha Rani, Heni, Siti, Oom jeung Lina nya? Urang mah nyaho beres bae. Keun we soal konsumsina mah bagian urang. Pek pilih ayam bakar? Gurame goreng atawa nasi kapau? Omong Ria.
“ Enak aje! Sakalian atuh jeung ngajilid, moto copy na oge nya?” ceuk kuring bari seuri.
“ Beres bos! “ tembal Ria bari ngacungkeun leungeun, tuluy gura-giru indit da didagoan cenah ku salakina.
Aya deui batur model Si Nani teh. Sarua deuih Ria oge kaayaanana geus riweuh. Bedana si eta mah loba duit. Malum salakina pejabat. Urang Cianjur Ria teh, boga salaki ka Kapolda. Ka kampus oge teu weleh unggah turun mobil , matak bungah keur kuring da bisa milu balik. Lumayan ngirit-ngirit ongkos. Bageur deuih si eta mah keur geulis teh. Komo ka kuring mah, basana teh asa ka dulur pet ku hinis cenah.

Isuk-isuk poe Rebo, beres kaprak-keprek di imah, torojol Nani , meunang dangdan pantes naker.
“ Aeh..aeh, rek ka mana Nan meni gaya? “ cekeng bari nyidik-nyidik manehna.
“ Montong loba omong, apan rek ka Pa Jaka tea, hayoh lain rek nganteur? Gening masih keneh di cacalana pondok, lain gera dangdan, buru atuh disalin bisi kaburu beurang! Omongna bari gek diuk dina korsi makan, am kana roti bakar sesa sarapan barudak.
“ Euweuh kuliah pan poe ieu mah Ran? ‘
“ Kosong kuliah mah tapi engke jam 3 sore aya ngajar 2 jam pelajaran” cekeng teh.
“ Kaburu lah jam sakitu mah”
“ Ari masak keur barudak? Cekeng bari kerung
“ Aaahh nu kitu dipikiran, tah aya gepuk jeung pais lauk keur nyampakeun bapana mah, engke beurang urang meuli pais hayam di pengkolan!”
“ Uluuuhh, bener ieu teh? Alaahh meni seungit kieu gepukna, saha nu ngagepuk Nan? ‘
“ Alaahh loba omong pisan nya, hayu buru urang anteur bisi kaburu beurang!’ Dikitukeun teh kuring buru-buru ganti baju, dangdan ge teu sirikna rurusuhan, padu diwedak we, geus geulis ieuh barina ge..he..hehe.. ceuk salaki kitu ge, kateuing ceuk salaki batur mah he..he..he…, teu aleg pisan nya pipikiran teh.
Beres dangdan, papagah bari jeung ngomat-ngomatan ka si cikal, nu kabeneran sakola beurang ,supaya mapagkeun si bungsu balik ti TK. Geus kitu mah leos bae indit jeung Nani.

Jauh gening imah Pa Jaka teh, ti jalan gede teh make kudu kana beca sagala. Ngan edas, hemeng ku kalakuan Si Nani, sapaparat jalan panon teu leupas ningali lalampahanana . Ditempo-tempo teh biwirna ngan kunyam kunyem wae, panon rada dipeureumkeun siga hayam rek paeh ku cekak. Diajak ngobrol teh teu diwaro, kalah hayoh nyarek ulah loba omong cenah. Pajarkeun teh keur mapatkeun ajian. Teuing ajian nanahaon da katingalina teh badis we dukun sebul.

Komo waktu aya di jero beca mah make jeung meuleum menyan sagala, meni mabek. Da eta we tukang beca ge tangka ohek-ohekan, teu kuat dipuput ku menyan meureun..Ari kuring bati olohok bae ningali pamolahna teh.
“ Nani ! Ari maneh nanaonan kalakuan teh kawas jelema teu hideng? “ kuring nanya bakat ku panasaran, ditanya teh manehna kalahka seuri.
“ Rani,..Rani,cicing tong loba omong! Ieu teh resep ti Bah Dira dukun Citepus, ulah salah urang keur mapatkeun jampe pamake supaya bisa ngaleumpeuhkeun hate Pa jaka! Ngarti Rani? “ pokna kalem naker.
“ Astagfirulloh Nani, musrik siah kikituan teh!” kuring morongos bari istigfar, teu sangka atuda Si Nani kitu peta.
“ Tenang…tenang, tanggung jawab Nani”, omongna, angger kalem.
“ Stop….stop, heup bae di dieu Mang! “ reg beca teh eureun hareupeun warung.
“ Na eureun di dieu? Pan itu imahna mah ? “ pok teh teu ngarti.
“ Ah keun we di dieu! Kieu nya Rin, Rina mah teu kudu milu asup ka imah Pa Jaka, dagoan bae di warung ieu nya? Bisi kuring teu bebas ngomong! Eraeun deuih Pa jaka na ningali Rina mah. Tah bari ngadagoan, ieu cekel. Mun engke katingali kuring kaluar ti imah Pa Jaka, buru-buru eusina awurkeun nya?” ngomong kituna teh bari song ngasongkeun bungkusan ka kuring, dibuka teh horeng rampe.
Kuring bingung, cenah menta dianteur tapi kalahka nitah ngadagoan di warung.
“ Embung ah sieun kababawa musrik urang mah! Pek we awurkeun ku sorangan.
“ Moal atuh Rin, pira ge ngawurkeun hungkul!’
“ Heueuh jig atuh buru, omat tong lila nya? Kade deuih poho format nilaina dibawa!”’ kuring eleh deet, barina ge ketang haroream teuing kudu panggih jeung Pa jaka. Mending ngadagoan di warung, bisa-bisa bari jajan.

Teu diengkekeun deui, leos Si Nani indit muru imah Pa Jaka. Imah nu buruanana linduh ku tatangkalan, endah ku kekembangan. Dituturkeun ku paneuteup kuring. Sapuluh menit, satengah jam. Si Nani can tembong kaluar. Antukna geus ampir tilu jam kuring cinekul di warung, manehna can katingali ka luar keneh wae. Bujur asa geus panas balas diuk wae, beuheung ge asa sosonggeteun balas ngalieukan manehna ka luar ti pakarangan. Weleh teu katingali irung-irungna acan.Na tuluy ka mana atuh mangkeluk teh, piraku dileg-leg jurig onaman.
Rek diteang asa-asa, da inget kana talatahna anu omat-omatan pisan ulah neang da kitu cenah papatah ti ki dukun teh. Bingung jadina teh, didagoan kesel jaba melang ka barudak di imah. Tungtungna mah leos bae balik. Belewer we bungkusan rampe teh dialungkeun, kateuing rag-rag di mana.

Pasosore, balik ngajar nyampak Nani aya di tengah imah, diuk nanghunjar lambar, ngarendeng jeung si bungsu nu keur anteng lalajo TV. Ku kuring langsung ditongtak, keuheul tuda, ngulinkeun pisan!
“ Nani! Ari maneh tadi teh nanahaon heula? Di dagoan meni ngampleng, teu ngarasakeun pisan! Dileg-leg jurig puguh deui atuh!” pok teh rada teugeug bakat ku ambek.
“ Hampura urang Rin, kumah atuda ngajak ngobrol wae ituna.’
“ Dilayanan bae atuh, ngomong we saperluna.”
“ Ih ari teun teh, apan urang nu butuhna oge, nya wayahna bae.” Pok na teh bari lumah-lameh ngolo supaya kuring teu ambek.
“ Geus lah tong ngambek, mending ge dengekeun dongengna, tuh pais hayamna jeung soto geus aya dina meja makan’ kuring eleh deet, jeung enyana hayang nyaho dongengna deuih.
“ Pok atuh ngadongeng, kumaha tadi teh hasil henteu?” cekeng bari regot nginum jus alpuket nu aya na meja leutik gigireun TV, jigana bawa manehna.
“ Cumlaude atuh Rin! “ omongna bari ngacungkeun jempol. Puguh kuring reuwas.
“ Nu bener Nan? Cikan nempo format nilaina”
“ Is ulah waka, dengekeun heula mending ge”
“ Heueuh, pok-pok atuh” cekeng panasaran.
“ Waktu urang ngetrok panto imahna, urang mapatkeun ajian heula. Na da eta mah teu sakara-kara, nu muka panto teh manehna pisan. Amis budi bear marahmay. Pok na teh, haturan BuNani aya pikersaeun naon? Kuring sorangan ge asa teu percaya ningali sikep Pa Jaka kitu”
“ Geus kitu tuluy kumaha?” bet jadi milu panasaran. Da enya atuh, heran kuring ge ari ngadenge sikep Pa Jaka kitu mah. Da di kampus mah, ih sigana cadu kudu surungah serengeh ka mahasiswa. Komo ka mahasiswa kolot samodel kuring mah,. kucem bae beungeutna teh. Seug komo mun keur pareng ngawas ujian, matak soak. Padahal mun di sidik-sidik mah, kasep Pa Jaka teh, kitu ge ceuk barudak nu nalaksir da ari ceuk kuring mah, nya…kasep we ketang da normal kuring ge.
“ Urang asup, tuluy diuk pahareup-hareup. Song nota nu ti Pa Burhan ku urang dibikeun, tuluy dibaca ku Pa Jaka, sugan teh rek ambek, eh kalahka serengeh seuri!”
“ Bogoheun meureun Nan!” kuring motong omongan
“ Dengekeun heula Rani. Geus kitu teh tuluy nanya ka urang, kawit ti mana, di mana linggih cenah meni lemes naker. Atuh ti dinya mah der ngobrol ngaler ngidul. Aki, nini. buyut kum ka seke selerna, kabeh kalaluar. Kabeh diobrolkeun, urang ge geus jangar ngabadunganana, tapi rek balik kumaha atuda ari can hasil mah.’
“ Ari Nani ngobrolkeun pribadi Nani deuih?”
“ Nya saperluna wae, naon anu ditanyakeun ku manehna, ku urang dijawab. Tapi Ran, aya untungna oge, urang jadi nyaho pribadi Pa Jaka,horeng bujangan keneh gening Pa Jaka teh. Geus tilu kali cenah diputuskeun ku kabogohna, malah ditingalikeun poto-poto kabogohna teh ka urang. Ayeuna keur bingung cenah sabab kolotna di lembur ngaburu-buru nitah kawin.’
“ Euleuh, paingan atuh barudak meni marijah ari pareng aya Pa Jaka di kelas teh, kumaha tah geus kitu?”
“ Ngadenge manehna bujangan keneh teh, jorojoy kuring boga gagasan. Kuring ngomong boga alo nu keur kuliah di Unisba, geulis jeung kayungyun. Ku kuring dicoba rek diwawuhkeun ka Pa jaka. Na atuh Ran, barang ngadenge kitu, manehna meni bungaheun pisan, komo barang dibejaan alo dijilbab mah, teu sirikna hayang indit harita, hayang gera ditepungkeun. Ngan ceuk urang teh, teu kedah rurusuhan pan kedah diwartosan heula ituna, nya tungtungna mah pageto cenah manehna rek nganjang ka imah nepungan alo. Geus kitu mah teu sakara-kara, kotret bae Pa Jaka nulis dina format nilai nu disodorkeun ku urang, tah ieu hasilna!” omong Nani bari song ngasongkeun format nilai ka kuring. Ku kuring teu sirina direbut tina leungeunna, Masyaalloh! Manehna meunang nilai A. Kuring gogodeg teu percaya.

“ Gening meunang nilai A, soal naon bae nu ditanyakeunana?”
“ Ah, eta bae soal alo urang, kolot urang , pagawean urang.Kasimpulanana mah pageto,manehna rek nganjang ka imah nepungan alo! “ omong Nani semu atoh.
“ Jurig siah nani! Bisaan maneh mah,”
“ Ih, siapa dulu dooong, Nanniii….” omongna bari nagadangah-dangah beungeut, bet asa ningali si cepot keur manggung.

Ah nyaan teu ngarti kuring mah, naha pantar Pa Jaka bet gampang kitu mere nilai ka Si Nani. Biasana boro-boro mere nilai A manehna mah, kuring ge anu ti suk-suk ti dung-dung diajar, ukur dibere B. Komo barudak mah loba anu dibere D jeung E. Pedit pisan atuda Pa Jaka mah kana meunteun teh. Jaba materi kuliahna teh matak jangar deuih, filsafat tea atuh. Ari ieu jaba nilai susulan, jaba teu ditanya materi kuliah, bet dibere A. Ah geus milik Si Nani we meureun, da kitu gening jaman ayeuna mah sagala rupa oge loba nu katarik ku milik batan ku prestasi. Da heueuh atuh lain teu ngabibisani pantar Si Nani meunang nilai A dina filsafat mah, matak guyur kampus. Emh, mun seug barudak di kampus arapaleun, moal teu dalemontrasi tah. Teu kitu kumaha, kuring apal pisan kumaha Nani sapopoena, eukeur mah batur sakola ti SMA keneh, kuliah bareng, tugas ngajar oge sarua deuih ditempatkeunana teh. Matak asa teu percaya bisa meunang peunteun A, jeung buku wae manehna mah musuh.
“ Heueuh sukur we beres mah Nan, bisa atuh ayeuna mah milu sidang ” pok teh milu bungah.
“ Beres ari urusan nilai mah Ran, ngan urusan urang can beres. Aya deui persoalan teh, omat kudu ditulungan deui nya.” Omongna semu bingung.
“Naon deui atuh?” kuring teu ngarti
“ Eta Pa Jaka! Cenah teu kendat nyaritana.
“ Haaarr apan geus beres, lain pageto rek nganjang ka imah?”
“ Puguh eta nu jadi masalah, mun engke jadi nganjang ka imah kumaha?”
“ Naa make jeung kumaha sagala, kari tepungkeun we jeung alo Nani!”
“ Alo-alo tujuh puluh! Alo ti mana horeng, pan Rani nyaho sorangan, Nani mah teu boga dulur. Aya oge Si Oci anak urang, da leutik keneh kakara ge kelas tilu SD.”
“ Jadi Nani teh ngabohong nya ka Pa Jaka?” pok teh rada reuwas.
“ Kapaksa we Ran, da teu kitu mah pasti Pa jaka moal daek mere nilai. Atawa dina merena oge, urang pasti dibere soal-soal heula, anu geus kasawang, moal bisa ngajawabna.’
“ Aduh Nani, kumaha atuh ari geus kieu? Kumaha lamun Pa Jaka nyahoeun Nani ngabohong?” kuring jadi milu manghariwangkeun.
“ Puguh eta nu jadi pikiran teh, sok sieun nilai dibatalkeun deui, tulungan atuh Ran.” omongna lumengis.
‘ Lieur urang mah ah! Kumaha nulunganana barina ge.” Pusing tungtungna mah ku kalakuan Si Nani teh. Etah gera wani kitu ka dosen. Doraka siah Nani.
“ Ran, apan Rani lain boga alo? Widuri budak geulis anu kuliah di Unpad tea? Kumaha tah mun diinjeum ku Nani, api-api we lah rek diakukeun alo Nani. Bae da Pa Jaka mah moal nyahoeun ieuh, sugan we jadi ngajodo. Kumah Ran, satuju henteu?”
“ Teuing ah! Kumaha dinya we.Barina ge Si Duri mah da geus boga papacangan. Lieur urang mah Nan, urus we ku sorangan, teu hayang miluan ah.” Leos we kuring mah ka cai.
Si Nani ngiclik nuturkeun, ngan tuluy mengkol palebah kamar Si Cikal, rek menta dianteur nepungan Widuri jigana mah.
Bingung, kuring bati bingung! Teu kacipta alo kuring kudu jadi korban diplomasi format nilai. Widuri geulis, mun kudu kitu teh hampura bibi.

March 19, 2008

ISUKAN LEBARAN

Filed under: CARITA PONDOK

Dulag nitir di masigit, ditakolan ku barudak ti asar mula Kiwari wanci sareupna, barudak beuki marotah, suka bungah galumbira nakol bedug ngawirahma parat nembus peuting. Allohu Akbar, Allohu Akbar Allohhuakbar, Laaillahailelelohhualloh hu Akbar allohuakbar walilahilham. Isukan lebaran.

Isukan lebaran? Arni nanya ka dirina, ret ka gigir anakna ngageubra. “Deudeuh Kani” gerentes hate Arni.Lalaunan sirah budak diusapan deudeuh naker, budak ngulisik, nyah beunta, “Geus uih acan bapa teh Ma?” Ditanya kitu ku budak teh Arni kalah olohok. Teu karasa aya nu haneut mapay pipina Ih kalah ka ceurik, pan geus jangji dina hate moal ceurik hareupeun budak. Buru-buru Arni nyusut cipanon, tuluy imut bari ngusapan sirah budak. ” Teu acan kasep, sok bobo deui we, urang pepende ku ema nya?” Budak unggeuk, bangun atoh. Haleuang Arni nembang , dipirig kacapi asih, ngawih na jemplingna peuting, mepende jimat awaking.

Anaking jungjunan kalbu

Didoakeun siang wengi

Hidep teh sing panjang yuswa

jeung masing luhur darajat

Masing jadi jalma soleh

Cageur bageur bener pinter

Mun hidep jaga geus jangkung

geuwat gera nyiar elmu

Keur obor engke di ahir

Tungtut elmu masing luhung

Ku indung dijurung-jurung

Budak lir kasirep ku sora indung, sare tibra bangun ayem. Ari Arni cunggelik nyorangan, dibaturan ku kabingung , inggis nyanghareupan beurang, inggis alah batan maut hinis. Kumaha nya pijawabeun mun Kani nanyakeun deui bapana. Ray, beungeut Farhan salakina nembongan, ngalangkang dina ingetan, teungteuingeun Kang Far, indit teh meni ampleng-amplengan, na teu inget kitu ka budak?

Geus opat taun Farhan salakina aya di nagara deungeun,indit jadi TKI waktu Kani umur 2 taun, ayeuna budak geus 6 taun, hayang nyaho rupa bapa tapi nu jadi salaki lir diteu reuy jurig teu beja teu carita, boro ampar ngirim duit. Arni sasat dicangcang teu diawur teh lain bobohongan. Eta oge lain teu hayang niat beberes ka lebe, ngan watir ku budak. Jeung teu hade we deuih awewe teu kuat nahan gogoda. Matak nyabar-nyabar maneh . Arni satia ngadagoan salakina. Da ceuk pikiranana, manehna ngarasa yakin Farhan teh aya keneh.

Ah, teu pira sabenerna mah anu ngajadikeun Arni ngahurun balung siga kieu teh. heueuh ceuk batur ketang teu pira teh da keur Arni mah beurat kacida. Tadi pabeubeurang basa Arni balik ti pagawean, Kani nyampeurkeun. Bangun lungse budak teh da keur diajar puasa. ” Ma, ari bapa nyaah teu ka ujang?” eta budak ujug-ujug pok we ngomong kitu ” Ih nya enya atuh bageur” ceuk Arni tiba engab ” Naha gening teu aya wae neang ujang? ” ” Apan keur barang siar keur sakola ujang engke ” ” Ah, taun mangkukna teu aya, taun kamari ge henteu kadieu, sabenerna ujang teh boga bapa teu Ma?” ” Nya enya atuh bageur, piraku euweuh bapa mah aya ujang anu sakieu kasepna”

” Ma ,ujang hayang jiga batur, dipangku ku bapa, jalan-jalan jeung bapa ah…mun enya ge bapa ujang aya, meureun ujang teh diogo, dipangmeulikeun momobilan jiga Cep Gani, tuluy disunatan nya Ma?”

Arni ngagebeg ngadenge omongan budak, euleuh gening budak teh geus hayang disunatan. ” Hayang disunatan ujang teh? Nya keun ke ku ema diobrolkeun ka aki” ” Embung, ujang mah embung disunatan ku aki, hayang ku bapa da Jang Dudi, Jang Olih, jeung Cep Gani oge disunatanana teh dianteur ku bapana, lain ku akina. Balikna meuli momobilan!” Hing budak teh ceurik.

” Heug atuh, hayang dianteur ku bapa oge, ke ari bapa ujang uih nya?” ” Lebaran pasti aya nya Ma? Isukan pan lebaran teh nya Ma?” ” Enya bageur, ke mun aya bapa, acuk saena anggo nya? ” Budak unggeuk bangun atoh kacida tereleng lumpat muru babaturanana. Bada asar, torojol deui budak teh nyampeurkeun. Harita Arni keur kaprak-keprek di dapur. Enya kangaranan rek lebaran, kudu we ngueh-ngueh bae mah, era bisi aya nu nganjang, piraku teu disuguhan. Eta ge sasat maksakeun da teu sabaraha atuh gajih buruh pabrik mah. Bane we hayang nyugemakeun nu jadi anak. Da bongan diculkeun ku bapana.

” Ma, mana gening bapa teh can kadieu wae?” Kani hariweusweus deui nanyakeun. ” Ke jigana mah, bada magrib” Arni padu engab. Magrib kaliwat, parat tepi ka isa, nu didagoan weleh teu embol-embol. Barina ge ketah, na ceuk saha Farhan rek datang? Eta mah ukur kahayang Arni we keur ngabeberah budak. Boa ingeteun boa henteu Farhan mah. Ah boa geus boga pamajikan deui meureun. Arni ngagebeg, reuwas ku bayanganana sorangan, mun enya teh…teungteuingeun Kang Farhan…….. ( To be continued ) Copy right by reni. ( Plagiator dilarang icikibung! )

Beuki peuting, sora dulag beuki ngageder, kani beuki ngageubra sarena, teu kaganggu ku sora dulag

Ngan Arni nu cunggelik sorangan teh, panon hese dipeureumkeunana. Pikiran ngacacang ka waktu opat
taun ka tukang, mangsa hirup babarengan ngambah sagara rumah tangga jeung farhan. Atuh amprokna Arni ka Farhan estu karep maranehna sorangan, euweuh nu ngareremokeun. Ngan nya kitu atuh sagala oge teu bisa jadi jaminan ayem tengtremna rumah tangga maranehna.

Sataun oleng panganten, nincak taun kadua, brol ngajuru ku Kani, teu ku hanteu atuh abongkena kahirupan lir ibarat jalan anu teu salawasna mulus. Der dodoja datang, Farhan kagoda ku Suti anak mang Juhaya. Suti kembang desa Haur Geulis nu kakoncara kurang hade laku lampahna.Ari Farhan bet toloheor, kabengbat ku Suti nu kawentar tukang ngaheroan salaki batur. Nya eta atuh abong jalama Farhan oge teu kuat nahan gogoda, hayoh nyieun masalah, nyaho pamajikan anyar ngajuru teh kalah
hayoh hahadean jeung Si Suti. Ari Si Suti mah da geus lain caturkeuneun.

Peurihna hate Arni harita geus lain caturkeuneun, asa dihianatan teh lain bobohongan, matak teu aneh,
piring, gelas,sendok ting kalayang kana tarang salakina da mun teu buru-buru istigfar mah, boa budak ge dicekek. Arni ceurik aprek-aprekan bari menta diserahkeun bakat ku teu suka salakina salingkuh, untung harita aya Wa Haji Danu, nya ku alpukahna Wa Haji, Arni bisa kapeper ambekna, teu jadi menta diserahkeunana. Ngan nya kitu ibarat gelas geus rengat, sanajan dikumaha wae oge angger we tapak rengatna natrat. Komo ninggang di Arni nu gurat batu mah, masalah eta teh hese pisan leungitna. Hese pisan bisa mopohokeun kalakuan salakina. Kajadian eta sok mindeng jadi bahan papaseaan. Farhan ge teu bisa kukumaha ngabandungan adat pamajikanana, rumasa manehna salah.

Kaparengkeun atuh Farhan teh keur nete semplek nincak semplak,dikaluarkeun ti pagawean, da eta cenah nu boga pabrik beakeun modal, antukna pausahaan kudu ditutup. Farhan ngaligeuh,kakeuheul Arni beuki kanceuh.

” Matak ge Kang, ari jadi lalaki ulah sok toloheor, matak mawa apes kana diri” ceuk Arni harita.
“Geus atuh ulah nyabit-nyabit carita anu geus lawas” Farhan nyureng asa teu ngeunah dikingkilikan wae ku pamajikan, eukeur mah eukeur manehna teh bingung ka mana kudu nyiar pagawean deui, der deuih nu jadi pamajikan negterewelang bae.
Lain nyabit-nyabit, abdi yakin urang ripuh kieu teh alatan kalakuan akang!” Arni keukeuh teu bisa balem.

” Arnisah! Cik atuh nurut ka salaki teh, ceuk aing cicing! cicing! Ulah nengterewelang wae lieur!” Farhan geus teu bisa nahan amarahna.

” Lieur dijeun ku sorangan, ari geus kieu anak urang rek diparaban naon?:
” Bere we huut” omong Farhan asal engab.

” Naon? Anak urang rek diparaban huut? Memangna anak urang teh hayam? Nurustunjung boga salaki teh, piraku anak pamajikan rek diparaban huut!” Arni beuki keuheul.

” Alusnya, ari harita mah ka si Suti sagala dibikeun, ka kongkorong, kongkorong digadekeun keur mahugi, ari ayeuna anak pamajikan rek diparaban huut! Teu sudi aing mah teu sudi!” Arni gegejret.

” Arnisah! Cik atuh carita sataun ka tukang mah ulah disabit-sabit wae! Na saha nu rek maraban ku huut? Nyaho akang teh keur lieur mikiran pagawean!” Farhan maksakeun rada leuleuy da ningali Arni geus siga maung rek neureuy kitu mah matak soak. Farhan ngahaja ngaakangkeun deui, sugan we Arni paler ambekna.

Ari Arni, teu nembalan ngan hing we ceurik bangun kanyenyerian. Kani anu harita keur anteng ulin, kagareuwahkeun ku sora ceurik indungna. Hing we budak oge milu ceurik. Ku Farhanburu-buru dipangku
dibangbrangkeun, kukurilingan tumpak sapedah butut paranti manehna indit gawe, da ngan eta-etana kabogana teh. Kungsi ketang ngalaman boga motor, ngan nya kitu, kulantaran kabengbat ku Nyi Suti
awewe pangeretan tea, manehna jadi burindil, matak pantes Arni rek ambek oge.

Ray poe, ray poe teh kahirupan karasana beuki seuseut, beuki peuheur keur Farhan mah. Kani anu ayeuna geus umur 2 taun, keur meujeuhne nalaktak jeung loba tatanya. Beuki loba pangabutuh keur tumuwuhna. Butuh gizi anu alus keur kamekaran otakna, kitu anu kabaca ku Arni jeung Farhan dina buku keur jaman maranehna sakola.

Enya da dihenteu-henteu oge Farhan jeung Arni teh kungsi ngalaman sakola sanajan ukur tepi ka smp, teu laluhur jiga batur tapi sasieureun sabeunyeureun mah, elmu ti guruna teh aya nu nerap, komo keur Arni mah da kaasup murid anu nyongcolang. Teu diteruskeun soteh bane wae teu kaduga ku modalna da gening sakola jaman kiwari mah teu bisa dibayar ku sampeu, tapi ku duit anu teu saeutik jumlahna. Matak pamohalan keur kolot Arni mah bisa nyakolakeun budak, sakitu oge Arni kaasup untung make disakolakeun tepi ka SMP sagala.

Nya bakat ku teu kuat kudu dahar sore henteu isuk, antukna dina hiji peuting Farhan waleh ka Arni rek indit jadi TKI. Sugan jeung sugan bisa ngarobah kahirupan.

” Kang , ari abdi kumaha atuh?” omong Arni harita.

” Nya, wayahna keur saheulaanan mah jauh ti akang, kade we mihape budak” omong salakina semu beurat kacida. Arni teu ngajawab, pipina juuh ku cimata. Da mun teu era ku kalalakian mah Farhan ge hayang milu ceurik tapi sakuat tanaga ditahan, inggis beuki nganyerikeun hate Arni.

Peuting eta peuting nu endah keur maranehna, peuting pamungkas keur sosonoan oleng panganten, sabab isukna Farhan rek indit. Kaasih, kapeurih, kasedih cacap jadi hiji dina peuting eta. Peting panungtung keur maranehna duaan.

Rebun-rebun Farhan indit, sanggeus wareg ngagalentoran budak nu keur tibra sare. Ari Arni nu keur nyadiakeun cai kopi diteuteup kalayan geugeut. Buukna anu galing muntang katingali kulimia keneh urut sosonoan tadi peuting, asa nambahan kageulisanana. Enya geulis Arni teh ceuk sasaha oge. Rancunit jeung ngembang cengek. Hanjakal teu kasipuh ku dunya barana. Boro kabedag dibajuan jiga batur teu kabeuli wedak-wedak acan.

Rumasa Farhan oge jadi salaki teh teu bisa nyenangkeun, kalah kungsi nganyenyeri,kuhayang nebus sagala dosana ku nyenangkeun hate Arni, matak rek indit jadi TKI oge. Farhan indit dijajap ku gupay asih, memeh indit embun-embunan Arni diseuseup geugeut naker, geus kitu mah leos we teu ngalieuk deui ka tukang, nepi ka ngaleungitna diteureuy pepedut subuh.

Allohuakbar Alloh Huakbarallohu akbar Lailahailallaaohualo huakbar Allohuakbar walillahilham. Sora takbir terus ngalanglaung, meulah simpena peuting. sorana ngageterkeun hate Arni. Hirup bagja teh keur Arni mah ukur impian, da gening nepi ka kiwari Farhan teh teu beja teu carita.

Di jero kareta Saemasul, hiji lalaki diuk sisi jandela. Panonna anteng neuteup ka luar. Kyong Bu geus kaliwat, teu lila reg kareta teh eureun di Chung Yang, jrut si lalaki turun, teu sirikna gura-giru lumpat ka luar peron muru taksi.

Supir taksi bangun surti, biur ngalumpatkeun mobilna ka kulonkeun muru bandara internasional Seaul. Sapaparat jalan hate si lalaki marojengja, teu genah cicing hayang gera tepi ka bandara.hayang gera biur ngapung ka jomantara. Duh ieu hate meni asa hayang gera gok panggih, kunaon atuh beungeut anak pamajikanana teh kokolebatan wae?

Pileuleuyan walungan Han, pileuleuyan kembang samon nu mayakpak laligar di Gyeongju, pileleuyan. Ti mimiti poe ieu kuring amit arek mulang enya bisi, bisi kuring tuluy mulang, mulang ka lembur karang pamidangan. Nya poe ieu urang pileuleuyan. Kitu ceuk dina jero hatena.

Si lalaki noroweco terus dina hatena, bari panon mah anteng meuteup jalan nu asa kacida panjangna. Padahal biasana mah teu kitu asa sabiasa we da unggal waktu oge kaliwatan. Na ari poe ieu bet beda tisasari. Enya sabenerna mah geus dua minggu manehna guling gasahan, teu genah sare teu genah cicing. Ingetan kumalayang ka nu di lembur. Breh beungeut pamajikanana jeung anakna piligenti nembongan. Jiga kumaha nya anakna ayeuna enya mun aya keneh dikieuna. Seredet hatena asa aya nu nurihan, peurih lir diturihan ku hinis, 4 taun lain waktu sakeudeung keur ngarobah sagalana, kaasup hirup manehna.

Opat taun manehna apruk-aprukan di lembur batur, estu loba pisan carita hirup nu kaalaman ku manehna. Asa ngalangkang dina ingetan, munggaran manehna indit ti lembur, niat jadi TKI. Aras-urus surat kolu ka kudu ngajual sapedah butut jeung tanah sacangkewok titinggal kolotna, eta ge teu bebeja ka pamajikanana mah, angkanan teh keun we geus hasil ge sabatae kagantian deui.

Tilu bulan aras-urus susuratanana oge, kitu we rerencepan. Matak kacipta keneh ngajenghokna pamajikanana waktu manehna waleh rek indit jadi TKI. Pamajikanana teu bisa kukumaha iwal ti pasrah da sanajan hatena teu mikeun ge, geus lain bolaykeuneun ari tinggal jung mah.

Si lalaki teh ngaranna Farhan. Manehna ngarenghap panjang dadana karasa eungap waktu manehna inget kumaha pait peuheurna hirup di nagara deungeun.Harita ge mun teu teu dipangaruhan ku Kandi mah sobat ulinna ti leuleutik anu mukim di Arab, sigana boro-boro hayang ka luar ti lembur. Enya harita teh Kandi balik heula ka lembur tuluy amprok jeung Farhan, nya waleh we Farhan teh ka kandi perkara bangbaluh hirupna. Ku Kandi dibere saran, milu we cenah jeung manehna ari hayang ngarobah kahirupan mah, malah urusan susuratan ge Kandi nu manguruskeun.

Mimiti pisan mah Farhan digawe di Arab saudi jadi tukang kebon di Juragan Al Fayed di Dubai. jalma beunghar pamajikanana ge opat. Ngan edas galakna moal aya. Meunang sataun dikontrakna teh tapi can ge sataun Farhan kamusibatan dituding ngajinahan pamajikan AlFayed anu kaopat. Teuing kumaha mimitina manehna bet dituduh kitu. Onggeng-onggengan susumpahan oge ku si arab teh teu dipercaya, antukna Farhan dijagragkeun ka pangadilan. Mun teu bisa mere bukti dina jero tilu bulan, Farhan bakal ditibanan hukum rajam tepi ka maot. Bari ngadagoan bukti, Farhan kudu cicing di jero bui.

Farhan ceurik di jero bui, dunya asa poek mongkleng teu kacipta ti anggalna make kudu ngajaran dibui sagala. Gening kitu hukum di Arab mah, beda pisan jeung hukum di Indonesia. rek menta tulung menta tulung ka saha da teu boga baraya.Kungsi eta oge Kandi neang, jangji rek nulungan kucara ngumaha ka kedutaan Indonesia.

Aya eta oge nu datang ti keduataan teh, cenah mah rek dibereskeun secara diplomatik jeung pamarentah Arab Saudi tapi bet pleng les teu embol-embol deui. Tungtungna Farhan ukur nunggu nasib nu rek tumiba ka dirina. Enya asa euweuh hargaan jadi bangsa Indonesia di nagara deungeun. teu jiga basa aya urang Inggris maehan urang Arab da meni tumplek atuh para pejabat kedutaan Ingris tarurun, tuluy menta ka pamarentah Arab Saudi supaya wargana di ekstradisi wae kanagarana. Jadi masalahna bisa disidangkeun make hukum di nagarana. Eh…da teu kungsi lila si urang Inggris teh dibebaskeun.

Ari Farhan, panon celong, awak kuru balas disiksa unggal poe nepi ka dina hiji poe mah manehna geus teu kuat nandanganana. Farhan ceurik tengah peuting, hate muntang ka nu kawasa. Pek teh teuing nyawa teu ngaboga-boga, mun enya takdir manehna kudu maot alatan difitnah batur, nya teu bisa majar kumaha meureun geus kitu kuduna takdir diri bagja awak. Ngan hiji nu dipenta ka nu Kawasa teh mihape anak jeung pamajikan di lembur anu geus ampir dua taun ditinggalkeun, teu beja teu carita. Geus kitu mah Farhan longsong nyanghareupan poe isuk.

Kersaning Gusti, tilu poe ti harita, torojol Kandi mawa beja pikabungaheun. farhan bakal bebas cenah sabab bukti geus aya. horeng anu ngajinahan pamajikan Al Fayed teh supirna sorangan jeung lain ngajinahan deuih da sarua purunna. Ayeuna si supir teh geus kacerek ku Kandi sabalad-balad malah make jeung disiksa sagala supaya ngaku. Ah Farhan teu hayang ngadenge dongengna, nu penting mah manehna hayang gera bebas.

Alhamdulillah dina sidang anu katilu manehna dibebaskeun, Farhan teu sirikna sujud syukur ka Nu Maha Agung. Kaluar ti pangadilan digondeng ku Kandi dibawa ka imah dunungan Kandi anu kabeneran bageur pisan. Matak watir awakbegung jeung barau da di penjara teh arang panggih jeung sabun. mandi ge kitu we dibanjur ku selang ti luar estu jiga ka anjing budug wae.

Barang tepi ka padumukan Kandi, anu pangheulana ditanyakeun teh beja ti lembur tapi Kandi kalah gideug, geus tujuh surat euweuh balesan. Farhan ukur ngaheruk.

” Geus Han, ulah dipikiran, mending oge pulihkeun heula awak, keun saheulaanan mah didieu heula,da dunungan oge ngidinan” omong Kandi waktu ningali Farhan ngahuleng wae.

“Nuhun, Kan, mun euweuh anjeun nasib kuring teuing kumaha. Ngan ieu hate inget wae ka lembur. Deudeuh Arni, Kani sigana maranehna arep-arepeun.” ceuk Farhan ngalimba.

“Sabar Han, da usaha mah kurang kumaha, unggal nu balik ti lembur ditanya, dipihapean surat tapi weleh teu aya beja deui. Atuh urusan kuring nulungan anjeun, omat ulah jadi pikiran, pan urang teh geus asa jeung dulur” omong Kandi bari sor mikeun sagelas susu coklat ka Farhan. Farhan imut bari neuteup ka Kandi ku teuteup pinuh tumarima ka Kandi nu sasatna geus nyalametkeun nyawana.

Tilu bulan Farhan cicing jeung Kandi, kitu we sagawe-gawe. Ayeuna awakna geus lingsig deui. Manehna geus niat mun awakna geus jag-jag rek balik ka lembur moal cicing di Arab. Enya da rek naon aya di nagara deungeun oge ari ukur rek ngadon sangsara mah. Enya da dua taun aya di nagara deungeun boro-boro meunang gajih nu puguh mah kalahka difitnah batur. Boga ketah gajih 8 bulan ti Si AlFayed teh tapi nya kitu tea beak dipake aras-urus waktu sidang, da bareuki duit geuning urang Arab teh.

Teu kuhanteu atuh, piduaminggueun rek balik jol teh aya beja, pajar Desa Haur Geulis beak beresih ku lini anu kacida rosana tangka imah-imah ge rata jeung taneuh. Loba penduduk nu tiwas kaasup anak pamajikan Farhan. Eta beja datangna ti Ceu Rumi nu digawe di Tuan Fadil, tilu blok ti tempatna Kandi. Ari Ceu Rumi teh boga kolot di Haur Geulis sarta apal pisan ka Arnisah. Atuh puguh Farhan ngajenghok, tuluy ngelepek kapaehan. Inget-inget waktu diceuceuhan tarangna ku Kandi di tengah imah, dunungan Kandi ge milu riweuh.

Ti harita Farhan siga nu jauh panineungan, pagaweanana huleng jentul. Dina hiji poe mah kabeneran aya kolegana dunungan Kandi nu kabeneran keur nganjang. Manehna teh ti Korea, butuh ku tukang elas, ku kabeneran bet amprok jeung Farhan,atuh barang ditawaran teh teu sirikna disantok. Teu kitu kumaha, apan jaman keur di lembur mah kana ngelas teh Farhan mah tukangna.

Farhan geus gilig rek indit ka Korea, milu jeung Tuan Yung Han. Enya balik ge rek naon ari ukur nambah kapeurih hate mah. Kitu deui cicing di Arab,teu bararetah teuing. Manehna sok kukurayeun wae mun inget kana pangalamanana di jero bui. Nya mending miceun maneh we ka Korea. Nya biur we dibawa ku Yung Han ka Korea. Nganjrek di kota Wuwon bawahan Pusan kuloneun Kota Seoul. Hiji daerah industri nu deukeut ka palabuhan.

Nya di dinya manehna ngamimitian hirup. Teu pira ukur jadi tukang elas di pausahaan Yung Han. Boga panghasilan lain lumayan keur ukuran manehna mah da kolu nyewa apartemen sagala.

Beuki lila beuki betah hirup di Korea teh, komo da ayeuna mah geus diangkat jadi mandor. Gawena hade atuh ku babaturan dipikaresep. Nu mikaresep beuki loba sanggeus nyaho Farhan lalagasan, malah ku pagawe awewe mah teu sirikna pada ngalendean, pada ngareletan.

Aya hiji nu kapicangcam, urang Korea ngaran Kim Yung Chun. Eta kataji soteh pedah Farhan sok maling teuteup ari panggih. Di sidik-sidik teh Kim asa sarimbag jeung Arni. Camperenik, rancunit jeung ngembang cengek. Bedana teh palebah buuk. Arni mah galing muntang ari Kim mah sailaharna buuk urang Korea we panjang, hideung jeung lempeng.

Eta ku batu turun keusik naek.Kim oge jiga nu neundeun hate ka Farhan. Linggekna, imutna, keletna estu katingali pisan mere hatena. Ah teu di mana teu di mendi awewe mah kitu adatna…. Ayeuna geus ampir sataun Farhan hahadean jeung Kim.

” Far, naha urang teh rek kikieuan wae?” ceuk Kim dina hiji poe waktu maranehna balik ti pagawean.
” Kieu kumaha? ‘ ceuk farhan api-api teu ngarti.

” kuring hayang jadi pamajikan anjeun! ‘ omong Kim togmol. Farhan tangka ngagebeg bakat ku reuwas. Teu sangka Kim bet ngomong kitu.

” Kuring embung pisah jeung anjeun, kuring embung kaleungitan anjeun!’ Kim nginghak dina dadana. Farhan ukur ngahuleng bari leungeun anteng ngusapan sirah Kim. Lalaunan Farhan ngomong, ” Kim, kuring oge nyaah ka anjeun, na saha nu rek ninggalkeun anjeun? Ngan perkara kudu kawin jeung anjeun eta can kapikiran sabab kuring boga kulawarga” ceuk farhan bari derekdek manehna nyaritakeun deui jalan hirupna ti mimiti indit ti lembur nepi ka harita, saeutik oge euweuh nu kaliwat ku manehna kabeh dicaritakeun ka Kim.

” Tah kitu Kim, sanajan ceuk beja, anak pamajikan kuring teh geus euweuh tapi ari can bukti mah hate teh teu bisa narima. Ku kituna kuring embung ngawin anjeun dina kaayaan hate anu can bangblas” omong farhan bari neuteup seukeut ka Kim. Diteuteup kitu ku farhan, Kim ukur ngahuleng. Enya manehna oge surti sabab lain sakali dua kali Farhan nyaritakeun pangalaman hirupna. Kim oge ngarti, ngarti pisan yen lalaki anu kacida dipicintana teh geus aya nu boga, sanajan ngan ukur carita.

” Kuring ngarti Far, teu kudu dicaritakeun deui, kuring geus apal saha diri anjeun tapi lain hartina hubungan urang euweuh kajelasan, sanajan kumaha bae oge tetep kuring menta kaputusan!”

” Enya kumaha atuh Kim? Cik kumaha ceuk anjeun? ” omong Farhan semu bingung.

” Kieu we atuh Far, kumaha mun Farhan mulang heula ka Indonesia? ”

” Ka Indonesia rek naon? Rek nurihan hate sorangan?”

” Ih lain, keur ngabuktikeun aya keneh henteuna anak pamajikan , ulah ukur beja ti batur!”

” Mun bener sakumaha ceuk beja?”

” NYa buru-buru Far balik deui ka Korea. Sakalian we aras-urus jadi warga nagara Korea” omong Kim tendes. ” Tapi lamun anak pamajikan Far aya keneh,……” Kim teu kebat nyaritana, ngan segruk wae ceurik tuluy nyuuh kana lahunan Farhan. Ku Farhan diusapan buukna deudeuh naker bari hatena sabil antara nurut kana omongan Kim jeung henteu.

Dipikir dibulak-balik, tungtungna manehna sadar yen omongan Kim aya benerna. Ku kitu ku kieu manehna kudu kuat narima kanyataan. Naha salila ieu manehna bet leutik burih kawas lain lalaki, sieun itu sieun ieu. Kuduna manehna kuat narima sagala nu rek tumiba ka dirina.

Nya kaputusan eta anu ngalantarankeun manehna ayeuna aya di jero kapal Korea Air Lines nu keur ngapung di jomantara. Ngapak mega ngalayang di awang-awang. Geus talatah ka Kim, ku kitu ku kieu pasti manehna bakal mere beja ngan poma kudu ngahampura bisi manehna teu bisa balik deui ka Korea. Harita Kim ukur juuh cimata. Dirina beurat kacida ngaleupaskeun beubeulahan hatena.

” Attention…attention, air plane will take of, the passanger are ready to take of. The packages dont leave. thanks you” ceuk sora halimpu tina media player. Ngadadak awak Farhan asa paranas tiris. Teuing kunaon, hete ge bet ting seredet.

Hatena ngageter waktu mungggaran sukuna nincak deui lemah cai anu geus opat taun ditinggalkeun. Ka luar ti bandara manehna rikat neangan taksi. Kalacat naek tuluy diuk bangun tumaninah. Jandela taksi ngahaja ku manehna dibuka. Manehna jiga nu hayang seubeuh nyeuseup hawa lemah caina. Mobil terus maju bangun surti kana hatena nu hayang buru-buru tepi ka lemburna di Haur Geulis.

Wanci geus ngagayuh ka peuting. Hawar-hawar kadenge sora takbir ti masjid nu kaliwatan. Farhan asa kaingetan yen isukan lebaran. Lebaran? Leuh geus opat taun manehna teu ngalaman lebaran. Nepi ka teu eungeuh isukan lebaran. Paingan atuh meni rame sora takbir. Luk manehna tungkul tuluy biwirna kunyem milu takbir. Aya nu ngalembereh mapay pipina, asa ribed ku dosa awak teh. hatena ngajerit menta hampura ka nu ngayuga.

” Isukan lebaran? Arnisah, Kani naha anjeun araya keneh? Duh Gusti, mun maranehna araya keneh, pendakeun abdi jeung maranehna. Mun geus teu aya, atuh pangnuduhkeun kuburanana” kitu ceuk hatena nu keur muntang ka Nu Kawasa. Ari mobil angger nyemprung na jemplingna peuting, nyuaykeun kasimpe hate awor jeung kasono, kadeudeuh ngajadi hiji. meni asa hayang gok panggih.

he URI to TrackBack this entry is:
http://renik.blogsome.com/2007/10/25/isukan-lebaran/trackback/

1.

sigana si kunyang mah epes meer. kakara dua paragrap dina
nyaritakeun dulag nitir, geus ngarasa sedih, dibaca ka handapna, cai mata geus
mimiti nyalangkrung…ehmm meni sedih karunya ka si kani anu hayang
nyaho bapak. Beda nya carita sunda mah, dibacana ku urang sunda asli,
atuh meni asa nyerep, sok lajengkeun………

Comment by si kunyang — October 25, 2007 @ 4:22 am
2.

Sae…, teraskeun teh… Mung kahade kedah ngajagi perbentenan
“cara berpikir” murang kalih, sareng ngajagi “gaya basa” anu
diangge, kedah konsisten. Maksadna, utamina dina basa anu diangge ku
murangkalih…., maklum basa Sunda mah benten sareng basa Indonesia; Basa
Sunda mah pan aya panta-pantana (tingkatanana), bilih nyampur teu puguh.
Iwal, upami bade ngungkab kanyataan faktual basa barudak jaman ayeuna
anu memang pacampur teu puguh… hehehe. BTW teraskeun sae… sumpah
sanes muji. hehehe

Comment by Ahmad Gibson — October 25, 2007 @ 7:57 am
3.

pasti ujung ujung na seuseueurna hapi ending tapi abdi mah hoyong
anu liku-liku kehidupan atanapi perjalanan hidupna (penuh perjuangan
yang bisa membuat orang penasaran dengan cerita akhir)

Comment by neni_nurhaeni — October 27, 2007 @ 5:13 am
4.

Eh neng Neni, tong di pengaruhan kitu ah…mening oge happy
ending…ameh bahagia ka sarera, kanu maracana bahagia, kanu nulisna oge
bahagia atuh, da jaman ayeuna mah mun sedih wae teh jadi stress, teras
jadi panyakit. Tah mening oge happy ameh sarehat…teu boga duit oge ari
sehat mah sae lah.bagja…..he he he…..

Comment by uwa — October 28, 2007 @ 2:24 am
5.

Aduuuuhhhh ku balageur gaduh rerencangan teh, meni merhatoskeun
pisan kana cerpen abdi. Hatur nuhun ah kana komentarna. Inyaalloh urang
teraskeunnya, mudah-mudahan tiasa nyugemakeun ka sadayana. Namung
peryogi kauninga, ieu teh cerpen munggaran anu eusi cariosna teu aya pisan
patula-patali sareng kahirupan abdi pribadi. Teras deuih abdi hoyong
nyobian nyerat cerpen anu serius, margi salami ieu sesah pisan nyerat
cerpen sunda anu serius teh. Abdi kantos nyerat carios sunda anu judulna
teh ‘BOM’ eta carios teh maksadna mah ngiring prihatin kana kaayaan
dunya atikan di urang tapi naha da ku Mangle teh kalah dimuat dina kolom
barakatak. Apan teu nyambung nya?

Comment by reni — October 31, 2007 @ 3:04 am
The URI to TrackBack this entry is:
http://renik.blogsome.com/2007/11/09/isukan-lebaran-2/trackback/

1.

Subhanallah.. carita keluarga meuni nyentuh pisan bu. Hapunten
nembe ngalongok ayeuna bu :D . Pendapat abdi sami sareng uwa Fz, endingna
mendingan di happy keun bu.. hehehe supados makin dalem caritana..
Semangat nya bu.. di antos karya salanjutna ;) Salam Baktos

Comment by iis tea — November 2, 2007 @ 11:15 am
2.

Aeh eta aya neng IIs kamana tos lami tara katingal online. Enya
lah mendingan di happy endingkeun carita iyeu ameh bahagia keur sarerea,
ulah matak jadi pipanyakiteun lah, geus puguh kahirupan di dunya nyata
loba kasediheun atuh dina carita..bisa ngabagjakeun para pembaca sanes
kitu bu Reni? tuh tos sabaraha urang mere saran jadi carita happy
ending?..geus lah bere ahirna kabagjaan keur Arni jeung Kani…karunya uwa
mah….he he he….sok sina insaf si farhan tepi ka bisa ngabagjakeun
anak pamajikan…..ameh jadi contoh ka para TKI nu boga watak siga si
farhan maranehna jadi harayang arinsaf kulantaran dibere conto tina
carita iyeu….good luck

Comment by uwa Fz — November 2, 2007 @ 8:25 pm
3.

Stttt….. teu kenging mangaruhan pangarang pamali, matak kandeg
dijalan ke nyeratna, pan tanjaten langkung pikasediheun ka anu macana,
kitu oge ka Pangarangna….
Teh… deuh tos karaos ngagulusur ayeuna mah, caritana tos
langkung ngabentuk, margi latar caritana tos jelas. Mung eta angkatna Farhan
janten TKI ten mani siga anu gampil pisan, wengi nyarios subuh
miang….. Be patient& calmly..!!! teu kenging gurung gusuh, keun we anu tos
nyarios masalah ENDING mah tos dipirosea, tong janten bangbalu kana
manah, anggap we sabage gogoda, model Suti anu ngagoda kana katenangan rumah
tangga Arni & Farhan. HEHEHE…. terus maju pantang mundur…
KAngge nyumangetan, kuabdi dikintun puisi lawas:

Jejak KAKI

Bunga Ros mana yang tak berduri?
wahai kawan.

bagi yang tahu tentang kehidupan
bunga teratai mekar dalam genangan air berlumpur

Percikan api pun bisa menebar
dari tetesan embun di pagi hari

Gibson, Babakan Sophia, 23 Desember 2002

Hatur nuhu, punten.

Comment by Gibson — November 3, 2007 @ 4:11 am
4.

Haturan Neng IIs wilujeng sumping,hatur nuhun parantos
rurumpaheun nganjang kana blog ibu, kantenan bari ngintun komentar mah meni asa
kagunturan madu, insyaalloh ieu carios urang teraskeun deui sakumaha
pamundut rerencangan sadayana,
mudah-mudahan wae tiasa nyugemakeun sakumaha kahoyong si uwa, teh
neni, teh dini, kang Gibson sareng nusanesna. Atuh kanggo Kang Gibson,
hatur nuhun deuih kana komentarna. Muhun Kang ku abdi diimeutan deui
teh aya bagian carios anu kirang cop kana hate, asa rusuh kitunya,
insyaalloh urang ropea deui, teras eta deuih ku masihan puisi aduh meni sae
kitu eta puisi abong penyair si akang mah, meni nyerep kana lelembutan,
nyaan matak masihan sumangetna, hatur nuhun kang.Doakeun abdi nya sing
dipasihan kakiatan neraskeun carios ieu kalayan henteu nguciwakeun
pembacana.

Comment by reni — November 7, 2007 @ 3:39 am
5.

Cep Gibson sigana mah penulis teh ingin membuat kejutan ka Arni.
Tentu di Indonesia mah sagala urusan teu babari, komo bari jeung sagala
kudu di sogok mah. Tah sigana mah waktu Farhan ngajual motor jeung
ngagadekeun kongkorong teh keur nguruskeun surat2 gawe jadi TKI, sanes
keur mahugi si Suti, piraku jelema teu boga wani2 mahugi aww selingkuhan
bari jeung jujualan sagala, ah teu merenah, ceuk abdi mah…punten ah
tos wantun nyanyahoanan pengarang, atuda enya meni babari kitu peuting
nyarita rek ka LN isukna geus bisa jung…….sanes kitu?………he he
he….

Comment by uwa Fz — November 12, 2007 @ 9:55 pm
6.

Dongong saha teh ieu teh? rame pisan….usum huut kitu ayeuna
teh? hehehehhe…siplah bagus pisan

Comment by roni — November 13, 2007 @ 6:10 am
7.

Mana terusan nana iyeu carita teh?

Comment by si kunyang — December 22, 2007 @ 6:00 am

RSS feed for comments on this post.
Leave a comment

The URI to TrackBack this entry is:
http://renik.blogsome.com/2007/12/29/isukan-lebaran-3/trackback/

1.

Alhamdulillah, bari lami oge teu burung rengse ieu cerpen teh.
Haturan kanggo sadaya pamirsa. hapunten bilih aya anu teu cop kana hate.
Rumaos nembe diajar nyerat carpon. Omat ulah dipoyoknya.Atuh khusus
kanggo Fz, Bu Dini, Bu Neni, Bu Ani mudah-mudahan tiasa nyugemakeun.
Khusus kanggo Kang Gibson anu sok masihan wae motivasi, tah ayeuna mah teu
never ending carios teh kang. Aya tungtungna. Kitu deui kanggo Kang Dika
anu sok janten sumber inpirasi hatur nuhun. Hanjakal Kang Dika mah teu
lancar basa Sunda da asli urang Jakarta. Namung sanaos kitu kang Dika
teu weleh ngarojong. Komo Fz mah teu sirikna unggal waktos ngamotivasi
abdi hatur nuhun sakali deui hatur nuhun. Mugi Alooh ngabales kana
kasaean sadayana.

Comment by renik — December 29, 2007 @ 6:38 am
2.

Anjriiiittt…. !!! kitu sigana mah lamun ceuk barudak ayeuna
mah.. HAHAHAHA.
Anu maksa supados happy ending, ngahuleng…. hik hik hik… da
ku kieu mah sigana…. hehe. Kabayang dina manah teh Reni cumarios..
bade bungah bade susah akhirna… teu langkung angen-angen anu maca;
mangga teh teuing…, diboral 1000 tilu… hahaha.
Hehehe… wilujeng teh ah… Sigana ayeuna mah tibra kulem
teh..:D:D:D

Comment by Ahmad Gibson — December 29, 2007 @ 1:26 pm
3.

Alhamdulillah aya oge ahirna iyeu carita teh. Paingan lami da eta
sigana si penulis research heula, sigana si penulis teh angkat ka
Korea heula nya, da eta meni terang nami kota2, jeung ngaran sungai
sagala… he he he…Abdi mah meni sedih maca pangalaman hirup Farhan, tapi
geuning Allah mah Maha Pengasih Maha Penyayang tea. ari kasusah di
hareupan ku sifat sabar mah tuh geuning aya balesan nana. Nu ahirna Farhan
bisa bagja jeung kulawargana. Taah pesan uwa: ka anu teu gaduh sifat
sabar sok geura dialajar jadi jalma sabar, Apan cenah aya hadis nu
nguningakeun: mun meunang kabagjaan kudu loba nyukuran nana, mun meunang
musibah kudu sabar nyanghareupan nana………tah kitu wae pesan ti uwa
mah….Bravo bu Reni….keprok ahhhh

Comment by Fz — December 29, 2007 @ 9:06 pm
4.

Hatur nuhun kana comenna, muhun kang Gibson, sesah geningnya
nurutkeun kahoyong pembaca teh urang kedah terang selerana namung kitu
mudah-mudahan we ieu carios teh tiasa nyugemakeun ka sadayana. Muhun fz,
pieunteungeun tah tokoh Farhan teh. Istiqomqh nya jiga saha cing? Kuat
nahan gogoda..he..he..he..
teu jiga saha cing? Mudah-mudahan atuh Fz oge raos kulem ku maca
carios ieu. Sakali deui hatur nuhun ka sadayana.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer