Lembur Kuring Karang Pamidangan

June 1, 2009

BABALAGONJANGAN

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

SINETRON

Adul : Lain euy dideuleu-deuleu ku urang, sinetron dina televisi teh asa ngacapruk teu puguh
Amin : Ngacapruk kumaha?
Adul : Heueuh eta gera tina jeujeur carita rumah tangga tuluy kana percintaan bet los kana jurig
Amin : Ari maneh, apan eta teh hiji ciri yen jelema jaman ayeuna mah , komo sabangsaning sutradara
produser, jeung artis,geus barosen jadi jelema. maranehna harayang jadi jurig.
Adul : Baruk kutan kitu nya? ari nu lalajona jiga uing?
Amin : Haarrr, pan maneh mah geus ti baheula jiga jurigna.
Adul : Si Sedul, dipepeg siah ku urang!

KAPAL UDARA , ANGKOT JEUNG KARETA API

Ucin : Ari kapal udara jeung kareta api gancangan mana?
Ado : Nya kareta api atuh
Ucin : Har naha?
Ado : Kareta api mah diganda lumpat bari ngorondang sakitu gancangna
komo mun bari nangtung.
Ucin : bener oge nya
Ado : Lamun aya angkot tabrakan jeung kareta api, saha tah nu salah
Ucin : Nya angkot atuh, da kareta api mah geus boga jalan sorangan
Ado : Ih nya nu nyaritana atuh nu salah mah. Geus puguh kareta api mah boga jalan sorangan
der dicaritakeun tabrakan jeung angkot.
Ucin : Ari maneh eling henteu? bet asa pabaliut kieu ngomong jeung maneh mah!

SI KABAYAN JEUNG BANG TOGAR

Hiji poe Si Kabayan pareng jalan-jalan ka Pasar baru kana beus kota. Naekna ti Cibeureum.
Ku kabeneran atuh dina jero beus teh diuk ngarendeng jeung Bang Togar anu sarua rek ka Pasar baru.
Barang beus mimiti maju, pok Si Kabayan ngagerenyem ‘ Bismillah…..’ cenah
Na ana pok teh Bang Togar gigireun nembalan ‘ Bukan bismillah ini mah bis kota!’
Si Kabayan ukur muncereng tapi teu ngajawab.

Palebah Gardujati, ger teh hujan gede naker jiga nu dicicikeun ti langit dibarung ku gelap dor-dar
atuh garawak Bang Togar ngagarawak ‘ Haleluyaaa..’ cenah. Na ana pok teh Si Kabayan teu eleh
ngagorowok. Lain haleluya nu kitu mah tapi Halilintar!
Hag siah bet teu nyarambung nya carita teh!

November 18, 2008

KABAYAN DINA CARITA

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

Carita 1

WARTA HA…HA…HA…

Si kabayan kakara datang ti Jepang. Di Jepangna teh manehna
tas ngayakeun panalungtikan ngeunaan pertanian. Datang ka lemburna
tuluy ngayakeun ceramah di hareupeun para patani. Ari ceramahna teh
ku basa Jepang anu ditarjamahkeun ku Si Ibro.

Kabayan : Toshiba to kawasaki, watakushi, wa nipondenso no mitsubishi
fuso desu neh……

Si Ibro : Bapa-bapa jeung aki-aki. Kuring kakara datang ti Jepang, ayeuna
didieu rek ngayakeun ceramah ngeunaan hama fuso…..”

Kabayan : Chotto mitte Tohatsu to Komatu, Are wa Teijin Tetoron Colt mini.

Si Ibro : Kudu diconto Si Toha jeung Si Komar. Tadina rajin melak pare
ayeuna ganti melak engkol”

Kabayan : Sanyo Fuji Color National Gobel…!

Si Ibro : Lamun halodo, nyebor kudu make Sanyo, ulah poho dikolor ambeh
henteu gubal- gabel….!

Hadirin surak ayeuh-ayeuhan…………

CARITA 2

Si Kabayan nelepon redaksi mangle, maksudna rek ngirim naskah

Kabayan : Sareng redaksi Mangle?

Redaksi : Leres

Kabayan : Tiasa kitu ngintunkeun carita nyambung
tina telepon?

Redaksi : Maksadna?

Kabayan : Sumuhun abdi macakeun carios nyambung
tina telepon, saderek anu ngetikna ti dinya.

Redaksi tangka buncelik bakat ku ambek!

CARITA 3

NGAPALKEUN

Iteung : Teu rido siah aing mah! Ayeuna keneh gancang
anteurkeun ka abah reujeung ka ambu!

Kabayan ( reuwas ) : Kunaon sia teh Iteung teu pupuguh?

Iteung ( ngabelehem ) : Keur ngapalkeun piomongeun, bisi kajadian
abdi dicandung ku akang”

CARITA 3

NYANDU

Nyi Iteung : Cik atuh Kang, carek tukang ngarang teh
ulah ngaromongkeun urang wae kituh!

Kabayan : Moal bisa, Teung…. maranehna geus nyandu
kana ngomongkeun urang.

Diropea tina Mangle

October 31, 2008

TEUNGTEUINGEUN

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

Kusmin jeung Aman keur diuk paduduaan di pos ronda

Kusmin : Teungteuingeun aing mah euy!
Aman : Baku maneh mah ari geus humandeuar teh, teungteuingeun kunaon?
Kusmin : Heueuh ku nasib diri, boga rupa teh urang mah teu galib jeung batur. Irung nambru,
panon bolotot. Pantes Si Tuti rek teu bogoheun ge ka urang
Aman : Gagabah ngomong teh! Ceuk saha Si Tuti teu bogoheun ka Ente?
Kusmin : ( curinghak bungah ) Nu bener euy? Naon buktina Si Tuti bogoh ka urang?
Aman : Eta we Si Tuti sok kadenge hahariringan lagu Darso. Kieu cenah
” Boga kabogoh jauh, keur jauh teh goreng patut ………” ( teu dituluykeun da
kaburu ditenggor ku Si Kusmin )

Karunya ku Ahcong urang Taiwan nu hayang jadi warga nagara Indonesia
manehna hayang pisan nganjrek di tanah Sunda. Nya ku Pa RW teh di tes
Teu pira ukur di tes sila ka hiji pancasila.

Pa RW : Cikan Cong naon ari sila kahiji
Ahcong : Tuhan Solangan Bae…..
Pa RW : Haarrr……na bet kitu?
Dijawab ku sekretaris RW : Eta panginten Pa, maksadna mah Ketuhanan Yang Mahaesa:
Pa RW : Kitu jigana mah, ah mending ngapalkeun heula we nu bener Cong!
Ke di tes deui. Ceuk Pa RW bari ngaleon, Ahcong tiba olohok! Deudeuh!

September 9, 2008

CARTIBAG HA…HI…HU…HEU..HEU…..

Filed under: REUMBEUY BANDUNG

Bagian 1

Nyaba Ka Jakarta

Akang hayang jalan-jalan, nya nyaba ka Jakarta ka Mang Jaja baraya akang.
Ka Jakartana kana kandaraan panjang. Sajajalan akang nyawang pamandangan alam.
Pasawahan marakbak matak waas, matak kagagas. Na..ana baranyay aya kalangkang
randa anyar na bayangan akang. Bayangan kawas kalakay kakalayakan.
Akang kabandang, akang kasmaran , dayagdag akang ngadayagdag na papan panjang.

Bada Asar akang datang ka Jakarta. Nyampak aya Mang Jaja dadapangan na palang dada.
Asa-asa akang nanya. ” Mang Jaja damang?” tanya akang
” Jag-jag Jang!” jawab Mang Jaja.
Akang ngawas-ngawas Mang Jaja. Rarasaan akang, Mang Jaja asa hayang katangar
dadapangan na palang dada sagala.

Mang Jaja baraya akang, anak Bah Atma. Bah Atma nyaah ka akang,
matak ka Bah Atma mah akang asa ka bapa. Hanjakal Mang Jaja can apal
saha-sahana akang. Walah jam salapan nya,akang asa lapar.
Ah calawak saja ka Mang Jaja yah…
” Mang, akang hayang dahar” lah-lahan akang ka Mang Jaja.
” Tah, hayang dahar mah aya nangka atah” jawab Mang Jaja.
” Haar. na dahar nangka atah?” tanya akang
” Apan hayang dahar, nya da ayana nangka atah, nya saaya-aya alakadarna,
wayahna hakan” Mang Jaja rada nyangangang.
Akang panasaran, asa can ngajran dahar nangka atah. Ah da lapar am akang
dahar nangka atah. Barang am, asa aya kadaharan malang na padaharan.
Akang calangap. Karasa nagka atah ngagalak sak nyasar awak. Ah…ah.
..akang payah.
” Haram jadah Mang Jaja, dasar Mang Jaja bangkawarah. Apan bahaya
dahar nangka atah mah. Akang ngadapang na ranjang, padaharan asa karancang,
tarang panas, awak asa ngalayang.

Ah…hayang bagja jalan-jalan ka Jakarta kalah nalangsa.Asa kakara aya baraya
kawas Mang Jaja , anak nganjang kalah maraban nangka atah.

Panyangka akang mah Mang Jaja nyaah ka akang kawas Bah Atma.
Akang nyalahan. Mang Jaja kawasna can sawawa, can apal saha baraya,
can apal saha akang. Matak akang sabar da kapan ka baraya.
Da akang mah nyaah ka Mang Jaja sanajan Mang Jaja harak ka akang.
Cag aha, jangar!

BAGIAN 2

NYI ITI

Ih Nyi Iti kiih di pipir Nini Icih, nyirilik wiss…wiss…..wisss. Nini Ici bijil ti pipir
Ti mimiti Nyi Iti kiih di pipir, Nini Ici nyidik-nyidik, nilik-nilik Nyi iti. Ti gigir
Bi Wiwi nyikikik. Hi.hi..hi…Nyi Iti kiih di pipir…hi..hi..hi
Nyi Iti isin,ih Bi Wiwi….Iti isin.

BAGIAN 3

NUNU

Uluh..uluh Nunu nuju mubuy suung. Bujur Nunu budug. Nunu bubulucun
muru guru-guru nu ngudud surutu. Guru-guru murukusunu tuluy muru
Nunu nu nguluwut.

Nurustunjung Nunu! Guru-guru kukulutus. Nunu murungkut, bru rubuh
burudul ulu-ulu nulung Nunu. Tulung…tulung Nunu lulungu, Nunu lulungu!
Ulu-ulu ngurus Nunu nu ngudupruk.

Brul guru-guru nyusul Nunu nu ngudupruk. Bu Ucu, Bu Yuyun, Bu Lulu
tug Bu Juju muru Nunu nu ngudupung. ” Uluh-uluh Nunu lulungu?”
” Nunu nu budug bujur rubuh ku lulungu? Nurustunjung!” Bu Ucu kukulutus
Nunu nyuuh tuluy murungkut, ” Pundut umur, pundut umur!’ Nunu mundut pupus.
Subuh-subuh, Nunu pupus, guru-guru nu nurustunjung wungkul nu ngubur Nunu.
Muhun Nunu, Nunu culun nu budug bujur pupus. Sumuhuuuunnnnn Nuunnn.






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer