Lembur Kuring Karang Pamidangan

October 7, 2009

TEPUNG MUNGGARAN DINA TEPUNG TAUN

tepung taun

Panggih jeung Ki Adi teh ku alpukahna Si Akang, nepungkeun di dunya maya.
Dunya nu legana ngaleuwihan nusantara , parat ngambah jagat raya,
anu ku itungan waktu baheula mah jigana pamohalan bisa ngambah dunya
dina waktu anu kacida singketna. Teu kitu gening ku pesatna teknologi mah,
contona wae kuring bet bisa tepung jeung Ki Adi anu mukim di Texas.

Kumaha atuh eta teh dongengna? Nya ari mimitina mah kitu we,
ti saprak internet asup ka sakola kuring dina taun 2003, kuring sok pirajeunan
muka YM, mimitina mah sok neangan batur carekaneun di room sugan we aya
nu bisa diajak pasea..he..he..he…biasa ari keur ribut jeung dunungan teh,
kuringmah sok murang-maringna di room. Angkanan teh sabodo teuing
da di room mah euweuh jelema nu wawuh atuh ngomong oge bisa saheuayna.

Pang resepna mun aya jelema kasinggung, tuluy asup kana PM kuring,
der nyarekan ngajak pasea, laahh justru eta nu dipiharep. Da ari pasea di alam nyata mah…matak geunjleung dunya..piraku aya guru pasea, kumaha muridna atuh.

Kalakuan kitu teh kapanggih ku Ki sobat, Ki Ate Kartiwan ( almarhum ),
kuring dicarekan pokna teh

“ Cing atuh Ontohod kalakuan teh ulah ngerakeun almamater
kawas lain guru wae Ente mah!Batur mah muka YM teh neangan babaturan
ieu mah kalah der neangan musuh”

“ Kuma uing we, nu nulis dina screen leungeun-leungeun uing, usilan teuing barina ge!
Dari pada ngobrol teu uni, ngagombalan batur, mending ngajak pasea!”
jawab teh dapon engab.

“ Sarua we teu balegna pasea oge! Yeuh..nu diajak pasea teh jelema, najan teu katempo bungkeuleukannana oge! Maranehna boga rasa, boga pikiran! Dari pada kikituan mending nyieun blog, kapan Ente mah resep nulis lain?”

Eta omongan Ki Ate nyerep kana hate kuring, atuh ti harita kuring diajar nyieun blog,
enya we resep boga blog teh, komo mun pareng loba anu ngomentaran mah.Tah ti harita, eureun weh maseaan batur di room teh, malah ID oge diganti ku ngaran asli, atuh babaturan oge lolobana mah nu sok ngomentaran dina blog wae tara neangan deui ka room.

Di antara para komentator, aya saurang anu rada munel eusina ,
memper-memper kana filsafat. Sakapeung seukeut matak peureus,
sakapeung bebeakan muji kana tulisan kuring . Ah panasaran tuluy we
ID na di add, horeng manehna teh dosen di hiji paguron luhur nu geus kasohor.
Paingan atuh beda ti batur dina ngomentaranana.

Teu sangka Ki dosen anu someah teh gening misobat, ngaakangkeun
padahal umurna sahandapeun kuring. Nya ti Si Akang kuring wanoh jeung Ki Adi teh.
Eta cenah ceuk Si Akang teh “ Teh Ren, Sist Nety mah bageur pisan, someah ka sasaha , henteu ieu aing uyah kidul sanajan sagala aya oge “

Ari ku kuring kalah pok dijawab kieu
“ Nya enya atuh, piraku deui rek asa aing uyah kidul apan Ayi Nety mah ti kulon,
ti Banjar pan? “

“ Hih ieu mah dibejaan teh! “ Si akang ukur nyarita kitu,da nya eta ngobrolna
dina screen tea, da mun seug pajonghok mah jigana kana diteke kuring teh, bongan pikasebeleun.

Enya we sakumaha ceuk Si Akang, Ayi Nety teh someah pisan,
galecok ari ngobrol sanajan langka tepung da kuring jarang ol
tapi ari pareng amprok dina PM teu weleh misono. Malah teu ukur kitu,
kuring diajarkeun nyieun blog tina multiply sagala, ngan kusabab kuringna
hese ngarti gancang poho matak pusing nu ngajar, tuntungna mah
diapangnyieunkeun weh blog teh,meni alus jeung artistik, hanjakal kuringna joledar ngaropeana, da eta atuh boga blog teh salima-lima matak lieur ngeusianana.
Antukna , Talaga Wening mah kaluli-luli, lain teu narimakeun ka nu merena,
ngan eta ku kariweuh tea. Jeung apan ari multiply mah teu basajan jiga blogsome
atawa word press, ceuk kuring nu gaptek, da ari ceuk nu pinter mah
teu aya nu hese sagala oge.

Kuring asa boga adi, lamun pareng Si Ayi sedih kuring sok milu ceurik
atuh sabalikna mun pareng keur meunang kabagjaan, hate teh sok milu bungah.
Asa aya nu sarua dina diri kuring jeung Si Ayi, duka lebah manana,
jigana mah lebah lalakon hirup jeung adat-adatan Asa aya anu sarua,
sanajan teu nyeples oge. Nya kusabab eta kuring sok nyawang,
kumaha mun tepung dina kieuna, naha bakal sarua sikepna,
bakal sarua galecokna? Atawa bakal sabalikna?

Ku teu sangka Si Ayi ngabejaan pajar lebaran taun ieu mah rek mulang ka Indonesia,
atuh puguh kacida bungahna narima beja teh. Cunduk waktu, kuring kudu datang
dina acara milangkalana, nu diayakeun di Restoran Sindang Reret.
Geus diajam ti anggalna, sanajan rek bentrok jeung acara naon oge,
kuring rek maksakeun hadir, malah lamun perlu mah rek mentingkeun pisan
sabab apan teu taun kali bisa tepung jeung Si Ayi.Komo ieu mah Si Ayi na oge
omat-omatan kuring kudu datang jeung salaki

Dina waktuna, enya wae acara teh padet pisan.
Poe saptuna acara halal bihalal guru-guru di villa bogana kepsek,
biasa ngadon ngaruseup jeung balakecrakan, ti isuk parat nepi ka sore.
Ari poe mingguna tanggal 4 Oktober jam 8 aya acara halal-bihalal alumni,
terus bada lohor aya acara halal-bihalal kulawarga besar ti bapana,
bari sakalian muka arisan anyar. Teu ku hanteu anu tadina rek rurusuhan teh
kalah der kapeto jadi ketua arisan. Atuh puguh teu bisa balik ti heula
da kudu ngumpulkeun duit jeung muka arisan heula, malah kudu biantara sagala
..Laahhh ieu mah keur rusuh teh, eta ge kuring tamaha, ulah kuring nu kapeto
jadi ketuana, ngan hih, da teu dihiding, kabeh dulur sapuk nyatujuan kuring kudu
jadi ketua, teu bisa minge, tuntungna mah ditarima bae bari sajero ngumpulkeun
duit teh panon mah, ret deui-ret deui kana jam nu ngadaplok.
Teu kitu kumaha apan ondangan Si Ayi teh pukul 4 sore.
Ari ieu pukul 3.15 masih aya keneh di Cisarua.

Alhamdulilah acara lekasan, pukul 4 sore geus aya di imah,
rurusuhan mandi da awak asa bayeungyang, beres solat mah
jung we miang jeung bapana. Enya wae tepi ka tempat acara teh kasorean.
Sok samar polah kuring mah mun datang telat teh, ret kaditu ret kadieu neangan
Si Ayi, nu mana atuh teu katingali, da gening loba tamuna ,
peuntaseun meja katingali aya Si Akang keur nyerengeh…digupay we,
bari terus neangan tempat diuk nu masih kosong. Panon mah ngulincer
neangan Si Ayi, na di mana atuh, tuluy nanyakeun ka nu diuk hareupeun, aya cenah.

Na atuh ana keur kitu solongkrong aya nu nyampeurkeun
sugan teh mojang ti mana, gening Si Ayi! Gusti..pangawakan jangkung lenjang,
kulit umyang, pameunteu bear marahmay, amis budi ,someah darehdeh pisan,
sakitu anyar pinanggih tapi teu jiga nu anyar wawuh. Dunya barana nu nyipuh dirina
teu ieuh jadi umaing. Eta ku teu jiga lila di Texas, estu ieu mah Sunda pituin,
dina lentong dina basa estu nyunda pisan, sanajan aya Amerikana tapi estu
jadi matak nambah nyari kana pribadina, da katambahan ku sonagar gaya
urang Amerika. Leuh bagja boga adi teh teu keuna ku kontaminasi, teu poho
kana jatidiri Sunda. Teu jiga umumna barudak ayeuna, sanajan can ka Amerika
meni geus asa pangamerikana sadunya, dina gaya dina basa,
estu matak pikaresepeun peureup.

Atuh anu leuwih bagjana, di ditu teh teu ukur tepung jeung Si Ayi
tapi jeung babaturan nu liana, nu biasa tepung di FB jiga Kang Agus Pakusarakan,
Teh Rahayu sareng Kang Aham katut garwana.( hanjakal teu tepung jeung Kang Godi
padahal mun tepung rek aya tanyakeuneun ka Si Akang teh, teu pira ukur hayang apal
kunaon ari Kang Godi, mun ngarang teh tokohna sok tina wayang! He..he..he….)

Anu matak helokna mah, kuring ditepungkeun jeung Ambu Mien!
Duh daek salamet teu nyangka eta teh Ambu. Da eta atuh bet
tebih tina sangkaan, gening ku seger, damis meni limit, geulis,
darehdeh misobat pisan, komara menak baheula. Eta meni apal
yen kuring guru ti Cimahi padahal di FB oge arang tepung ,
da nya eta kuring mah muka FB na sok sahayuna . Duh Ambu
asa teu percanten abdi mah yuswa Ambu tos 70 taun.

Bet jadi inget ka Uyutna barudak, umur 70 taun teh geus teu bisa ditanya bener,
da eta we mun dingetan solat pokna teh “ Ah da UU mah tos solat tepi ka isa” .
Singhoreng unggal solat teh disakalikeun kabeh dina solat subuh.
Ah dasar UU geus hilapan. Ari Ambu..bet teu aya harib-harib kana hilap ,
komo pikun mah, estu meni cerdas katingalna teh. Kumaha nya resepna
sangkan seger wae jiga Ambu…….Da jeung enyana pendak sareng Ambu mah
asa teuneung nyanghareupan mangsa nu bakal datang teh,
asa ku hayang ngalakonan umur 70 taun,
duh jiga kumaha nya kuring mun geus sayuswa Ambu?

Gusti teu nyangka kumelendang di alam maya teh gening janten seueur baraya.
Nuhun Gusti abdi tos ditepangkeun sareng sobat-sobat nu bareresih hatena…..,
hatur nuhun Ambu, Ayi Nety ,Kang Gibson sarta rerencangan sadayana
mugi Gusti ngawales kasaean sadayana ku kaasih sareng rahmat
anu ngocor salalawasna. Amiinnn….

September 3, 2009

NYOREANG ALAM KA TUKANG

Filed under: PANINEUNGAN

Duh, asa dosa dina bulan Ramadhan anu geus nincak ka dua belas poe kuring can nulis dina blog, padahal bulan puasa teh keur kuring mah bulan anu kacida dianti-antina. Bulan anu pinuh ku magfiroh ceuk ajengan mah. Da jeung enyana, rijki teh dina bulan suci mah asa garampang pisan. Alhamdulillah.
Ngan nu rek ditulis didieu mah lain soal meunang rijkina, tapi rek nyoreang alam ka tukang, jaman kuring keur budak, lamun datang bulan puasa teh kacida pisan bagjana lantaran bisa ulin saseubeuhna da tara wani nyarek kolot ge ari keur bulan puasa mah.
Lah meni waraas, da nya eta kuring mah geus kawentar budak nalaktak jeung rada lenger, da eta we bisa puasa bener teh kakara umur 12 taun. Kacida pisannya. Beda jeung barudak ayeuna, kaasup anak kuring kakara di TK oge geus sina diajar puasa. Ngahaja ulah sina ngala ka indung!
Tah unggal datang bulan puasa, ilaharna barudak sok ngabuburit. Kitu deui kuring. Memeh ngabuburit sok ngabeubeurang heula. Euweuh deui ari ngabeubeurang teh sok sasapedahan tuluy ngarojay di gedung perdatam da didinya aya balong air mancur. Lamun teu kitu ngaheureuyan Si Macih nu gelo.Kungsi hiji waktu mah ningali Si Macih keur cacaleuhakan dahar ,tuluy ditanya kunaon teu puasa, eh jawabna teh apan Macih mah gelo cenah. Ari daharna teh jeung kurupuk, panasaran ditingalikeun, horeng beda ti batur. Mimitina sangu heula, sangu peren am kurupuk. Ceuk kuring teh, “ Macih lain kitu ari dahar. Kuduna mah am sangu am kurupuk. Eh kalah ngajawab, “ Ah….dipikiran teuing ke oge dina beuteung ngahiji!” Ih dasar nu teu hideng……
Beres buka kuring sabatur-batur bring ka masjid rek solat taraweh, kuring mah sholat taraweh teh sok nguriling ka masjid-masjid. Aya masjid Haji Uha, Ajengan Embun jeung sajabana, enya da baheula mah ngaran masjid teh sok dicokot tina ngaran kokolotna,teu jiga ayeuna ngaran masjid teh lain ku ngaran ajengan nu ngageugeuhna. Waasna teh unggal salat di masjid can ngajaran sakali oge bener, ngan ngagedekeun heureuy we, ari gegedug heureuyna teh nya eta Kang Epit ( Ayeuna mah geus jadi perwira pulisi manehna teh ) Eta we gera heureuy teh sok kamalinaan, geus puguh ngaganggu batur nu keur solat mah, ieu mah kolu ka wani nyumputkeun kolor ajengan sagala.
Eta kajadian teh dina malem lilikuran, pan biasa dina malem lilikuran mah ka masjid teh sok aya nu mere maweh, keur anu tadarus, biasana ti ibu-ibu sabudeureun masjid. Eusina teh rupa-rupa sabangsaning kueh-kueh karesep kolot jeung barudak. Tah kuring sabatur-batur ngakalan kumaha carana sangkan kabagian lalawuh, da nya eta ari tara tadarus mah boro-boro kabagean. Nya dina hiji waktu mah manggih akal ku cara nyumputkeun kolor ajengan.Kang Epit nu boga alpukah nyumputkeunana di jero bedug, kuring mah kabagean mareuman lampu masjid.
Atuh puguh barang beres solat teh ajengan kokotetengan neangan kolor bari bingung da lampu poek. Tah dina lebah kitu, barudak nu lain hideng nyokot tatampah eusi lalawuh tuluy dibawa ka markas. Ari markas teh pos ronda gigireun imah Bi Uti, teu jauh ti masjid. Geus kitu mah brak we dibuka bari teu weleh babarakatakan. Kungsi sakali waktu mah Pa RW naroskeun meunang milik ti mana barudak? Ti Haji Uha, ceuk barudak raeng, mangga Pa RW raosan, eh da eta mah Pa Rw oge pipilueun balakecrakan, da nya eta teu apaleun lalakonna. Dasar atuh nya ari keur budak. Padahal kuring sabatur-batur teh lain budak karurang dahar da di imah ge dahareun mah ngaleuya. Malah apan babaturan oge lain si itu si eta lolobana mah anak jelema pangkat tapi ari palebah nalaktak mah ngarana ge budak…Duh sok asa dosa ka kolot, pagawean ngan ngalieurkeun we kawas lain anak Kadis kuring teh…( Hapunten apa…)
Hiji waktu mah kuring sabatur-batur kungsi dicarekan sarta dibuburak ku Haji Uha,tuluy diancam teu meunang solat deui di masjidna lamun kalakuan teu bisa dirobah. Teu pira alatan solat nurutan manehna. Kieu dongengna teh, barudak teh teu bisa cicing, keur solat teh ngan heureuy we, eta tuda Si Rudy nu kitu tea mah, kalah der dimukena tuluy cicing di shaf awewe, meni pas pisan gigireun kuring, boro diantep da sugan teh Si Yayu adina. Ari pek si Rudy keur ngaheroan Uceu. Kulantaran barudak garandeng wae, nya Haji Uha anu jadi imam, ebat solatna. Tuluy muncereng ka barudak, hoak nyarekan bari ngulang-ngulang paneunggeul.” Hei barudak bangkawarah maraneh teh nya, lain solat kalahka heureuy! Solat sing bener!” Atuh puguh barudak reuwaseun. Ngan si Rudy nu wani ngajawab teh, kieu cenah ” Wa, nu kumaha ari solat nu leres teh?” ” Ih, dasar belegug, nya turutan aing atuh!” “Oooo… ceuk barudak meni raeng” Nya ti dinya mah sarolat we nurutan Haji Uha Ari Haji Uha teh ( Duh punten Uwa ) bongkok ti kudrat. Atuh barudak teh solatna bari murukukung. Keur anteng solat, hoak teh ti tukang aya nu nyarekan. ” Nanaonan maraneh teh sing bener atuh solat teh, piraku solat murukukung kitu! ” Nya ebat deui solat teh da kabeh ngaralieuk kana sora ti tukang, sing horeng Wa Dana.
Barudak reang nembalan, “Pan dipiwarang ku Haji Uha, solat teh kedah nurutan anjeunna”. ” Ehh lain gayana, tapi carana,gayana mah tong diturutan ,pan Haji Uha mah geus bongkok tikudrat” Kitu ceuk Wa Dana teh. Na ana gantawang teh Haji Uha nyarekan bari ngulang-ngulang paneunggeul ngusir kuring sabatur-batur kaluar ti masjid! Nya tungtungna mah bring we parindah ka masjid Ajengan Embun.
Duuuhh hapunten Wa Haji,ayeuna mah Wa Haji teh tos teu aya dikieuna atuh para sobat lilis, uce.heni, yanti sanusi, lucky, deden, rudy. yayu, dian, evi, yus jeung saha deui kuring geus paroho deui batur-batur saperjuangan ngaprak masjid, dimarana ayeuna? Meureun geus marawa nasib sewang-sewangan. Bulan puasa ayeuna umur kuring geus lain budak deui, tapi geus jadi indung, geus boga budak tilu.Pangalaman eta natrat terus dina hate. Kuring bagja mun inget kadinya, gening loba gunana jadi budak bangor teh nya. Enya bisa jadi eunteung keur kuring dina ngadidik barudak jeung murid-murid kuring. Tah keur anak-anak kuring mah, hususna Dika jeung Sony, kuring ngahaja rada nyarek solat taraweh di masjid ari lain bapana nu jadi imam. Maranehna sina solat di imah wae, sina piligenti diajar jaradi imam. Kuring ngamamum bari enggeusna sok ngomentaran sarta menerkeun bacaan anu salah atawa kurang jelas dibaca ku maranehna. Hasilna? Alhamdulillah kiwari barudak kuring anu dua geus biasa jadi imam. Mudah-mudahan Alloh ngaridoan kana cara kuring ngadidik barudak. Oge muga-muga Alloh ngahampura kalakuan kuring keur budak.

March 19, 2009

BEJA KEUR EMA DI KALANGGENGAN

Filed under: PANINEUNGAN

Wilujeng wengi Ema, kumaha damang?
Ieu kuring nyaring tengah peuting, bet jorojoy emut ka ema. Tapi ka mana
atuh milarina? Iwal ti ceurik na pangsujudan munajat ka nu Maha Agung
mugi Ema aya dina rahmat Anjeunna.

Duh Ema, ieu hate bet teu kuat hayang tepung, asa cikeneh Ema teh jumeneng
asa cikeneh urang teh ngaronce kembang eros jeung malati pelak ema nu tara
liren kembangan, bari calik ngahariring dina bangbarung, ngarumbay tineung.
Atuh lamun pareng caang bulan, Ema sok ngahaja ngamandian abdi ku cai
kembang. Pajar teh ambeh gede milik cenah, ambeh seungit siga kembang.
Dasar bolon, abdi teh nurut we dikua kieu ku ema teh, malah atoh we nu aya,
nyoo cai bari ningali bulan. Anehna teh naha teu lebet anginnya Ma?

ayang

Ema, emut henteu basa pasosonten abdi ngarenghik hoyong lele?
Katingal Ema siga nu bingung, enya atuda lele ti mana da Ema mah
teu gaduh balong. Miwarang emang sina nguseup ka susukan,
emang kalahka bendu. Saurna teh, ” Tong diogo teuing Ma,
Si Nyai teh! Bisi unggah adat!Barina oge usum caah kieu rek nguseup
lele kumaha!” Harita Ema calik teu ngawaler, panangan anteng ngusapan
sirah abdi nu keur ceurik na dada Ema. Diupah-apeh, diolo teu daek repeh
nepi ka reupna dina pangkonan ema.

Enjing-enjing ema ngaguyah-guyah abdi nu tibra keneh. Ema ngharewos
ditompokkeun kana cepil, saur ema teh, ” Nyai, gugah geulis, itu tingali
di buruan aya naon” Abdi nguliat bari rucang - riceung lulungu teras
ditungtun ku ema diajak ka buruan. Manawi teh aya naon, singhoreng
aya lele ageung ampir sami sareng leungeun abdi, ngagoler di buruan
handapeun tangkal manalika. Sigana lele kacandak caah ti balong
Mang Saman, da wengina hujan meni ngagebret pisan.

Abdi teu sirikna ajrag-ajragan bawaning ku atoh, atuh pameunteu ema
katingal marahmay. Si lele ku ema dipeuncit, diberesihan dibungbuan
uyah koneng, jahe, bawang bodas sareng katuncar teras digoreng,
seungitna angin-anginan.

Eta deuih ema, emut keneh henteu basa abdi pasea sareng Nyi Imas?
Muhun harita teh ema nuju ngider icalan kopi ka lembur tonggoheun
lembur urang tea gening ma, abdi ku ema diwiatkeun ka uwa.
Tah harita teh abdi nuju anteng anjang-anjangan dina golodog
torojol Nyi Imas putra uwa, ngajak ulin sasalimpetan. Ari abdi alim,
na ana gubrag teh dadagangan abdi dibeubeutkeun tangka patulayah.
Puguh atuh abdi ambek, der pasea teras garelut. Sirah abdi didagorkeun
kana pago. Dina pago aya bedog mintul, habek eta bedog ku abdi
ditakolkeun kana tarang Nyi Imas. Uluh gening sanajan bedog mintul, ari
ditakolkeun kana tarang mah teu burung jontowor.

Abdi harita reuwas kacida ningali Nyi Imas kakawawakan bari getih
ulaweran tina tarangna, uwa tangka tibuburanjat. Ngarawu Nyi Imas,
bari langsung dicandak ka Mantri Eman. Cenah mah disuntik sagala
ku Mantri Eman teh. Ari abdi da sieun tea, teras nyumput di kolong.
Dugi ka wanci magrib abdi teu kaluar-luar. Abdi terang harita ema
kokotetengan milari abdi. Kitu deui emang. Ari uwa sanes milarian,
kalahka kukulutus bae, bari pok na teh ” Bangkawarah pisan
Si Nyai teh Ma, antep wae tong diteangan, keun sina dilebok tetelo!
Bongan harak ka Si Nyimas!”

Ema, sigana lamun Si Burik hayam kadeudeuh abdi, teu gagarapakan mah,
abdi teh moal kapendak ku ema. Jongjon wae meureun nyumput di kolong.
Si Burik gagarapakan bari teu eureun kokotak, atuh ema lunga-lengo ka kolong,
nyampak aya abdi keur murungkut. Abdi teu sirikna dirawu dipangku,
digalentoran ku ema bari nangis. Tos kitu teras dipangku ka jamban diibakan.
Beres ibak, diacukan, dicalikeun dina korsi bari diwurukan ku ema su
paya ulah deui-deui pasea. ” Kudu nyaah ka dulur!” Kitu saur ema teh
bari teu weleh ngusapan deudeuh pisan.

Duh Ema, sakumaha abdi bangor, gening ema mah tetep deudeuh mikaasih.
Atuh ti harita abdi tara dikantunkeun deui ku ema. Abdi sok dicandak ngider
dagang kopi ngurilingan lembur. Uihna sok nyimpang heula ka Babah Kicu
balanja kopi sangrayeun. Ari Si Babah, gaduh budak lalaki saluhureun abdi,
Si Atam namina. Sok ulungah-elengeh bae mun pareng pasangrok teh, ih
sumpah abdi mah cua ka manehna teh padahal naon dosana Atam nya Ma?.
( Lajengkeuneun………..)

April 24, 2008

KAULINAN KEUR BUDAK

Filed under: PANINEUNGAN

Lamun urang leukeun nitenan kaulinan barudak jaman kiwari,
hate teh sok asa hariwang. malah sakapeung mah make jorojoy
aya rasa karunya. Enya atuda teu kitu kumaha barudak ayeuna mah
teu bisa ulin di alam bebas jiga jaman kuring baheula keur budak
Lahan pangulinanana oge geus jarang aya da dipake bangunan.
Atuh imah-imah meni hareurin pisan ayeuna mah teu baroga buruan.
Tatangkalan geus ditaluaran, susukan geus kalotor da caina pacampur
jeung limbah pabrik. Leuwi geus loba nu di urug,
Deudeuh teuing anaking, dunya hidep kiwari geus ditalikung ku polusi.

Jaman kuring keur budak, mun pere sakola teh sok cicing di imah nini.
Da eta resep rea batur ulin jeung rea kaulinanana. Bangsaning : galah jidar,
gobak sodor, sorodot gaplok, gatrik, congklak, huhuian, perang gobang,
maen kaleci, maen karet, ngadu jangkrik, slep dur, waahh ditataan hiji-hiji-
mah loba pisan. Ari kuring mah keur budak teh karesepna kana anjang-anjangan.
Pagawean teh nyieunan oorokan tina sesebitan. Leungeunna ku nyere,
keur bubuukanana sok ngahaja neangan bola kusut atawa rambut nini
nu marurag. Da nini mah sok leukeun mun meresan teh rambutna sok
dikumpulkeun, keur sobrah pajar teh. Geus kitu tuluy nyieun babajuanana
alus di reka-reka, komo mun pareng aya renda mah. Eta kabeh dijieun
ku sorangan, dirancang ku sorangan. Teu bisa meuli jiga ayeuna, da jeung
euweuh deuih keur meulina. Mun teu anjang-anjangan, nya dadagangan.
Karesep teh dagang lotek. Suukna teh tina taneuh Ih da asa enya we
jadi tukang lotek. Dibeulianana teh ku daun kembang sapatu minangka
duduitanana.

Geus dadagangan biasana mah dituluykeun kan hahajatan.
Tempatna teh di pos ronda. Hajatna biasa kakawinan. Kuring mah
tara daek jadi panganten, kitu we sok jadi sutradara anehna teh deuih
diturut we sagala omongan kuring ku babaturan, eta meureun pedah ti kota.
Nu jadi panganten biasana mah Nyi Wiwi incuna Ma Iti dikawinkeun
ka Jang Wahli anak Wa Endon.

Nyi Wiwi didangdanan make makuta nu dijieun tina daun sawo,
minangka sigerna, tuluy dipasieup ku kembang sawo beunang ngaronce.
Pipina diwedakan ku siki kembang tarompet, biwirna dibeureuman
ku babasaran. Puguh we pipi meni camohok ari biwir burahay beureum
badis we kedok bali. Tapi teu kitu keur Nyi Wiwi mah, asa geulis we
da panganten. Ari Jang Wahli mah teu loba direka, cukup dibeubeuran
jeung dikopeahan we, anu sarua dijieunna tina daun sawo.
Juru riasna Si Ilat anak Bu Haji Halimah.

Geus didangdanan duanana direndengkeun rek dirapalan.
Nu jadi lebena Si Agus. Beres dirapalan tuluy disawer, sindenna teh
Nyi Imas kapi lanceuk kuring. Beres nyawer tuluy tatanggapan.
Aya serimpi, aya wayang. Tah palebah nyerimpi mah bagean kuring.
Da urang lembur mah arang langka nu bisaeun tari serimpi.
Ari ngawayang dalangna teh Si Uus, wayangna dijieun tina daun sampeu
atawa jarami. Matak dedengeun mun Si Uus keur ngadalang, komo lebah
ngabojegkeun Si Cepot mah, nu lalajo tangka cacalakatakan.

Wanci asar biasana barudak dibuburak Ku Wa Tayubi.
Dititah buru-buru baralik ka imah tuluy marandi ka pancuran
ngarah buru-buru indit ka tajug ngaderes quran. Kuring mah
tara milu ka tajug da sieun ku Wa Tayubi nu dedegenana perenges hideung
matak sawan budak. Kuring mah sok ngaji we jeung nini di pangkeng.
Ngaji nepi ka bedug magrib. Bada magrib mun pareng caang bulan,
barudak teh sok arulin deui diburuan arucing sumput.
Palebah ucing sumput mah tara milu da dicarek ku nini, basana teh
” Cicing nyai mah di dieu ulah milu liar ti peuting bisi dirawu kelong”

Aya nu teu ngarti ku polah nini. Lamun pareng caang bulan,
kuring sok dimandian dina golodog. Dimandian ku cai kembang tujuh
rupa meunang mipit nini ti buruan. Teuing naon maksud nini kitu peta
Teh da kadenge nini sok gegerenyeman sorangan. Nu kainget kieu nu
digerenyemkeunana the: “ Sing mulus ra ,rahayu berkah salamet.
Jadi budak soleh, luhur darajatna, deukeut jodona, parek rejekina,
luhur elmuna, luhur ahlakna, jeung jauh balaina.”. Kitu cenah ceuk nini teh.
Ari kuring, dimandian the atoh we nu aya.Malah sokCecengiran sagala
bari sidengdang jeung ucang-ucangan.

Kumaha maunatna tah gerenyem nini teh? Nya palebah deukeut jodona mah
memang enya, da barang lulus ti SPG oge kuring mah geus aya nu ngalamar.
Atuh urusan parek rejeki, nya alhamdulilah sanajan kuring jeung jeung salaki
hirup ngan saukur jadi guru, tapi teu ripuh-ripuh teuing. Ngan palebah jadi
budak soleh, tah duka teuing lebah dinya mah. Enya da apan ari soleh mah
lain ceuk sorangan tapi kudu ceuk batur.

Balik deui kana kaulinan. Lamun teu dadagangan, barudak teh sok ngabring ka susukan atawa ka leuwi ngadon mandi. Jalanna mapay pasawahan. Anu sawareh mah eta sawah teh aya nu dipelakan hui, bonteng, bangkuang jeung kacang panjang. Ngarana budak, teu sugema mun leumpang bari teu ruwal rawel teh. Tah bari leumpang kuring sabatur-batur sok bari metik bonteng atawa kacang panjang. Kalan-kalan ngala hui boled atawa bangkuang. Kitu ge mun pareng nu bogana keur bongoh, da ari aya mah teu wararani teuing.

Ari nu boga kebon jeung sawah, ngaranna Mang Sukadis. Galak alah batan maung keur anakan.
Awakna perenges, pakulitan hideung lestreng, sieun kuring mah kunu model kitu teh. Kungsi hiji waktu mah kuring sabatur-batur kaperego keur ngala bangkuang. Teuing ti mana jolna da ujug-ujug belewer aya batu, untungna teh teu keuna. Singhoreng Mang Sukadis keur ngabedega we deukeut imahna. Untungna teh, antara kebon hui jeung imahna rada anggang. Imah Mang Sukadis mah ayana di tengah sawah. Atuh waktu Mang Sukadis gagarawakan , barudak mah teu ieuh sieun. Kalah hayoh marorosotkeun calana tuluy ting parorete naronggengan ka Mang Sukadis ( Alhamdulillah, lebah dieu mah sim uing teu kabawa sakaba-kaba he..he..he.. ) Atuh puguh Mang Sukadis beuki napsu. Manehna ngudag bari ngamang-ngamang bedog. Barudak birat lalumpatan muru leuwi bari areak-eakan.

Tepi ka leuwi, der nyarieun rakit tina gebog cau. Barudak awewe mah tuluy we rarakitan, ari barudak lalaki di baluligir,jleng laluncatan ka leuwi karokojayan bari ting karoceak. Mun teu di leuwi ngarojay teh sok disusukan. Resep teuteuleuman bari silanglang. Kuring oge sok resep papalidan di susukan anu caina canembrang herang. Malah hiji waktu mah kungsi kabawa palid sagala ku caah deng-deng. Sugan teh rek maot harita, laahh mun teu ditulungan ku Mang Uli tukang ngala lauk mah, jigana matak hanteu. Orokaya, ti harita kuring dicarek ku nini teu meunang ulin deui ka leuwi.

Kiwari sagalana kari waasna. Jaman keur budak geus lawas kaliwat. Deudeuh teuing barudak ayeuna mah, jigana hese rek boga pangalaman jiga kuring baheula. Da eta alamna oge apan geus beda. Alhamdulillah Gusti, abdi tos dipasihan lalakon hirup anu sakitu endahna.

March 19, 2008

OLEH-OLEH TI JAKARTA

Kamari poe Kemis tanggal 22 Juni, kuring sabatur-batur indit ka Jakarta. Lain rek
Ulin teu puguh tapi ngaping barudak. Hoream tadina mah, ngan kumaha atuh da kawengku ku tugas, piraku barudak indit ari kuring teu milu, meni euweuh tanggung jawab pisan. Nya tungtutungna milu we, padahal pagawean satambru. Poe eta teh kuring kudu milu rapat panitia di pemkot, kudu latihan kabaret, nyiapkeun tempat di pendopo keur acara poe Jumaah ngabagikeun piala kejuaraan, kudu nepungan kepala dinas keur matotoskeun acara jeung nyieun laporan presentasi keur bahan sidang pleno nyieun bahruteng sakola. Laaahhh ditataan hiji-hiji mah kalah ka lieur, mending milu ulin jeung barudak, lieur-lieur ge bisa-bisa seuri.

Indit ti sakola teh pukul 6.30 isuk-isuk, ari nu dijugjug nyaeta Dunia Fantasi tea, anu kakoncara jadi tempat kaulinan barudak. Tepi ka nu dijugjug kira-kira pukul 9.30. Leuh teu wudu rame pisan eta tempat teh. Malum jalma ti suklakna ti siklukna daratang ka tempat eta, da kabeneran bareng jeung poe tepung taun kota Jakarta.

Barang nepi oge, langsung mere wawaran ka barudak. Nya utamana mah perkara barudak kudu ati-ati diditu, malum atuh di lembur batur. Geus kitu bring we sarerea arindit ka tempat – tempat anu rek dianjangan sakarepna, sapangaresepna teu ieuh di atur-atur, pur we di abur sakahayangna.

Ari kuring, jeung Bu Cicin mah indit heula ka Mangga Dua da eta Ibu Kepsek hoyong dianteur heula balanja. Duuhhh meni rame geuning Mangga Dua teh, kuring mah kakara engeuh, da iraha teuing ngalanto kadinya, rumasa teu resep balanja, jadi teu nyaraho nu karitu, unggal ka Jakarta oge tara pareng lunta-lanto ka pusat perbelanjaan, rek naon ceuk pikiran teh da di Bandung oge loba, jeung enyana da sarua bae gening kitu-kitu keneh, malah asa alus pasar baru ayeuna ceuk kuring mah. Ngan teu kitu ari ceuk babaturan nu sok biasa balanja mah di Mangga Dua mah barangna aralus jeung marurah cenah. Aneh puguh oge padahal urang Jakarta sok ka barandung ari usum libur teh, cenah ngadon balanja da di Bandung mah marurah tur aralus. Lieur puguh ge mana nu bener!

Lah eta mah teu kudu dicaritakeun nya. Anu rek dicaritakeun mah pangalaman kuring sabatur-batur naek kora-kora. Kuring, Bu Dini, Bu Nia, Bu Popy, Pa Sutarmas tarumpak kora-kora, eta parahu anu di ayun tea gening. Nya eta atuh kalakuan teh kawas bolon make hayang tumpak nu kitu sagala, da et age barang naek geus ting cirihil, kadituna jejerewetan beuki lila gogoakan da meni asa paur pisan.Hate meni lelenyapan, tapi seuri babarakatakan nepi ka cipanonan jeung nyeri kulit beuteung! Eta atuda ningali Bu Nia jeung Bu Dini kalah ka peureum bari nyarande ka kuring, atuh puguh awak teh kapencet, jaba begang kuring teh. Alhamdulillah akhirna mah saralamet, barang geus turun teh kabeh reang ngaromong kieu “ Emh.. nuhun Gusti, abdi sadaya teu cios paraeh ngelel!”






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer