January 25, 2006
CIKA-CIKA
Filed under: Puisi Ku
Cika-cika tingkaretip di buruan
keur budak mah, kuring sok keueung
sabab ceuk nini
eta teh kuku jurig ti jarian
Cika-cika ting karetip na hate kuring
ulah sieun ceuk nini
eta teh batur, keur nyaangan batin urang
Comments (0)
ANJEUN
Filed under: Puisi Ku
Basa kuring balik burit
Anjeun teu loba carita
bangun surti
Basa kuring wakca
Anjeun teu loba tatanya
ukur kemba
tapi kuring surti
dina dada anjeun aya nu ngagalura
basa kuring wakca nyarita
aya sakura di Osaka
nu panggih di dunya maya
Hampura , rumasa kuring rumasa
rumasa geus katalimbeng rasa
tapi palias
kuring moal rek midua
ngan anjeun pamageuh rasa
ANJEUN
Anjeun lir balebat, nu datang sok sajorelat
Teuing ti mana anjeun asalna, sarta di mana anjeun ayana
Naha di cakrawala megantara di mayapada, atawa di buana
Niskalawastukancana?
Duh, teuing kumaha anjeun teh jirimna, naha jiga Arjuna
Bima atawa Roby Sugara? Palias jiga Rahwana! Ah nu jelas
anjeun cicing na hate kuring, lir angin ririh nu tingtrim
Ngadalingding, nyambuangkeun seungit kembang. Malati
jeung sedep malem nu ligar di pakarangan, pakarangan
hate kuring.